On Sun, Apr 27, 2008 at 10:54 PM, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tah, saha nu CEREWED teh...raos nya nyuruput cikopi nu nyayagikeun Ambu 
> Hasan, Abah mah kantun mendeko...camperego...tah Abah istri teh kitu kajeun 
> cerewed ge GUMATI ka salaki...ceuk paribasa pakepuk ku damelan kantor, 
> pakepuk ku tugas, uih kantor nyimpan heula balanja, jol ka rorompok masak 
> ngurus budak....kuma teu bade cerewed...piraku ngabejaan, mapagahan budak ku 
> "BALEM" nyahhh...hiiiiihhhh teu puguh..kawas nu pireu...pan indung teh GURU 
> tembey barudak....memeh disakolakeun teh.
>

Hehehe, leres pisan Ambu, eta nu disaurkeun di luhur teh. Nu matak sim
uing ngacungkeun dua jempol, tah ka kaum wanoja. Terus terang we Ambu,
upama sim uing dipangumbaraan, ngadonjadi bujang lokal, hehehe,
pikeun ngurus badan sakujur wae oge mani pakepuk. Geura we, eta kameja
sareng lancingan digerus ku istrika teh sok ngadadak we,memeh miang ka
padepokan.

Kahartos pisan pedaran perkara /munding/-na. Upama diringkeskeun mah,
jigana kulantaran munding seueur pisan patalina jeung kahirupan
karuhun, kulantaran kitu eta kecap teh sering dipake ngaran jalma
jaman bihari.

Aya teu tokoh bihari nu ngranna dipakaitkeun jeung MAUNG? Geuing
kiwari mah aya "Maung Bandung"?

Salam,
mh

Kirim email ke