Ceunah mah Bah, sultan hamengkubuwono ngan duka ketang da ceunah hehehe teu 
pati apal oge. 

Enya bener malahan pernah make urut kelasna hamengkubuwono IX, tapi di Sma 3 
rada sur ser lamun geus kasore na keun Bah, kusabab sieun ku jurig Nancy tea 
hehehe. Mun teu salah mah Kang Dian mah kelasna di handap, 3 fis 8, kelas 
barudak nu balageur jeung palalinter dikumpulkeun di Fis8. Kang Dian pernah 
sakelas jeung kuring pas kelas 1. Ari kuring mah fis 2 diluhur kelasna pang 
pojokna mun ti hareup jalan belitung mah pojok katuhu luhur, barudakna rada 
error saeutik hehehe... Pernah dicarekan ku guru fisika sakelas kabeh gara-2 
nilaina garoreng mun teu hiji, enol nepika digambaran boneka sagala. Biasa tea 
si guru mun mere ulangan teh tara ngabejaan jeung soalna hese pisan.  Si guru 
eta pernah nyebut bakat ku ambek ceunah Class Brengsek hehehe... Tidinya 
barudak sepakat ngaruwat kelas kuring diaranan Clabers... Class bereng... Eeeh 
Berhasil ;)). 

Memang masa-2 SMA teh bodor pisan... Mun balik sore menjelang peuting di jalan 
sumatera sok ngahaja ngaheureuyan banci... Nepika di udag-2 hehehe. Duka tah 
ayeuna aya keneh kitu banci di jl sumatra eta? Teuing kunaon sajarahna bet jadi 
pusat banci-na bandung jeung jawa barat nya??

Sent from my BlackBerry®
powered by Sinyal Kuat INDOSAT

-----Original Message-----
From: "Waluya" <waluya2...@yahoo.co.id>
Sender: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
Date: Wed, 16 Jun 2010 06:00:20 
To: <Baraya_Sunda@yahoogroups.com>
Reply-To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com
Subject: [Baraya_Sunda] Re: Fw: Raja Jawa "jalan-jalan" di Kebon Raya Bogor

> In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, dkaba...@... wrote:
> Sri Sultan boga peninggalan di Bogor nyaeta imah mun teu salah di Jl. > A. 
> Yani,

Kade pahili, "Raja Jawa" teh henteu hiji, tapi aya opat, Kasunanan Solo (Puku 
Buwono), Kasultanan Yogya( Hamengku Buwono), Mangkunegara (solo) jeung Paku 
Alam (Yogya). Nu dina foto nu dikirim ku kuring, Paku Buwono X (kasapuluh), 
"Raja Jawa" Solo. Cenah Paku Buwono X, salah saurang "Raja Jawa" nu paling 
dipikahormat / gede pangaruhna. Tapi saatosna Paku Buwono X wafat, kasunanan 
Solo melempem, eleh pamor ku Kasultanan Yogya, pangpangna ku Sri Sultan 
Hamengku Buwono IX, nu sakolana di Walanda jeung samemehna di AMS/HBS Bandung 
(Ayeuna SMA III Bandung, Janten kang Asep jeung Kang Dian teh saalumni jeung 
Sri SUltan ...hahahaha).

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke