> 
> Tiap bangsa jeung budaya PASTI boga pola sosoranganan. Makan pan beda
> antara Jawa jeung Sunda misalna; Sunda jeung batak; Sunda jeung Arab;
> Sunda jeung Prancis jlte. Ceuk cenah...beda budaya sarua jeung beda
> dina pola mikir. Pola mikir teh sarua jeung identitas kitu?
> 
> Pola2 siga kieu teh aya. Ngan teu katempo sacara eksplisit.

Tinimbang jempling teu puguh, urang ngalieukan deui ieu topik. Geuning
euweuh nu noel2 acan? ;))

Keur segut nyusud identitas urang sorangan. Urang teruskeun diskusi na.

Naon atuh anu ngabedakeun antara budaya Sunda jeung nu sejen? Ari POLA
pikir Sunda teh nu kumaha jeung nu mana?

Aya metodeu anu paling gampil anu ku urang balarea bisa dipake.
Utamana keur urang Sunda anu cicing di saluareun budaya Sunda. Coba
babandingkeun, naon BEDA na antara sikep manusa budaya luar Sunda
jeung sikep urang Sunda? Kang Stw di Jepun misal na, cika naon bedana
sikep urang Jepun jeung Sunda anu kaciri. Kang MH di Malaya, Kang Deni
di Aceh, Kang GL di Bali, Kang Rusli anu di Balik Papan, anu di
Jakarta, anu di Yogya, anu di Kanada, anu Texas, anu di Prancis, anu
di Hawaai ... pokona mah nu di mana we lah.

Coba nyieun babandingan leuleutikan, nempo BEDA antara urang sabage
manusa Sunda jeung pola pikir budaya lokal masing2.

Susuganan bisa katempo pola na.

baktos,

Rahman


Kirim email ke