Sampurasun,
Urang Sunda rea kakurangan? Enya loba, tapi bangsa mana anu teu boga
kakurang? Tapi kan iwal ti boga kakurang teh urang oge boga kaleuwih,
atawa teu disebut kaleuwih oge, sebut bae yen urang oge boga anu
alusna. Tah, kumaha lamun urang mimiti laju tina anu alusna, keun bae
teu rea oge.... Contona "handap asor", kumaha lamun karakter handap
asor teh jadi salah sahiji modal pikeun Urang Sunda dina ngalanglang
dunia anu leuwih lega....... Sabab, lamun ku-US-na sorangan ngarasa
eta karakter teh dianggap hahalang (negatif), kumaha ceuk batur?!
Urang Jawa dikenal (tur dijadikeun modal) ku etos politik jeung
solidaritasna, atuh urang dikenal ku handap asorna...... Pan kiwari
masyarakt teh geus teu percana kana omongan politikus kusabab siga anu
heueuh...... Tah...eta teh kasempetan pikeun politikus Sunda pikeun
negeskeun yen US bisa leuwih dipercaya... sabab handap asorna.

Keun ari soal negatifna US mah....., rasiah dapur anu kudu diteang
piubareunana, lain pikeun diobral di sisi jalan.... Goreng kasebutna
muka-muka aib sorangan, da didagangkeun oge moal aya anu meuli...

AG./bdg.


--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang MH,
> 
> Puguh masih keneh mulikbek dina wacana anu eta2 keneh. Hajakal! Ngan,
> najan kumaha bae oge, kuring nempo aya kamajuan. Ari baheula mah apan
> US teh sok ngarasa PANG- na weh, sanajan kanyataanana tibalik oge.
> 
> Mudah2an ieu teh upaya anu alus sangkan urang kenal heula kana diri
> sorangan. Da moal bisa nyieun strategi atuh lamun urang teu nyaho kana
> diri sorangan. Rek nyeiunstrategi teh apan kudu dikanyahokeun: saha,
> di mana, jeung kumaha na.
> 
> DIna lebah SAHA na, urang masih keneh ripuh. Contona?
> 
> Tingali we sajarah. Tradisi urang meh teu dianggap. Dihindukeun jadi
> panghinduna, dijawakeun jadi pangjawana, diislamkeun jadi pangislamna?
> 
> Kacirina? Pek bae tengetan sadala aspek kahirupan jeung budaya Sunda!
> Campuraduk!!!
> 
> Lain... kuring mah lain puritan! Ngan ceuk pamikir kuring mah, US kudu
> boga cecekelan... tradisi kasundaan anu jadi milik pribadi US. Tong
> hayang NGIMPOR wae!
> 
> baktos,
> 
> Rahman
> 
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <khs579@> wrote:
> >
> > Kang RH,
> > Hehehe, satuju kuring oge ari kana pentingna perkara
> > introspeksi diri mah. Ngan aya hal sejen. Nu katinggal
> > dina warta koran, ampir salila 5 tahun, nu
> > dicaritakeun teh jiga eta-eta keneh. Ngulikbek dina
> > perkara, kakurangan jeung kakurangan we. Na rek iraha
> > mimiti ngarancang tarekahna. Kira-kira perlu sabaraha
> > lina nya, ngaberendelkeun SWOT teh. 
> > 
> > Cing kumaha ihtiarna kira-kira Kang RH?
> > 
> > (mh)
> > 
> > --- Rahman <rsyaifoel@> wrote:
> > 
> > > Kang MH,
> > > 
> > > Ari ceuk kuring mah AYA ALUSNA nulis siga kieu teh.
> > > Tujuan na?
> > > Introspeksi diri urang sorangan.
> > > 
> > > Jadi lain ngageugeuleuh sorangan. Ceuk kuring
> > > mah...Urang teh teu
> > > maju2 kusabab urang TEU APAL kana KARAKTER diri
> > > urang sorangan. Salah
> > > sahiji jalan KENAL kana jiwa urang soranga nya kudu
> > > NEMPO ka jero.
> > > Lamun dikritik ku batur mah apan sok ambek, nya
> > > mendngan nyieun kritik
> > > sorangan.
> > > 
> > > Lamun nengetan bangsa2 anu maju, kritik diri na
> > > kuat. Kadang2 nengetan
> > > na ge sok aneh! Tapi kusabab kitu maranehna geus
> > > boga kasadaran nu
> > > KUAT, sabab fondasina geus kairong.
> > > 
> > > Lamun tea mah geus tatohyan yen US teh TEU
> > > kompetitif...tah apan
> > > lengkah kadituna tinggal nyieun tarekah jeung
> > > ngakalan, kudu kumaha
> > > sangkan bangsa urang bisa ngabogaan sifat anu
> > > kompetitif tea.
> > > 
> > > Urang bandingkeun we dina raraga nyieun tim olah
> > > raga anu kuat... Laun
> > > tim hayang alus. Analisis heula... mana kakuatan
> > > jeung kalemahan
> > > urang. Ari ceuk kuring mah analisis dua sisi tea
> > > PERLU.
> > > 
> > > Meureun ketah...!
> > > 
> > > Baktos,
> > > Rahman
> > 
> > 
> > =====
> > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> > 
> > __________________________________________________
> > Do You Yahoo!?
> > Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> > http://mail.yahoo.com
> >
>






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke