Opat Agenda Politik Urang Sunda
   
  Sanajan kaitung resep kana kasenian atawa kabudayaan, malah kungsi kapeto 
jadi redaktur kebudayaan pisan, kuring satemenna sok sinis kana kasenian atawa 
kabudayaan teh. Malah, beh dituna, siga nu teu parok atawa teu percaya kana 
naon nu disebut profesionalisme – dina harti cara mikir nu percaya yen tiap 
pagawean (profesi) miboga fungsi sewang-sewangan, teu kaci miboga peran ganda. 
   
  Sikep sinis teh lain bae ka lingkungan budayawan atawa seniman Sunda. Tapi, 
oge ka budayawan atawa seniman ti lingkungan lian. Kaasup seniman jeung 
budayawan nu disarebut senirupa kontemporer tea – nu saheulaanan, paningal 
kuring, di nagara urang, Indonesia, katingali jeung karasa paling hirup jeung 
paling “maju” manan seniman-seniman nu aya di cabang seni lian. 
   
  Ari kana profesionalisme, bongan sok dipake alesan atawa titincakan pikeun 
ngingkahan tanggungjawab nu leuwih jembar.  Malah, eta “ismeu” teh siga nu 
ngotak-ngotakkeun jalma bari ngaraheutan kamanusaan. Sakumaha nu digambarkeun 
dina hiji dongeng nu meh klise ngeunaan hiji dokter THT nu tega nolak pasen nu 
katorekan. Eta THT nolak si pasen alatan manehna ahli ceuli katuhu. Demi ceuli 
pasen nu katorekan tadi...ceuli kenca.
   
  Tah, lingkungan seniman jeung budayawan oge -- pon kitu deui wartawan -- 
umumna, nya siga kitu. Ngarasa teu wani asup kana perkara lian alatan ngarasa 
lain widang kaahliannana. 
   
  Mun nyangkut perkara nu sipatna teknis mah, sikep kitu teh bener pisan. Tapi, 
mun pakait jeung pasoalan-pasoalan nu sipatna nyangkut kapentingan jalma loba, 
pamanggih kuring, sikep kitu teh teu merenah. Mun lain goreng oge. Komo, 
sakapeung, pasoalan nu kudu diancruban teh satemenna pakait langsung jeung 
kapentingan maranehna. 
   
  Dina konteks budayawan jeung seniman, misalna, perkara infrastruktur 
kasenian. Arang seniman-budayawan nu miboga pipikiran jeung daek prak ancrub 
kana widang ieu. Umumna, ukur papuket jeung perkara estetika jeung ekspresi 
kasenian pribadina. Da, enya, leuwih prestisius. Bisa leuwih kakoncara. Bisa 
jadi “dewa”. Mun geus aya kajadian nu matak teu genah kana manah anjeunna, 
kakarak rame. Protes. Pajarkeun teh pamarentah, atawa masyarakat pisan, teu 
ngahargaan kana seni. Mun perlu, nepi ka unggah bale watangan. Alus tina kituna 
mah. Ngan,...pinter kodek. Mun lain egois ge.
   
  Dina konteks budaya Sunda jeung kapentingan judul di luhur, keur kuring, 
seniman-budayawan atawa nu miboga kaahlian jeung karep dina widang Budaya Sunda 
kudu wani ancrub kana politik. Boh jadi anggota partai politik atawa nyodorkeun 
maneh dina pemilu – naha legislatif, atawa eksekutif. Ku naon kitu? Sabab, 
kamekaran kabudayaan Sunda teu leupas tina kawijakan politik. Malah, bisa jadi, 
ku cara politis ngamekarkeun kasenian jeung kabudayaan Sunda teh bisa leuwih 
efektif. Malah, boa-boa, leuwih efisien. 
   
  Ku cara jadi eksekutif atawa legislatif, urang bisa “maksa” masyarakat: Basa 
Sunda kudu diajarkeun ti mimiti TK – malah mun bisa ti mimiti jero beuteung. 
Tiap kacamatan kudu boga seni Sunda unggulan. Tiap taun kudu aya Festival Seni 
Sunda, nu lain bae diiluan ku seniman-seniman profesional. Tapi, oge ku 
seniman-seniman amatir. Kituna teh dibarungan ku rarancangan jeung prak-prakan 
nu profesional. Nepi ka eta festival teh lain bae jadi kariaan kumna rahayat nu 
aya di eta wewengkon, tapi oge mere dampak ekonomi nu kongkrit, nu ahirna 
nambahan PAD.
   
  Kukituna, sanajan rumasa lain politisi, ahli politik, atawa ahli manajemen 
pisan, dina harti salaku hiji profesi, kuring remen ngacapruk perkara pentingna 
manajemen jeung politik – nu satemenna ambahan nu leuwih lega tina kapercekaan 
manajemen. Bongan, perkara eta nu remen kapopohokeun ku urang. Sakalina ngomong 
perkara “tumpurna” kabudayaan Sunda, urang ukur ngomongkeun Basa jeung Seni 
Sunda. Paling, papuket kumaha nyieun grup calung atawa grup degung. Teu salah, 
ngan, lian ti ngukur kana profesionalisme tadi, boa-boa, aya hal nu leuwih 
strategis: Dina hal ieu politik jeung, nu leuwih heureut, manajemen kasenian 
Sunda sorangan. Kongkritna: Aya heunteu karep urang pikeun nyieun EO husus keur 
mintonkeun seni Sunda, misalna?. Beh, dituna, nya aya heunteu pipikiran nyieun 
partai Sunda, misalna?
   
