> komunikasi mah ngamenak cenah. Boa-boa Walanda jaman baheula meureun
> ngamenak oge tah. Cing pangdongengkeun, kumaha hubungan juragan jeung
> buruh di Walanda Kang?
> 

Kang MH,

Bener ceuk Kang Wly, anu meunang sakola jaman Walanda mah apan anak
menak wungkul. Jadi pantes mun kalakuannana ngamenak oge.

Budaya NL mah enya egaliter pisan. Malah kuring ge sok milu kaget...
guru2 sakola atawa dosen sok disebut ngaran hareup ku murid2 na. Oge
ka bapa atawa ka indung sok loba oge budak anu nyebut ngaran. Lain teu
sopan.. da memang kitu adat na.

Dina hubungan pagawean oge teu beda! Tong nyoba2 direktur boga
kalakuan nulakcangkeng dina irung, akibatna bisa gede.

Urang NL kaitung pinter waktu ngawasa Nusantara. Maranehna make
infrastruktur kakawasaan lokal anu resep disanjung2. Cara na teh mani
basajan pisan, para pangagung kolonial (asisten-residen, residen,
jeung gubernur jendral) sina make pakean anu agreng sangkan
dipikaserab! Malah mah... simbol payung ge dipake! Bangsa urang mah
sok seraban lin? Buktina? Dina urusan papakean oge masih keneh aya
nepi ka kiwari mayeng lin? he he he...

Goreng na tina sistem egaliter NL teh, hese pisan mucunghul siga dina
budaya Amerika. Aya istilah kieu dina basa NL: "tong aneh2 boga
kalakuan teh, kalakuan biasa ge pan geus aneh". Hartina, urang NL teu
meunang nonjolkeun maneh! Kusabab kitu loba urang NL anu palalinter
hijrah ka luar, kusabab budaya na kurang mere lolongkrang sangkan bisa
nyongcolang sorangan. Meunang nyongcolang eta oge, tapi kudu babarengan!!!

Eta Kang MH, ari urang Malaya kumaha sikepna? 

baktos,

Rahman




http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke