Jaman baheula, aya tukang gambar boga pamajikan nu geulis 
camperenik. Tukang gambar teh kacida bogohna ka pamajikanana, nepi 
ka gede timburuna. Manehna jarang pisan ninggalkeun imah lila-lila, 
sanajan ukur sapoe. Ngan ulukutek we di imah, ngagambar bari 
nungguan pamajikan bisi "diiwat" ku batur. Pangpangna mah manehna 
teh curiga ka baturna nu sarua tukang gambar pedah sok neuteup 
pamajikanana bari siga nu hayang "neureuy buleud".

Tapi hiji mangsa, manehna kapaksa kudu ninggalkeun imah, kudu indit 
sabab aya hal penting pisan nu kudu diuruskeun. Rencana inditna aya 
kana sapoe jeput, balikna peuting. Kacida bingungna, kumaha 
ngakalanana supaya pamajikanana "aman" teu aya nu ngaganggu. Tapi 
maklum tukang Gambar, mucunghul ide pamajikanana rek digambaran 
deukeut palebah "etanana".

Nya pamajikanana digambaran dideukeut "etanana". Gambarna gambar 
gajah keur nyanghareup kana "etanana", malah tulalena mah 
digambarkeun siga keur ngambeuan. ceuk pikirna lamun gambar gajah 
ieu kapupus, hartina pamajikanana nyolowedor ....

Gancangna carita, jlig weh manehna teh indit, hatena tenang 
pamajikanana aya nu "ngajaga" ku gambar gajah. Waktu balik ti 
peuting, manehna gancang gura-giru nitah pamajikanana muka 
sampingna, gancangan ditempo, plong hatena ngemplong, gambar gajah 
masih aya. Ditempo deui, disidik-sidik,  manehna ngahuleng, ke ...ke 
asa aya nu salah. Manehna satengah nyentak ka 
pamajikanana: "Nyai ...gambar gajah masih aya, tapi nyanghareupna 
tibalik, eta tulalena bet ngajauhan?
   
"Panginten baueun Engkang, mana malik oge", Ceuk pamajikanana teh 
kalem.

Tukang Gambar: "??????"

Baktos,
WALUYA
    


--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, rusli sadikin <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> emang eta salah sahiji cara abeh calana teu bisa diporosotkeun, 
tapina lumayan bagian luhurmah teu di gembok, masih bisa gaya nu 
sejen lah !! (Meureun...!! )
>    


Kirim email ke