  Sawatara taun ka tukang, kuring kungsi ngobrol jeung sawatara 
seniman-budayawan. Ku kabeneran, keur anteng ngobrol, jol hiji inohong Sunda nu 
jadi aktivis di hiji partai – malah jadi Ketua DPD-na pisan. Asa kabeneran. 
Harita keneh, kabeneran rek deukeut kana Pemilu, kuring ngajak eta inohong 
sangkan nyieun gawe bareng antara partai anjeunna jeung komunitas-komunitas 
Sunda nu aya. “Urang ngadamel pelatihan kangge calon-calon ti partai Bapa,” 
ceuk kuring.
   
  Si Inohong langsung curinghak. Ngahayukeun. Ngan, teu ku hanteu, salah 
saurang budayawan nu aya harita, nu kawilang ngora, dina harti (kuduna) boga 
pipikiran nu oge “ngora”, ngadon “ngadeetkeun” jeung “ngaheureutkeun” udagan nu 
aya dina ide kuring. “Muhun, Kang. Urang ngayakeun pelatihan biantara ku Basa 
Sunda,” ceuk manehna. Kuring ukur bisa seuri koneng.
   
  Sakumaha nyieun grup calung atawa degung,  pidato ku Basa Sunda aya alusna. 
Ngan, harita, nu kapikiran ku kuring: Kumaha calon-calon ti eta partai bisa 
ningali pasoalan Sunda kalayan leuwih jembar bari seukeut. Hartina, nu disebut 
ku kuring pelatihan teh, kumaha ngahudangkeun ka-Sunda-an maranehna. Kituna teh 
bari nitipkeun agenda-agenda politik nu kongkrit – nu bisa jadi bahan kampanye 
atawa agenda eta partai pisan. Contona, kira-kira produk undang-undang naon nu 
kudu dijieun, nu bisa melaan kapentingan urang Sunda? Boh dina perkara ekonomi, 
pendidikan, atawa pasoalan lianna. Paling heunteu,  pelatihan eta bisa jadi 
forum silih akurkeun pamanggih perkara pasoalan Sunda.
   
  Hal lian nu oge remen dipadungdengkeun atawa dihumandeuarkeun: Perkara 
saemetna urang Sunda “pituin” nu jadi anggota DPRD. Utamana di tingkat 
provinsi. Sanajan, di tingkat kabupaten atawa kota ge – boa-boa -- sarua matak 
“pihumandeuareunnana”. Ngan, katingalna, arang jadi kacapangan. Boh di media, 
kaasup milis ka-Sunda-an, boh dina obrolan sapopoe.
   
  Dina hangkeutna wacana ngeunaan “Sunda pituin di DPRD” ieu, urang remen 
mopohokeun: Kumaha satemenna SDM Sunda-na sorangan? Nya, nu tadi tea: Boga 
heunteu karep arasup ka partai politik? Aya heunteu usaha pikeun 
ngahangkeutkeun kasadaran jeung kapercekaan politik urang Sunda? Karuhan 
negeskeun nyunda heunteu-na mah. Keur naon urang Sunda, ari euweuh mangpaatna 
keur Sunda mah? Pan, kitu?
   
  Lian ti eta, wacana tadi siga nu kurang gaul – mun lain belegug ge. Poho, yen 
dina budaya partai politik di urang, sanajan cenah platformna demokrasi atawa 
kerakyatan, nu nangtukeun mah keukeuh bae elit-elit partai. Hartina, kahayang 
jadi politisi teh satemenna kudu bisa nepi ka nyangking kalungguhan di DPP. 
Malah, mun bisa, nya jadi Ketua Umumna pisan. Sabab, nya elit ieu nu 
nangtukeun. Kaasup dina nempatkeun saha-sahana nu jadi wawakil eta partai di 
hiji daerah.
   
  Kukituna, saheulaanan, agenda politik urang Sunda teh aya opat: Hiji, 
mekarkeun pipikiran para budayawan jeung seniman Sunda. Ka dua, ngahudangkeun 
kasadaran politik urang Sunda. Ka tilu, nempatkeun urang Sunda nu nyunda di 
DPRD. Ka opat, nempatkeun urang Sunda di DPP partai-partai nu aya. 
   
  Kunaon budayawan deui budayawan deui? Di heunteu-heunteu kuring masih ningali 
potensi jeung posisi strategis maranehna. Ongkoh, aya nu nyebutkeun: Urang 
Sunda mah kabeh budayawan. Maksudna? Nya, teuing. Kuring mah tukang nanya. Lain 
purah ngajawab.
   
  Salemba Tengah, 21 Agustus 2006


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke