Kang Gibson, kumaha upama kieu we atuh. Upama ku
kuring dijieun diagramna, tah bagean Kang Gibson
ngeusianana. Sabab rumasa kuring can bisa ngeusianana.
Misalna kieu: upama tungtung beulah kenca
ngagambarkeun Budaya Sunda, tungtung beulah katuhu mah
ngagambarkeun budaya Arab. Tah ditengah-tengahna
Islam. Cing pangeusiankeun, naon wae anu kaasup
meleg-meleg budaya Sunda, meleg-meleg budaya Arab,
jeung nu universal ngancik di Arab oge di Sunda. Jadi
upama garisna nuju ka kenca, bakal leuwih deukut ka
budaya Sunda. Upama nuju ka beulah katuhu, leuwih
deukut ka budaya Arab.

Diagramna kirakira kieu:

    +-----------------+-----------------+
Budaya Sunda      I s l a m        Budaya Arab
............      .........        ...........



-:MH  

--- kang_gibson <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> --- In kisunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> Sampurasun.........
> Aduh kang, kalintang sesah ngajelaskeun bedana
> antara agama jeung
> kabudayaan teh; margi numutkeun pamadegan sim kuring
> mah eksistensi
> agama & kabudayaan teh lir ibarat dua sisi koin; teu
> bisa dipisah
> bedakeun sacara sederhana.
> Ieu mah sakadar maksakeun karep pikeun ngabedakeun
> antara kabudayaan
> jeung agama:
> 
> Naon bedana agama jeung budaya (oge naha beda atawa
> hentu)? Jawaban
> naon wae oge anu diajukeun can tangtu bisa sapuk
> sapamadegan
> (debatable). Kusabab kitu, jawabab sim kuring
> sakadar hiji tina rebuan
> atawa jutaan jawaban anu beda.
> 
> I. Agama
> Agama bisa ditilik tina dua sisi:
> 1.agama sabage pangalaman spiritual
> (religious/spiritual experience);
> nyaeta mangrupa respons jalma kana "penampakkan"
> realitas Ilahiyah. 
> 2.Agama sebagai sistem ajaran & moral kahirupan
> individu. Boh dina
> kahirupan bermasyarakat atawa hubungan dirina jeung
> pangeranna.
> 
> Aspek anu kahiji (1) mangrupa pangalaman subjektif
> anu jadi modal
> utama & dasar hiji individu naha percaya atawa
> hentena ka pangeran.
> Hiji hal anu dina agama (Islam khususna) dikenal
> sabage pangalaman
> "iman". Hiji pangalaman bathini anu sifatna
> individual.
> 
> Aspek kadua :
> a.Mangrupa konsekwensi tina anu kahiji, agama sabage
> pangalaman
> spiritual, dina wujud anu kongkrit.
> b.Wujud anu kongkrit; mangrupa "tuntunan sistemtis"
> anu di-"ajarkan"
> pangeran ka utusanana pikeun dijalankeun/diturut ku
> sakabeh jalma anu
> ngalaman aspek kahiji (1), anu ngarasa yen aya
> "kasaragaman" antara
> pangalaman bathin dirina jeung jalma anu yakini
> sabage utusan pangrean
> tadi.
> <=> dina agama hubungan timbal balik anu sinergis
> (naonnya bhs.
> Sundana) antara manusa jeung Pangeran. Sedengkeun
> hubungan jeung
> sasama manusia kaasup hubungan manusa jeung alam
> lingkungan mangrupa
> konsekwensi tina hunbugan individu manusia jeung
> Pangeranna.
> 
> II. Kabudayaan
> Kabudayaan mangrupa respon manusia ka alam jeung
> dirina sorangan.
> Kumaha cara-carana jeung strategi manusia dina
> ngokolakeun jeung
> ngalakkukeun hubungan silaturahmi jeung alam. Teu
> jarang dina proses
> hubungan antara manusia jeung dirina tur jeung alam
> muncul kadaran anu
> sifatna spiritual. Kusabab kitu sabenerna antara
> agama jeung
> kabudayaan raket pisan. Dalah dina laku-lampah
> kaagamaan oge loba
> ngandung unsur-unsur kabudayaan, nyakitu oge dina
> proses lahirna
> kabudayaan teu kurang-kurang ngalibatkeun
> unsur-unsur kabudayaan.
> 
> III. Hubungan antara Agama Jeung Kabudayaan
> Sapertos disebatkeun di luhur, aya hubungan anu
> raket pisan antara
> agama jeung kabudayaan. Agama tanpa kabudayaan bakal
> kaleungitan
> nuansa eksprisi kaagamaan manusa anu asali.
> Sedengkeun kabudayaan
> tanpa agama bakal kaleungitan aspek "kedalaman"-na.
> 
> Baktos abdi,
> 
> AG. /Bdg.
> 
> 
> > Kang Gibson, ieu mah lain rek ngajawab, da kuring 
> mah
> > terus terang kurang apal. Supaya dongengna rada
> > kaharti ku nu awam (jiga kuring), kuring aya
> pananya:
> > naha faktor naon wae nu bisa dijadikeun pangbeda
> > antara agama jeung budaya? Jigana kujalan
> nangtukeun
> > faktor-faktor eta, jigana rada katoong tah neangan
> > pijawabeun pananya di luhur teh.
> > 
> > -MH


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


        
                
__________________________________ 
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 
http://mail.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke