kailhaman ku kang oman, perkara revitalisasi budaya. 
kuring jadi ras inget kana paribasa "cikaracak 
ninggang batu, laun-laun jadi legok". ku mj mah pernah
diplesetkeun, jadi "lila-lila caina beah" hehe. duka 
pedah mindeng pagiling gisik jeung perkara 
itung-itungan, model-modelan, jeung gambar-gambaran 
kitu, aya jorojoy inget kana paribasa cikaracak tea.

diimpleng-impleng, sabenerna eta paribasa ngandung 
ajen ilmiah, sarta bisa dijadikeun ilham pikeun 
panalungtikan. paling heunteu aya dua widang anu bisa 
ngabahas eta paribasa teh. kahiji widang elmu ngitung 
alias matematika. kadua widang model-modelan dina 
komputer grafik. 
 
dina widang model-modelan komputer grafik, eta 
cikaracak teh bisa domodelkeun jadi lengkungan bezier,
 b-spline, jeung sabangsana. pikeun ngagambarkeun 
kumaha ngarambatna cai ti luhur ka handap. ngayarayap 
sapanjang lengkungan tea. dina widang itung-itungan 
baris ngahasilkeun model "persamaan differensial". 
 
jigana ku hiji paribasa "cikaracak" bakal ngahasilkeun
 sababaraha sarjana matematika jeung komputer. malah 
bisa ngahasilkeun doktor sagala.

salam,
mh
 
> --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > 
> > Tah geuningan, tos dikawitan pabinihan jejer
> > revitalisasi budaya 
> > dina wangun carita keur barudak sakola. Teraskeun
> > atuh kang Zam ku 
> > midamel rarangkayna, eta anu 2 bae heula:  "Budak
> > Aman nyieun 
> > Website" sareng "Isah miluan mailing list". Namung
> > rupina, upami 
> > masih migunakeun "Aman" sareng "Isah", jst, kedah
> > aya kasuluyuan 
> > heula sareng anu gaduh hak cipta TP (sigana soal
> hak
> > cipta ieu oge 
> > boa aya boa heunteu di aranjeuna teh, maklum US
> teh
> > sok handap asor; 
> > boa-boa hak ciptana teh aya di penerbitna, upamai
> > teu lepat mah 
> > GANACO, kitu penerbitna teh?).
> > 
> > Ala kuli hal, jejer usulan Kang Zam ieu
> mataholangna
> > mah taya lian 
> > ti pentingna revitalisasi budaya. Lengkah kahijina
> > sakumaha 
> > numutkeun Kang Chaedar Al-Wasilah, revitalisasi
> teh
> > dikawitan ku  
> > ngahartikeun (deui) kalawan jero dugi nuwuhkeun
> > kasadarankana 
> > (NKDNK) "icon-icon" atawa ayat-ayat kabudayaan anu
> > aya ku tafsir 
> > anyar anu luyu keur pangubutuh nyanghareupan
> > tangtangan kahirupan 
> > kiwari. Keur ngigelan jeung ngigelkeun jaman tea.
> > Ayat-ayat 
> > kabudayaan tiasa mangrupi paribasa, carita rakyat,
> > lingkungan, seni, 
> > jrrd anu kaasup unsur budaya (aya tujuh numutkeun
> > Prof. 
> > Koentjaraningrat mah). 
> > 
> > Revitalisasi dina lengkah nu kahiji, upamana,
> nambut
> > (tambutan anu 
> > teu kedah dibayar rupina) pamendak Kang Chaedar
> > Al-Wasilah deui bae, 
> > pikeun ayat "herang caina beunang laukna". Ieu
> > paribasa anu sok jadi 
> > kasang tukang usaha anu tambuh laku alias teu
> > ngahasilkeun nanaon 
> > dina nguruskeun hiji hal (da palaur paketrok
> > tea-emut ka kang Dudi), 
> > ku cara ditafsir-ulang, tiasa dipaparin tafsir
> anyar
> > 
> > salaku "kasanggupan pikeun ngawangun komunikasi
> anu
> > efektif". 
> > Ayat "goong nabeuh maneh" anu sok jadi panghalang
> US
> > maju ka hareup 
> > da palaur disebut adigung, saur Kang Chaedar,
> tiasa
> > ditafsirkeun 
> > salaku ngebrehkeun "kompetensi" (kabisa, kamampuh,
> > jst) diri.  
> > 
> > Kitu saterusna, revitalisasi tiasa diteraskeun
> keur
> > ayat-ayat 
> > kabudayaan sejena. Upamana, anggapan US salaku
> suku
> > bangsa anu 
> > handap asor (sakapeung upami ningali kaayaan di
> > terminal atawa 
> > barudak ngora anu keur ngobrol jeung baturna anu
> teu
> > nolih ka sepuh 
> > anu ngalangkung, rada cangcaya kana ieu anggapan
> > teh), tiasa 
> > dipaparinan tafsir-ulang anu luyu jeung masalah
> anu
> > disanghareupan 
> > dina alam kiwari. Catetan khusus ngeunaan sikep
> > "handap asor" US 
> > (elehan-mut deui ka Kang Dudi). Mindeng kaayaan
> ieu 
> > teh "dimanfaatkeun" ku seler sejen, bukti-buktina
> > geus sakitu 
> > nembrakna, US kageser dina widang-widang kahirupan
> > kayaning padagang 
> > kaki lima, supir angkot, tug dugi ka anggota DaPuR
> > Daerah (pakait 
> > deui bae meureung jeung ayat "goong nabeuh
> maneh").
> > 
> > Anu ditataan di luhur teh nembe saemet
> revitalisasi
> > tina salah 
> > sahiji dahan unsur budaya basa (khususna
> paribasa).
> > Mangkaning 
> > sakitu nebana unsur-unsur budaya anu sadaya
> mibanda
> > ayat-ayat sewang-
> > sewangan. Upamana legenda atawa carita rakyat.
> Loba
> > anu nuduh US 
> > mindeng kabeurangan dina sagala rupa kagiatan da
> eta
> > cenah nurutan 
> > Sangkuriang. Lebah dieu, tetela penting aya usaha
> > revitalisasi 
> > pikeun legenda Sangkuriang. Tong boroning legenda
> > Sangkuriang, 
> > dalah "SILAS" oge kungsi aya anu nyawad, eta cenah
> > ayana SILAS anu 
> > jadi "icon" Propinsi Jabar teh ngabalukarkeun US
> > karunyaan teuing 
> > (sigana dina ngahartikeun SILAS teh ngarandeg ukur
> > tepi kana Silih 
> > Asih). Geuningan, SILAS oge perlu direvitalisasi
> > (saleresna parantos 
> > aya anu ngahartikeun-ulang SILAS dugi ka
> > masing-masing unsur SILAS 
> > mibanda 17 harti anu luyu jeung tangtangan
> kahirupan
> > ayeuna-tingali 
> > bae upamana "Kasundaan Rawayan Jati" yasana Abah
> > Surya).
> > 
> > Nyutat Kang Chaedar deui bae, lengkah revitalisasi
> > saterasna taya 
> > lian ti "ngararangkay sacara babarengan" (NSB
> atawa
> > perencanaan 
> > kolektif), sareng "ngahudangkeun kreativitas" (NK
> > atawa pembangkitan 
> > kreativitas). NBS dilaksanakeun ku cara
> sosialisasi,
> > jembarna 
> > nyalabarkeun informasi ngalangkungan naon rupa
> media
> > anu aya sareng 
> > ngawariskeun ajen-inajen, utamina ngalangkungan
> > dunya atikan. Dina 
> > raraga NSB teh biasa diayakeun diskusi, seminar,
> > kongres, tug dugi 
> > ka konferensi, disagigireun tangtu bae atikan,
> > khususna "wajib 
> > belajar" tea. Kalayan bahan-bahan jeung kurikulum
> > tina hasil 
> > revitalisasi lengkah kahiji tea. Mataholangna,
> > ngawangun kabudayaan 
> > teh moal bisa  sosorangan, kudu ngarupakeun
> kahayang
> > jeung prak-
> > prakan balarea. Pamugi bae, naon anu mekar dina
> > milist ieu kelebet 
> > kana ieu lengkah revitalisasi. Sangkan tambah
> buleud
> 
=== message truncated ===



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke