2009/12/18 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>:
> Batur nyaritakeun salju, kuring mah sabalikna kapanasan, lain di sagara 
> keusik, tapi di lembur urang keneh di Balikpapan. Indit ngadadak minggu 
> kamari kudu marengan nu akar-ukur make alat Georadar, radar keur neangan 
> barang di jero taneuh. Ari sugan teh sakadar marengan, ari pek teh kapaksa 
> kudu "terjun langsung". Atuh kapaksa papanasan, mangkaning dihandapeun obor 
> seuneu (flare) kilang minyak. Kulit beungeut nu mimiti teu tahan ku panas 
> panonpoe, da kulit nu sejen mah kabungkus ku pakean (sanajan pakean safety 
> ieu sarua nyiksana, awak asa kakekeb). Beungeut karasa pareurih. Nempo di 
> kamar mandi hotel disadiakeun "body lotion". Teu ngarti keur naon, nelepon ka 
> pamajikan. Ceuk pamajikan teh keur kulit. Teu antaparah deui eta "body 
> lotion" teh digosok-gosok kana beungeut.
>
> Ngan tetep we euweuh pangaruhna, da bieu kuring ngeunteung, gebeg teh nempo 
> beubeungeuteun, beureum asak, kulit dina irung mimiti nyalolekat, megar. 
> Walah kumaha geuning megar, mangkaning sore ieu, kuring rek balik ka Bandung. 
> Ah tapi keun we, sakali-sakali kudu ngalaman oge siga oray ....hehehehe
>

Hahaha,  Bah Willy urang Bandung tangtu kaget, aya Oray "Willy", nu
lain Oray Welang.
Punten ah heureuy.

Wilujeng mulang ka lembur.
-mh-

Kirim email ke