Baraya, kumaha daramang? Tilam sono sareng pangbaktos ka sadayana, nyanggakeun 
pangacaprukan sim kuring ngeunaan Engko Xuping.
Baktos, 
MGT

=================================

Ren Xuping jeung Kelenci

 

Kamari mah aya semah. Nyodorkeun buku ngeunaan budidaya kelenci. Kituna teh
bari alewoh ngobrolkeun Asep Lembang jeung teuing saha, poho deui – urang
Bantul. Pajarkeun teh maranehna sukses salaku patani kelenci. 

Demi ngadenge eta, kuring lain bae inget keur zaman budak, nu kungsi olab
ngdaharan daging kalenci, tapi oge inget ka Ren Xuping – salah saurang pahlawan
Partai Komunis Cina kiwari. Siga Kang Asep Lembang, pon urang Bantul tadi,
Xuping oge kawentar alatan sukses ngabudidayakeun kelenci. Malah, alatan kuring
teu pati wanoh ka Kang Asep oge ka urang Bantul tadi, -- oge bisa jadi alatan 
antebna
propaganda urang Cina jeung sawatara LSM, -- kuring leuwih reueus jeung helok ka
Engko Xuping.

Teu kitu kumaha, jalan hirup Xuping lain bae siga dongeng. Tapi, oge kungsi
jadi headline di Wall Street Journal. Malah, cenah, di lingkungan ahli
perkelencian mah Xuping teh dipihormat pisan. Alesannana? Nya alatan sukses
jadi pangusaha kelenci tea, bari, kituna teh, kajununanna dina perkara kalenci
tadi lain bae geus ngahasilkeun sawatara buku, nu sacara ilmiah bisa 
dipertanggungjawabkeun. Tapi, oge geus mekar jadi institusi pendidikan jeung 
industri peternakan jeung pakan. Hiji situs nyebutkeun, nepi ka taun 2002, aset 
pausahaan Xuping teu kurang ti 6
juta yuan – kurang leuwih 8 miliar. (?). 

Lahir jeung gede di Desa Yuanyang, Kacamatan
Jinyuan, Kabupaten Dayi, Provinsi Sichuan, sakola Xuping teu leuwih ti SMP.  
Gampaong diteguh, teu bisa sakola leuwih undak teh alatan kulawarga manehna 
kaasup kulawarga masakat – lieuk euweuh ragap
taya tea. Hiji mangsa, taun 1980, mangsa manehna umur 13 taun, bapana mere 
Xuping 2
kelenci nu keur reuneuh. Xuping memang resep iinguan ti leuleutik. 

Dua bulan ti harita, Xuping geus bisa
ngajual dalapan anak kelenci. Hargana teu leuwih ti Rp 80 rebu-an. Tayohna,
ningali hasilna nu lumayan, keur ukuran budak lulusan SMP, bari euweuh
pangabisa lian, Xuping beuki junun ngurus kelenci. Dua taun ti harita, di
Jinyuan, manehna geus kawentar salaku juragan kelenci. Harita, dina tempo 
sataun, total
panghasilan Xuping geus nepi ka Rp 300-an yuta – nitih Rp 25 yuta sabulan.  

Taun harita, 1982-1983, teu kurang ti Yang
Rudai, nu harita jeneng Sekretaris Partai Komunis Sichuan, kiwari salah sahiji
Wakil Ketua PKC, nu maksakeun maneh ngalongok usaha Xuping. Malah taun harita
oge Xuping dileler salaku “Pamuda Tuladan” tingkat Provinsi. Ku pangdorong eta
Xuping beuki “maceuh”. Sok komo sanggeus Deng Xiaoping, waktu Xuping dileler
jadi “Pamuda Tuladan” tingkat nasional, ngaharewos langsung kana ceulina.
“Urang lain hayang beunghar sosoranganan, tapi hayang sakabeh jalma ngilu
beunghar,” kitu pangharewos Xioping ka Xuping.

Pangrojong lulugu PKC teu eureun ku harewos
jeung nepakan taktak. Tapi, oge nyakolakeun Xuping. Disebutkeun, taun-taun
harita, 1982-1985, Xuping remen ngilu sarupaning pelatihan jeung konsultasi
ngeunaan prak-prakan ngingu kelenci. Boh nu diayakeun ku LIPI-na Cina boh nu
diayakeun ku Universitas Tatanen Sichuan. Kaharti mun kajunun jeung katawakalan
Xuping mere hasil nu mucekil. Da, dibarung ku kaweruh nu sipatna ilmiah jeung 
teknologi.

Usaha Xuping lain bae narik perhatian Partai
Komunis. Tapi, LSM Heifer International, nu puseurna di lembur manten Presiden
Clinton, Litle Rock, Amerika. Ti LSM ieu, taun 1985, Xuping meunang hibah 48
kalenci unggul keur bibit di peternakannana. 

Teu munasabah. Ku alatan usahana eta, Xuping
lain bae bisa ngaronjatkeun karaharjaan diri jeung kulawargana. Tapi, oge 
tatangga-tatanggana.
Malah, rahayat Cina ti wewengkon lian ge ngilu karonjatkeun rezekina.
Disebutkeun, mitra sakaligus murid Xuping dina perkara kalenci ieu teu kurang
ti 300 rewu jelema. Maranehna datang ti mana mendi, ti saantero Cina. Teu aneh, 
mun Xuping bisa nga-ekspor kelenci ka Nepal, India, jeung Korea Kaler. 

Keur urang, nu hirup di hiji masrakat nu didominasi ku watek centil jeung 
pupujieun -- leuwih nganggap kalenci salaku cocoan manan sumber protein hewani 
nu kadar kolesterolna handap -- naon nu dilakukeun Xuping
teh matak helok. Kadar tina kelenci? 
Lian ti miara kalenci – tangtu bae dina skala peternakan atawa
skala industri – Xuping oge boga usaha pabrik daging olahan kalenci, jeung
usaha peternakan embe jeung manuk japati. Lian ti eta, Xuping oge boga sakola 
Diklat
Kelinci Xuping-Sichuan. Murid-murid nu sarakola, bari gawe,  di ieu diklat 
mangpirang-pirang umur jeung
pakasaban. Mimiti ti budak nu karek garing lehona, 12-an taun, nepi ka aki-aki
umur 70 taun. Ti mimiti rumaja putus sakola nepi ka pangsiunan, mahasiswa, 
karuhan pagawe negeri, jeung kader PKC mah.

Mun noong naon nu diprakkeun ku Kang Asep
Lembang, oge sawatara “aktivis” usaha kalenci, tayohna pola Xuping ieu – ayana 
sakola atawa diklat saencan prak jadi pengusaha kalenci – nu ditalurutan ku 
aranjeunna.  Sanajan, can nepi kana ngadegkeun pabrik (oge kampanye dahar 
daging kalenci, nu can umum di masyarakat urang). Malah, salah sahiji 
organisasi ka-Islam-an di Bandung kungsi nerapkeun gaya
Xuping ieu. Mun teu salah, salah sahiji proyek ieu organisasi teh di Pasir
Jambu, Ciwidey. Siga Xuping, Kang Asep, oge organisasi ka-Islam-an tadi, yakin
yen kelenci bisa jadi alternatif pikeun ngaronjatkeun karaharjaan jalma loba.
Tangtu bae keur nu boga karep ancrub dina widang ieu.

 

Gang Tengah, 20 Februari 2009



Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

Kirim email ke