Kang, cenah di nagara maju urbanisasi teh angkana geus leuwih ti 75
persen. Pantes wae mun nu tinggal di lembur kari aki jeung nini. Tah,
ceuk panalungtikan lembaga demografi FEUI, kota-kota di nagara urang
ge bakal nuturkeun jalan di nagara sejen. 

Bedana, di urang urbanisasina kaleuleuwihi (over-urbanisation). Atuh
anu numpuk di kota teh lolobana jalma miskin. Nu beunghar ngelehan
pindah ka sisi kota.

-zahidayat-


--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> > 
> > Urbanisasi bisa lebih banyak manfaat atau mudaratnya. Dengan cara
> > pandang baru dan pilihan kebijakan yang tepat bisa dihasilkan
> > keuntungan sosial-ekonomi dari fenomena tak terelakkan ini. Yang jadi
> > soal, maukah pemerintah kota berubah?
> > 
> 
> Kang Z,
> 
> Nuhun hadiah lebaran na! ;))
> 
> Sigana mah masalah urbanisasi teh lain ngan saukur masalah nagara
> 'berkembang' (cikan naon Sunda na nya Kang?). Urang tarjamahkeun jadi
> 'nagara (keur) cengkat/hudang' kitu?  ... ;))
> 
> Sakanyaho kuring, problematika urbanisasi oge eksis di nagara kahiji.
> Di NL jeung di P'cis oge loba pilemburan anu karosong. Utamana mah
> budak ngora ngabrul ka kota2 gede. Nya rek nyiar pagawean, sakola, oge
> sakadar hayang indit ti pilemburan. Pan di pilemburan mah, hese hayang
> hiburan teh lin? Komo keur barudak anu keur meujeuh na belekesekeng mah.
> 
> Kungsi ngalaman di hiji tempat di pulo Kreta Yunani. Kuring datang ka
> hiji tempat, teu gede, hayang ngadon dahar. Aya restoran dua, eh..
> sigana mah leuwih hade disebut warung. Di eta tempat... euweuh budak
> ngoraan. Penduduk na ngan saukur aki2 jeung nini2. 
> 
> Da..teu bisa basa Yunani, kuring sabisa2 nanya make kamus. Teuing
> nyambung henteu na mah. Ngan anu katangkep ku kuring. Budak ngora na
> ngalabrul ka kota gede cenah.
> 
> Di Prancis kuring remen manggihan pilemburan anu kaayaanana sarupa
> siga kitu deuih.
> 
> Sigana mah, jang ngabendung arus urbanisasi. Pamarenatah kudu nyieun
> program 'nyiptakeun lapangan pagawean' di pilemburan. Ngan edas,
> infrastrukur padesaan tea can bener....
> 
> ah... sakadar ngarahul ieu mah...
> 
> baktos,
> 
> Rahman
>


Kirim email ke