Bagea di Lembur Kang Rahman. Mani teu beja-beja. Ngan hanjakal pisan lamun 
Kopdar minggu ieu, kuring teu bisa. Dahuan ngawinkeun budakna di Bandung, 
Saptu 31 Juli, kabagean tukang aras-urus. Minggu, Tanggal 1 Agustus, 
rencanana kuring rek ka cengkareng, nganteurkeun si Cikal rek ka Kuala 
Lumpur. ke lamun si Cikal daekeun naek beus ka Cengkareng, kuring rek ka 
SMI.

Baktos,
WALUYA

--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "KAsep" <dkaba...@...> wrote:
>
> Siap Kang,
> Kuring insya Alloh bisa, poe minggu weh nya tanggal 1 Agustus, alusna mah
> isuk-2 nya Kang :). Soalna ambeh teu macet euy. Ambeh balik bisa beurang 
> :).
>
> Siap ke pasti urang bakal bebekelan :D. Kabeneran pan awal bulan jadi nu
> pagawe mah geus garajihan (berlemak?) meureun hehehe. Kuring mah pasti 
> mawa
> istri jeung si buah hati. Nu lain mun rek bareng ti Bogor hayu. Ke bisa
> janjian di hareupeun Botani Square :).
>
> Mangga bilih aya anu rek ngiringan, BR DULDAR = Baraya Sunda NgawaDUL 
> DARat
> hehehe...
> 1. New KAsep sakulawargi... hayang na mah sa RT ngan teu kabawa ;)...
> Confirmed!
> 2. Bah Willy?
> 3. Bah S?
> 4. Kang Dudi?
> 5. Teh M?
> 6. Kang Yayan?
> 7. Kang MH?
> 8. Kang Aldo?
> 9. Kang Eko?
> 10. Kang Dian?
> 11. Neng Ratri?
> 12. Kang Oman?
> 13. Kang Maman?
> 14. Neng KD?
> 15. Jang Lemos?... eeeeeeh sok ka babblasan ;).
> Jrrd.
>

Kirim email ke