****************************************************
Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh!
Kalayan Nyebat Asmana Alloh!

Sampurasun!

Haturan Baraya KUSnét saalam dunya!
Pamugi sakumna Ki Sunda aya dina ginanjar kawilujengan, amin!

Baraya … ngauninakeun baé ieu mah.

Réhna kami, Balad POESAKA SOENDA parantos ngadegkeun rohangan, minangkana 
mah amparan pikeun ngaludang Serat Kabar POESAKA SOENDA(PS) ti Juli 1922 – 
Oktober 1927, nu parantos kapendak ku yasana Kang Ganjar Kurnia.
Saéstona amparan ieu téh masih bagéan ti lajuninglakuna salah sahiji hancaan 
bareng KUSnét, teu sing mun jadi tandingan pikeun Babakan KUSnét. 

Anapon jéjér nu aya dina ieu rohangan téh tayalian pikeun Balad KUSnét nu 
sanggem kapancén tugas kanggo ngetik ulang PS dina waktos nu parantos 
ditangtoskeun.

Ieu hasil hancaan téh seja disanggakeun ka Ki Hasan pikeun dilebetkeun ka 
ramatloka KUSnét sangkan tiasa ka aos ku balaréa.

Ku kituna kahatur baraya KUSnét di sakuliah dunya, ti suklak ti siklukna sim 
kuring sabagé wawakil Balad PS *ngulem* ka sing saha baé nu kagungan waktos 
kanggo réréongan nga-"transkrip" ieu PS pikeun kamangpaatan urang saréréa.

Sumangga dihaturan linggih di ramatlokana PS 
http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/ atanapi geusana ilubiung 
kintun baé serélék Andika ka [EMAIL PROTECTED]

Sakitu nu kapihatur.
Balungbang timur, caang bulan opat welas jalan gedé sasapuan.
Bahé carék, neda tawakupna baé!

Rampés!

 -Ki Adi-

 Samudaya pupujian saéstona pikeun Alloh!
****************************************************
 
-- 
***********************
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
************************


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke