Iseng ahh....
 
 
 

Si Borontox
Pasosore mangsa keur girimis hujan, dipipir paranje aya dua hayam keur
karojom. Si rintit jeung si borontox. Disebut si rintit soteh pedah
buluna kawas meunang ngabonding, kitu deui siborontox buluna totol totol
karenge rengean, teuing ngarah ka saha da indung bapana mah teu borontox
borontox acan. Ngan numutkeun gosip nu sumebar, emana si borontox kungsi
aya affairs jeung si jago nu ngeusian paranje sabeulah. Abong hayam!
 
Sirintit teh hayam bikang anu keur meujeuhna pelem dibabakak, ari si
borontox mah duka jago duka bikang, da dedeg pangadegna jeung jawerna
mah enya jiga bikang tapi dina rengkak paripolahna kawas hayam jago.
Geura meh pasti  wang tingali bujurna. Enya we geuning bikang, da waktu
ditiup bujurna langsung ngajawab "Muhun...muhun!" Ieu meureun nu disebut
hayam tomboy teh, hayam bikang, tapi kalakuan jalu banget.
 
Bari nungguan hujan raat, der maranehna ngobrol, teuing keur ngobrolkeun
naon, da make bahasa hayam. Coba geura wang pasang detektor bahasa
hayamna, meh kanyahoan naon nu keur diobrolkeunana.
"Uing mah bosen euy, unggal poe diparab huut ngebul teh!" Sirintit
mimiti ngangluh.
"Heueuh nya...ceuk urang mah cik atuh dunungan teh sakali kali mah mere
sangu ngebul pleus gepuk atawa pais gurame, meureun tada teuing
ni'matna!" si borontox ngalokan.
"Karunya mah si denok euy, teu kaur endogan, meus meus dicokot ku
dununganana, teu sirikna di tungguan tina bujurna. Sihoreng matak kitu
ge, dununganana keur anyar pangantenan, unggal poe kudu ngaloklok
endog!" sirintit mimiti ngagosip.
"Keun wae da sipat jalma mah sok aya sipat sarakahna. Lain euy aya beja
maneh sok ulin kapipir kampus?"
"Heueuh ka aing teh ngareken hayam kampus we nya!"
"Keun wae pan urang mah hayam, wajar mun gunta ganti jalu, dikaleng ku
itu dikaleng ku ieu!"
"Sabenerna mah, jujur euy, basa silaing dikaleng ku si pelung, hate
dewek teh ngaheab pisan!"
"Jadi silaing timburu tur aya sir kadua leutik ka si pelung?"
"Lain kitu...pan samemeh ngaleng silaing, sipelung teh kungsi mondok
moek jeung dewek!"
"Baruk! Paingan beda! urut maneh mah. Tapi keun wae pan urang mah
hayam.Wajar mun jalu maneh jalu urang oge! Ngan meureun nu teu wajar mah
mun urang silih kaleng,silih galentoran, anu sarua papada hayam bikang.
Hayam lesbian kasebutna!" 
"Ari ayeuna kojom dipipir paranje,lain keur lesbian kitu?"
"Nya kuma silaing we, mun bari jeung otel meureun nya heueuh. Lain euy
ari maneh geus ngadenge omongan dunungan?"
"Omongan nu mana?"
"Eta pajarkeun teh, hayang teuing bakakak hayam!"
"Heueuh dewek ge geus nyaho, mana dunungan teh sok nyetel wae lagu
"andai ku tahu" uing mah sangheuk paeh ayeuna ayeuna, wayahna maneh
heula nya nu dibakakak teh!"
"Tuh nya sok pinter kodek, puguh uing mah karek cieung cieung tas
kaserang flu burung , jadi nu pantes dibabakak mah,nya silaing!"
"Nya maneh!"
"Silaing!"
"Maneh!"
"Silaing!"
"Maneh heula da bageur!"
"Silaing heula da geulis!"
"Maneh heula!"
"Silaing heula!"
"Teuing ah, anggur mah nek ulin deui kapipir kampus!"
"Huuhhh....dasar hayam kampus!"*****syam ridwan******
 
 
 

 

Kirim email ke