Seratan Bah Usep. Kenging maok tina fb anjeunna. 
Nyanggakeun...===============================
SOLAWAT
JEUNG PUPUJIAN - MAJALAH SUNDA MIDANG NO.70, 25 AGUSTUS-25 SEPTEMBER 2010

by Usep Romli on
Friday, September 3, 2010 at 4:18am

Solawat jeung Pupujian

 

 

   “Saestuna Alloh sareng para
MalaikatNa,  solawat ka Nabi. He jalma-jalma nu ariman, prak geura solawat
ka Nabi jeung ucapkeun salam ngahormat ka anjeunna.” (Q.s.al Ahzab
: 56).

 

Dumasar
kana ayat di luhur, para ulama netepkeun hukum maca solawat teh, wajib. Solawat
mangrupa bagean penting tina iman jeung Islam.

Solawat
ngandung harti du’a, berkah jeung ibadah. Solawat Alloh SWT sareng para
MalaikatNa ka Kangjeng Nabi Saw, ngandung harti yen Alloh SWT muji Kangjeng
Nabi Saw, ngamulyakeun sareng nyaketkeun anjeunna ka Alloh SWT. Solawat ti
jalma-jalma iman ka Kangjeng Nabi Saw, ngandung harti ngaku kana karosulan
Kangjeng Nabi Saw, sarta neneda ka Alloh sangkan maparin kautamaan katut
kamulyaan ka anjeunna nu mangrupa “khotamun nabiyyin” (nabi pamungkas).

Fadilah
(kautamaan) maca solawat, kaunggel dina sabaraha hadits. Di antarana riwayat
Imam Muslim “Sing saha nu solawat ka kami sakali, tinangtu Alloh baris solawat
keur eta jalam sapuluh kali”.

Riwayat
Imam Tirmidzi :

    
“ Sing saha anu solawat ka kami
isuk-isuk sapuluh kali, pasosore sapuluh kali, baris meunang safaat ti kami
dina poe qiyamah”.

Riwayat
Imam Tirmidzi :

    “Pangutamana jalma dina poe qiyamah,
nyaeta jalma nu pangreana solawat ka kami”.

Lamun
diwincik sagemblengna, fadilah solawat aya ratusna. Intina mah, nu getol
ngareakeun maca solawat baris meunang ganjaran badag boh di dunya ayeuna boh di
aherat jaga.



Waktu-waktu
nu merenah pikeun maca solawat, luyu sareng pituduh Rosul Saw, nyaeta : sabada
adzan, rek
asup ka masjid, sabada masa tasyahud (sahadat) dina salat, keur salat janazah,
di antara takbir-takbir salat Ied, jeung di awal katut ahir du’a. Ngeunaan
salawat dina waktu ngadu’a, hiji hadits netelakeun, yen du’a bakal eureun
antara langit jeung bumi, moal naek saeutik oge, saacan nu ngadu’a maca solawat
ka Kangjeng Nabi Saw (riwayat Tirmidzi).


Patula-patali
jeung pancen katut kagunaan solawat dina ibadah, umat Islam di padesaan jaman
beh ditu, sok ngadawamkeun maca solawat samemeh salat. Bari nungguan para
jamaah daratang ka masjid pikeun berjamaah, kolot budak maca solawat
ditarikkeun jeung dilagukeun. Disebutna “pupujian”. Kalimah solawatna
rupa-rupa.

Nu
kawilang lumrah, tur rea dialeukeun di mana-mana, nyaeta :  
             

 

   
“Allohumma solli ala Muhammad

      Ya Robbi solli alaihi wa sallim,

      Allohumma solli ala Muhammad

      Ya Robbi balighul wasila

 

 Aya
oge nu ngagunakeun solawat samodel kieu :

 

   
“Allahumma solli wa salim ala

     Sayyidina wa maulana Muhammadin

     Adadama bi’il mila hi solatan

      Daimatan bidawa bi mulkila-i”

 

Kawasna,
ieu solawat lain bae sohor di urang. Tapi di sawatara nagara nu pangeusina
mayoritas Muslim, mindeng kadenge. Malah basa pareng keur aya di Palestina, boh
di Tepi Barat (Jerusalem, Hebron, Ramallah, Jericho, Nablus), boh di Gaza,
kungsi ngadeng, solawat ieu dilagukeun dina wirahma mars. Pinuh sumanget. Salah
saurang anggota pasukan “Harokah Muqowwamah al Islamiyah” (Hamas), netelakeun,
solawat ieu mindeng dipake ari keur adu hareupan jeung pasukan Israel. Rea
tentara Israel ngadadak kasima, ngabecir kabur, lamun ngadenge pasukan Hamas
maca ieu “mars” solawat babarengan.    

 

Basa
nyaba ka Marakesh, hiji kota kuno di Maroko, Afrika Kaler, kungsi ngadenge
solawat dipirig ku terebang (genjring badag), malah make tatabeuhan mandolin
sagala rupa. Biasana dipake bubuka pintonan lagu-lagu qosidah :

 

   
   “Sollu wa sallim ya
Robbi

      Alan nabi sayyidina

      Muhammadiw wa alihi

     Wasohbihi ajma’ina”

 

(Hanjakal
nu nulis teu paham kana notasi, boh angka, boh balok, sangkan “lagu-lagu”
solawat nu dicutat tadi, bisa diturutan. Insya Alloh, ari panggih jeung Kang
Nano S., urang peredih notasina).     

Rea
deui solawat nu dijieun husus ku para ulama. Upamana bae solawat Kamilah atawa
Nurul Anwar, nu sok dibaca dina “istighosah”.   

 

Dina
soal pupujian, aya oge lirik “nadzom” nu lain solawat. Tapi ngandung pepeling,
sangkan getol ngalakonan solat lima waktu. Nu kasohor nyaeta pupujian 
“Man taroka”   

 

    “Man taroka sholatan khomsin

     Ayyakuna muta’amidan

     Fa jaza uhum fa jaza uhum

     Jahannam kholidin fiha 

 

 Sawareh
sok langsung di”pupujian”keun dina basa Sunda. Lagam laguna sarua jeung nu dina
basa Arabna :

 

   
“Saha jalma tinggal kana solat

       Lima waktu tur dihaja

      Mangka dibales, mangka dibales

      Dilanggengkeun di naraka jahannam”

 

  Pupujian
dina basa Sunda, nu kawilang rea jeung mindeng dipake di saban masjid, nyaeta :

 

      “Eling-eling dulur kabeh

        Ibadah ulah campoleh

        Beurang peuting ulah weleh

        Bisina kaburu paeh”

 

Biasana
sok digabung kana pupujian “Ma taroka”. 

 

Aya
deui pupujian nu eusina husus menta pangampura tina sagala dosa, dipaparin elmu
nu mangpaat, jeung rejeki anu bisa dipake amal kahadean :

 

     
“Astagfirullah Robbal baroya

       Astagfirullah minal khataya

       Robbi zidni ilman nafi’an

       Wa warzuqni amalan maqbulan”.

 

 

Tapi
kiwari, kawasna maca solawat jeung pupujian, geus arang langka. Kaasup di
pakampungan. Mun enya  kitu, anggap we ieu tulisan hiji panineungan.****

 



Maman Gantra

Jalan Salemba Tengah 51,

Jakarta 10440.

0812-940-5441


      

Kirim email ke