Jigana mun nyoba noong make 'kotak hideung' asa bakal leuwih 'fair'
pikeun nganilai hiji pemahaman, kaasup agama:

[A] ===> [KOTAK HIDEUNG] ===> [B]

Mun tea mah A teh manusa jeung sagala karakterna, nya anggap we KOTAK
HIDEUNG teh misalna agama, atawa paham / isme naon wae, tah B mah
meureun peradaban alias tamadun nu dihasilkeun ku proses dina kotak
hideung.

Cing coba toong ku masing-masing, hasil pemahaman mana nu leuwih
pinunjul dibandingkeun jeung nu sejenna.

Kumaha nganilaina nya? Faktor naon indikator keberhasilana. Nya
tinggali we kamajuan tina widang ekonomi, sains, teknologi, jeung
sajabana.

Meureun mun noongna make ieu, tiap agama atawa paham teh bakal
berlomba ngahasilkeun amal nu hade keur kamanusaan.

-mh-

2010/1/12 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>:
>> "KAsep" <dkaba...@...> wrote:
>> Kang R oge sadayana,
>> Ari ceuk kuring mah tina judul na oge geus salah ieu teh ;)... ceuk
>> kuring mah lain agama anu jadi sumber pacengkadan nu sabenerna mah,
>> ngan ageman emang sok dijadikeun alat keur "pacengkadan" ari urusan
>> nu sabenerna mah teu jauh ti urusan... harta, tahta, jeung
>> wanita... 3 TA nu ngabahayakeun lamun
>> teu bisa nga-MANAGE-na sanes kitu Teh M hehehe...
>
> Bener Kang Asep, Agama  mah kumaha nu ngagemna. Lamun nu ngagemna hatena alus 
> mah, bakal yakin yen agama nu diagem ku manehna teh keur KAHADEAN DI DUNYA. 
> Tapi agama bisa oge "dibajak" atawa "diperalat" keur kapentingan nu boga 
> ambisi kana kakawasaan. Tah lamun geus kieu, agama kacirina siga sumber 
> pacengkadan .....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke