2010/3/12 Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>

>
>
> bagea oge kang, bagea tepang bagea kenal..
> ari kuring sorangan mah, ka nu bade/resep udud mangga we teh teuing, ngan
> nu kedah diemut teh batur sabudereun. mun bade rada cape, samemeh udud di
> tempat nu teu ukur aya salira komo dibarung aya jalma nu teu dikenal, saena
> samemeh gur paneker dicekeskeun udud diseungeut, pelenyun haseup nyerebung
> teh tanyakeun ka sadayana... "diwidian upami abdi udud?", mun alim cape mah
> nya teu kedah udud heula, tiasa panginten ditahan dugi ka mendakan tempat nu
> teu aya batur, utamana batur nu urang teu kenal, teu terang anjeunna ngaroko
> atawa henteu. oh enya tong hilap, nu sami kacida pentingna, piceun calacah
> sareng kuntung kana wadah runtah, heuseus ka nu cicing di indonesia, mun teu
> mendak wadah runtah nu di sisi jalan, saena si calacah sareng puntung teh
> bebeskeun heula kana pesak/tas/golerkeun di lebet mobil salira, kangge
> piceuneun kana wadah runtah di bumi masing-masing....
>


mun ieu usul kadenge ku babah, moal lila bakal aya asbak roko portabel
geura, nu bisa dipesakan, dibawa kamamana.
cing sugan aya urang sunda tukang ngoprek, sok tah geura nyieun asbak
portabel sagede paneker, ngarah tukang hisab teu kudu nyundutan bangku,
meja, bilik dimana wae.



>
> heuheu..... kuring jadi serius jeung kokolot begog kieu nya :))... bilih
> jadi mapatahan hiber ka helikopter, mapatahan newak bal ka kiper, tah upama
> penalti mah tiasa ditajong ku saha wae iwal ku pelatih, menejer, atawa
> panongton eh ketang pamaen cadangan nu teu kapaenkeun ge teu tiasa najong
> penalti... haiah alah, bisi tambah ngalantur tos ah cekap... punten
> baraya... :b
>
> 2010/3/12 Irfan Ubaidilah <fivan...@yahoo.com>
>
>>
>>
>> salam pangwanoh ah kang.
>> soal udud haram,ari kuringmah nu beuki udud, salila aya keneh nu
>> ngameunangkeun, sanajan makruh,udud we terusss.
>>
>> ------------------------------
>> **
>> _,___
>>
>
>

Kirim email ke