--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Waluya" <waluya2...@...> wrote:
>

> 
> Tah ayeuna waktu balik, sanajan bari ngobrol sajajalan jeung MJ, kuring 
> sabenerna rada lenglengan, tunduh. Tapi dipaksakeun we tepi ka daerah 
> Cipatat, nu jalanna pungkal-pengkol. Wah bahaya lamun dipaksakeun, sabab 
> panon asa beuki sepet,  nya mengkol  we ka rumah makan, reureuh. Geus reureuh 
> tilu parapat jam, diteruskeun deui. Alhamdulillah jam genepan asup kota 
> Bandung. MJ turun di Cipaganti, kuring mah asup ka jalan layang pasopati, 
> lempeng nuju ka imah.
> 
>

Podok nyogok, mairan saecret memeh berangkat ka Batawi.:))

Kuring mah 3 sesi ngobrol teh. Sesi ka hiji ngobrol dina mobil Kang Asep ti SB 
ka SG, dina mobil aya KAng Asep sabage supir, bojo na KAng Asep plus junior 
jeung Kang Hendra. Sesi ka dua di SG, nyambung jeung Kang Dudi, Kang Eko... 
pucunghul Teh Maria jeung kang Denis. Kang Waluya jeug Kang Jamal mah mucunghul 
pangahirna.

Sesi ka tilu mah, dina mobil Kang W, turun ti SG. Ngobrol nepi ka imah kuring. 
Opatan dina mobil teh: Kang W, Kang J, kuring jeung pun bojo. DA budak kuring 
mah kalah keukeuh hayang milu dina mobil dogong ti seksi logistik!:)) 

Eusi obrolan tipa sesi? Teuing... teu puguh! Biasa we... aclog2an siga di 
milis. Sagala disabet he he he....

nyambung..... 

Kirim email ke