Jempling euy... kawas arembung bebas he he he

Urang teruskeun yu?
Poin ka 4 we conto na mah. 
Kulantaran jelema kudu, daek jeung hayang hitut, hitut teh mangrupa hiji HAK 
dasar manusa. Kade ... ukur hak, lain kawajiban. Mun aya aturan, boh agama 
...boh darigama anu NGAWAJIBKEUN hitut eta mah kaasup aturan lieur!:))

Tipa jelema boga kabebasan ngaluarkeun hitut, malah rek jeung bukur na ge... 
teu nanaon he he he.

Ngan ari kangaran kabebasan teh, lain bebas sabebas2 na. Aya aturan jeung 
etiket sejen anu nyengker hiji kabebasan.

Hitut mangrupa hak dasar urang. Hartina urang bisa hitut sakadekna. Sabab ceuk 
hak dasar eta, urang BEBAS ngalakukeun jeung nerapkeun eta hak dasar. Tah... 
cobaan we ngalakekuen eta hak dasar hareupeun mitoha! Pan nyiar pipaseaseun 
jeung pamajikan lin?:))

Dina ieu kasus, kabebasan urang rek hitut KASENGKER ku etiket atawa aturan 
sejen. Mun ngaburubut haruepeun mitoha, bisa2 jadi gering parna atuh. Lain ku 
bau na... tapi ku kalakuan urang anu teu tojaiah jeung aturan.

Mun dihubungkeun jeung kabebasan-kabebasan sejen na. Oge kitu. Aya hak2 dasar 
anu TEU bisa diganggu gugat.

Wilujeng hitut.... :)))

--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Remi" <rsyaif...@...> wrote:
>
> 
> 
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, muhamad rafah <nda134a@> wrote:
> >
> > cik atuh bebas teh naon....??
> > 
> > 
> 
> Mun diingriskeun mah meureun identik jeung "freedom" tea kitu? :)) Dina asa 
> Sanskerta mah meureun 'mahadhika' tea... atawa merdeka...
> 
> Kabebasan teh LAIN kabablasan. Sigana mah aya domain2 anu eda dina urusan 
> kabebasan tea:
> 
> 1. kabebasan kahayang jeung mikir
> 2. kabebasan politik
> 3. kabebasan ekonomi
> 4. kabebasan hitut... ;))
> 
> Cik anu ngalarti.... pangnerangkeun. 
> Urang diskusikeun masalah ieu. Ngarah teu paciweuh dina ngahartikeun BEBAS 
> tea!:)))
>


Kirim email ke