2009/6/30 Rahman <rsyaif...@yahoo.com>:
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Waluya" <waluya2...@...> wrote:
>>
>> >
>> Enya pasakan Siam teh ampir sarua jeung di urang atawa pasakan Cina, "wani"
>> dina rasa. Ngan nu diinget ku kuring mah kana pasakan Siam teh, cengek!.
>> Sigana urang siam mah beukina kana cengek ngaleuwihan urang Sunda, ampir
>> sarua jeung merak ...hehehehe. Baheula basa keur kursus didinya dahar teh
>> sok di kantin nu khusus keur urang Muslim. Nu aranna sop mani rambang ku
>> cengek. Kapaksa dipiceunan heula ....da lamun kacapek mah, matak seuhah
>> jeung ajret-ajretan bakating ku lada. Jeung aya deui, daun "bumbu" siga
>> seledri tapi bauna siga bau kungkang (walang sangit). Umumna babaturan ti
>> Indonesia mah teu beukieun kana "bau" eta teh, lian ti Urang Aceh nu cenah
>> mah rada sarua beuki daun "walang sangit" ieu .....
>>
>
> Enya Kang,
>
> Dina kadaharan urang Thai mah,pabalatak  nya teu cabe, cengek. Ripuh!!! Poe 
> Minggu kamari dahar Siam, karasa na ayeuna he he he. Bujur mani karasa panas 
> euy! :)))
>
> Lebah daun bumbu eta. Tah eta mah enya khas sSiam. Sabener na mah di urang ge 
> eta bungbu teh dipake, ngan siki na. Eta teh daun 'jinten' (koreksi kuring 
> mun salah). Jinten di urang dipake jang bungbu, urang Thai mah OGE make daun 
> na anu seger.
>
> Rasa na? Enya siga kungkang... da nyereng teu puguh he he he....
>
> Sagala pasakan make eta daun kungkang (lain kangkung!). Sop oge make eta daun 
> nyereng... asa teu puguh keur mimiti mah.
>

eta daun nu bau kungkang teh ngaranna daun KETUM. ku barudak nu teu
hideng mah sok dipake gaganti alternatif sabangsa ganja. rada hese
ngontrolna, da puguh sapopoe mah bumbu masak.
(mh)

> baktos,
>
> Rahman
>
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke