dua poe ka tukang, kurunyung aya balad nu ngagigiwing surat. sanggeus dialak-ilik geuning surat ti panitia pemilihan presiden. eusina teh surat suara keur nyontreng make pos. isuk-isuk ieu karek dibuka surat teh, eusina aya dua amplop, salah sahijina amplop keur ngirimkeun deui surat suara.
sanggeus ditelek-telek, tret ku uing dicontreng lebah beungeut hiji capres, parat nepi ka cawapresna. laju surat suara disupkeun kana amplop tea, rek diposkeun engke beurang. (mh)