Baraya,

Wilujeng lebaran ka sadaya na. Minal aizin wal faizin. Hampura lahir batin, 
kuring tukang baceo ngacapruk anu teu puguh juntrunganana. Anu kasigeung (anu 
kahaja anu teu kahaja) ti luhur  ti handap, ti sisi ti gigir, kuring neda 
pangampura ti sadayana.

baktos,

Rahman

--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, asep...@... wrote:
>
> Ngeduk cikur kedah mihatur, nyokel jahe kedah micarek, mipit kudu amit, ngala 
> kudu bebeja, bisina pakuat, pakait, pakoet nu teu merenah kana manah, kuring 
> sakulawarga neda agung cukup lumur, neda jembar panghampurana. 
> 
> Wilujeng boboran shiam mugia urang sadaya salawasna aya dina panangtayungan 
> Nu Kawasa. Dina poe nu fitri ieu mugia urang sadaya meunang rahmat tur 
> barokah ti Alloh SWT jeung mugia urang sadaya bisa balik deui ka fitrahna 
> jadi jalma nu beresih ati, jembar manah, caang padang narawangan.
> 
> Wassalam,
> New KAsep  
> Sent from my BlackBerry®
> powered by Sinyal Kuat INDOSAT
>


Kirim email ke