Hello kang R damang ? Entos, ayeuna abdi aya di Edmonton di Imperial Tower 14Fl, # 1407, dalam perjalanan ngalih aya opat dinteunna, nganggo triler (Wayne), ih... banyak istirahatna capek ceunah saur supirna :)
Bentenna Toronto & Edmonton, nyaeta di Edmonton jarang urang Pakistani/urang Arab, di Toronto mah mani pinuh :) Seueurna mahasiswa ti Jepang & China didieu mah. Biaya hidup di Alberta mah lebih mahal ti propinsi sanesna, soalna Alberta mah propinsi terkaya di Kanada, aya minyak tea. Lamun Indonesia ngirimkeun tenaga kerja terdidik/berpendidikan misalna insinyur teknisi mesin alat berat tiasa jadi peluang bagus, atuh bayaranna oge ageung rata-rata per jam tiasa sampe 45-50 CAD $, atuh anu tukang ngedrill/ngebor pegawe pang rendahna minyak tiasa 25 CAN $ per jam, tiasa makmur, lamun artosna dicandak kalembur :) Ari ieu mah Indonesia ngan ngirimkeun TKW tak terdidik, atuh jadi musibah kanggo TKW-na, dibohongan wae ku juraganna, agen-na / pamarentah urang. Tanagana diperes, diperkosa, malah dibunuh, keluargana tetep wae kalaparan dilembur. Lieurrrr..... Kang R, Wayne saentosna nonton FITNA, manehna teh nanya ka abdi, leres isina Al quran harus membunuh ? dijawab kuabdi eta mah sigana mah Quran versi Taliban :) tapi abdi mah sanes Islam jadi teu partos ngartos, ajaran islam anu murni mah sami cinta damai :) Teras caket apartemen abdi aya masjid Ahmadiyah, ari Wayne mah seneng kana popotoan, mampir dulu ka masjid Ahmadiah, aya pameget (umat Ahmadiah) naros kaabdi pedah abdi ti Indonesia, naon masalahna geuningan masjid Ahmadiah di Indonesia dirusak/hancurkeun ? Dijawab kuabdi (Disundakeun), punten... abdi mah sanes umat muslim, jadi teu terang alasanna, ngan abdi minta maaf atas nama pribadi abdi, ngiring prihatin. Bilih kapanjangan, tangan Wayne ditarik wae kuabdi diajak mulih, langsung pamit he..he..he... Aneh tapi nyata, masjid-masjid didideu (anu disebat nagara kafir ceunah) dijaga aman, teu aya anu ngangganggu, naha ari di Indonesia anu kasebatna nagara Islam, tapi teu aman, ah... puyeng :) Baktos, Nn G