Kakantun linuhung budaya Siliwangi nya kalebet kakantun Urang Sunda oge
 naha Kang Rahman bade kumaha uningana, ari calik wae di NL mah...teu ngahaja 
ngalanto ka buruan indung? maasing enya ge nu tos kapendak langkung sakedik 
timbang di pulau2 sanesna nu di Indonesia tapi da aya....ngajegir. .. 
bungkeuleukan. ..tapi apanan nu di Tatar Sunda mah teu patos "kapirosea" 
 utamina ti saprak mayoritas Tatar Sunda gentos ngagem kayakinan "enggal" 
 kaleresan kayakinan ieu nu sipatna kedahna "privacy" geuning ngambah sanes 
mung ukur kayakinan tapi oge "nyilihan budaya indung" nya kasilap kasulap 
budaya indung = kayakinan, nu disebat budaya Tatar Sunda mah "hos weh"
 Ongkoh "reueus" ka Siliwangi tapi arang nu kumelendang  ngadeuheus ka sajarah 
mantena...teu dilenyepan.. teu diteuleuman ukur kasebat dina "biwir" 
 
 Warisan budaya Urang Sunda (ieu hungkul terbatas nu kakumpul harita ...masih 
seueur nu kabuni keneh > sumber Thesis S2 sikuring baheula khusus tentang Sunda 
sikuring kalebet salah sahiji angkatan munggaran basa jurusan arkeologi muka 
mimitran Pasca Sarjana > Arkeologi - FSUI tahun 1986). Teu acan kasusul nu 
enggal kapendak ayeuna (inventris PEMDA keneh)
 
 A. Data Tekstual (sumber tertulis) data nu kakempelkeun tahun 1988!
 a.Prasasti
 I > Tarumanagara > 7 prasasti batu (beraksara Palawa berbahasa Sanskerta)
 1.1 prasasti Lebak (Ci Danghiyang - Banten)  
 1.2.prasasti Ciaruteun (Bogor)
 1.3.prasasti Kebonkopi I (Bogor) 
 1.4.prasasti Muara Cianten (Bogor) 
 1.5.prasasti Pasir Awi (Bogor)
 1.6.prasasti Jambu (Bogor) 
 1.7.prasasti Tugu (Cilingcing/ Jakarta)
 
 II > Galuh > 4 prasasti batu (beraksara dan berbahasa Sunda Kuno)
 2.1.prasasti Mandiwunga (Ciamis)
 2.2.prasasti Rumatak (Gegerhanjuang -Indihiyang) 
 2.3.prasasti Sadapaingan (Ciamis)
 2.4.prasasti Kawali (Ciamis)
 
 III. > Sunda > dituliskan pada batu dan tembaga
  3.1. prasasti Kebonkopi II (akara Sunda kuno& bahasa Malayu Kuno)> Bogor
 3.2. prasasti Sanghiyang Tapak (aksara Sunda Kuno & bahasa Jawakuno) > Sukabumi
 3.3. prasasti Cikapundung (Arca Batu) > Bandung 
 3.4. prasasti Kebantenan (tambaga piteket > bahasa & aksara Sunda Kuno)> Bekasi
 3.4.1. Sunda Sambawa
 3.4.2. Gunung Samaya 
 3.4.3. Dayeuhan Jayagiri
 3.5.prasasti Talaga Maharena Wijaya/Batutulis (aksara & bahasa Sunda Kuno)> 
Bogor
  
 b. Karyasastra Sunda Kuno (aksara & bahasa Sunda Kuno)
 1.Carita Parahiyangan (Priangan Timur)
 2.Kabuyutan Ciburuy (Priangan Timur)
 3.Sewaka Darma (Priangan Timur)
 4.Siksa Kanda Ng Karesian (Priangan Timur)
 5. Jatiniskala  (Priangan Timur)
 6. Kawih Paningkes (Priangan Timur)
 7. Bujangga Manik  
 
 B. Data Kontekstual (kepurbakalaan) nu kakempelkeun 1988!
 di kasebat wangunan kabuyutan (bangunan pusat upacara keagamaan > candi mun 
ceuk urang Jawa mah, tapi Urang Sunda boga istilah sorangan nyaeta Kabuyutan)
 
 I. Kabuyutan di Lebak
 1.1. situs Ciwongwongan
 1.2. Situs Kosala
 1.3. situs Lebak Cibedug
 1.4. situs Batu Sirit
 1.5. situs Arca Domas 
 
 II. Kabuyutan di Karawang
 2.1. situs Batujaya
 2.2. situs Cibuaya
 2.3. situs Buni
 
 III. Kabuyutan di Sumedang
 3.1. situs gunung Tampomas
 3.2.situs Astana Gede
 3.3.situs Astana Cipanas
 
 IV. Kabuyutan di Garut
 4.1.situs Cangkuang
 4.2.situs Pasir Lulumpang
 4.2.1. Pasir Kiara Payung
 4.2.2. Pasir Tengah
 4.2.3. Pasir Kolecer 
 4.3.4. Pasir Astaria
 4.3.5. Pasir Luhur
 4.3.6. Pasir Gantung
 4.3.7. Pasir Tunjung (Kadaleuman)
 
 V. Kabuyutan di Tasikmalaya
 1. situs Indihiyang
 
 VI.Kabuyutan di Ciamis
 5.1. situs Batu Kalde
 5.2. situs Kanduruan
 5.3. situs Kalipucang
 5.4. situs  Ronggeng
 5.5. situs Karangkamulyan
 5.6. situs Gunung Padang
 5.7.situs Astana Gede (Kawali) 
 5.8. situs Susuru
 5.9. situs Batu Panjang
 5.10.situs Lengkong
 (ieu nu katalungtik ku sikurig harita basa ngumpulkeun data > basa mulang ka 
Ciamis deui tahun 2002 sikuring diwartosan ku PemDa rehna nu kakempel di Ciamis 
dugi ka tahun 2000 teh aya kana 335 situs... mangga lenyepan)
 
 VI. Kabuyutan di Kuningan
 6.1. situs Sukasari
 6.2. situs Susukan
 6.3. situs Ciarca
 6.4. situs Hulu Lingga
 6.5. situs Cipari
 6.6. situs Gunung Cireme
 8.7. situs Panyusupan
 
 VII. Kabuyutan di Bogor
 7.1.situs Gunung Cibodas
 7.2.situs Gunung Salak
 7.3.situs Gunung Gede-Pangrango
 7.4.situsBatutulis
 7.5.situs Rancamaya
 7.6.situs Pasir Angin
 
 VIII.Kabuyutan di Cianjur
 8.1.situs Gunung Padang
 8.2.situs  Lemah Duhur
 8.3.situs Pasir Gede
 
 IX.Kabuyutan di Sukabumi 
 9.1.situs Pangguyangan
 9.2. situs Tugu Gede
 9.3.situs Salak Datar
 
 Tah ieu sadayana "TINGJALEGIR" keneh dugi ka ayeuna, warisan budaya karuhun 
Urang Sunda nu teu kapalire ku putra putuna, salian ti nu tos didangding ieu 
masih seu-eur keneh pisan nu kapendak enggal
 
 Nyanggakeun
 
 AMBU 

KAsep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                             Tah nu ieu mah 
sigana rada ngaharib-2 ka abdi hehehe.... utamina mah urusan
 kasep-2na hehehe. Urusan di parebutkeun putri geulis teu patos tebih lah
 ;)).
 
 Mangga Teh... pedar deui sing jero lah... jadi panasaran yeuh hehehe. Aya
 oge geuning raja sunda anu mirip ka abdi hehehe.
 
 Salam,
 
 KAsep
 
 From: Baraya_Sunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
 Behalf Of richadiana kartakusuma
 Sent: 28 Maret 2008 23:48
 To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
 Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: neangan ikon budaya Sunda?
 
 Tah Siliwangi IV nu ieu nu pang-agung2na, pang-sakti2na oge pang-kasep2na
 
 [Non-text portions of this message have been removed]
 
 
     
                                       

       
---------------------------------
No Cost - Get a month of Blockbuster Total Access now. Sweet deal for Yahoo! 
users and friends.

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke