--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Sual Kartini mah..teu patos merhartoskeun abdimah..., komo >bukunamah
tacan kantos maos abdimah.., nu terang teh basa kapungkur >we.., unggal
hari kartini di sakola ngaranggo kabaya...mung ayeuna >di milis sanesna
nuju dicarioskeun teh ceunah tulisanana siga nu >nganggap salah ajaran
agama Islam.
>

Kartini teh gaduh raka pameget, namina Kartono. Kartono teh nganjrek di
Bandung di daerah  Ciatel Bandung. Anjeunna kasohor jalmi linuwih
(paranormal). Ceuk beja mah, raka Kartini ieu rada "nyentrik" jeung
kantos cicing di nagari Walanda.

Seratan-seratan Kartini dina bukuna "Beak Poek, medal caang", ceuk
kuring mah pikiran "miheulaan jaman", malah ayeuna oge masih "miheulaan
jaman" keur urang Indonesia mah (nu ayeuna malah aya nu hayang balik
deui ka jaman baheula). Sigana alam pikiran Kartini, kapangaruhan
Tuan/Nyonya Walanda ieu. Teu aya nu salah umpami kapangaruhan, sabab
budaya hiji komunitas manusa tiasa majeng, umpami pacampur jeung budaya
manusa nu sejenna.

Kuring kungsi nonton film "Anna and The King" nu nyaritakeun, Bu Guru
Anna nu urang Inggris, jadi guru putra-putri Raja Muang Thai. Salah
saurang muridna teh akhirna jadi raja (Chulalongkorn). King
Chulanglongkorn ieu nu akhirna nu ngarobah/ngareformasi Thailand, jadi
nagara modern. 

Kartini, Moehammad Moesa, H. Hasan Mustapa, Soekarno, Hatta jrrd
sadayana oge kungsi deukeut jeung urang "Kulon". Ku cara mikir saperti
urang "kulon", Indonesia bisa merdeka, sabab lamun tetep make pikiran
asli mah, Walanda teh teu bisa "dielehkeun", padahal nu barontak mah
teu pirang-pirang.

Baktos,
WALUYA 







http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke