Haturan Baraya, 
   
  si Kuring satuju kana naon anu didugikeun ku Kang engkus, satemena legenda 
Sangkuriang teh mangrupa palsafah hirup anu ngabedah diri urang sorangan, nga 
dijieun dongeng ngarah resep anu diwejangna. Aya deui dongeng Herkules eta sami 
palsafah diri urang sorangan anu sarimbag jeung palsafah sangkuriang.
   
  Sakitu heula bae ah, kumargi di pangumbaraan ayar ieu koneksi internetna teu 
acan setel yeuh.
   
  Wassalam
  dudi_ss
  ti bumi etam alias Kutai 
  

engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Sampurasun ka sadaya kidulur sunda,

Simkuring seja ngawaler ieu patarosan mugia bae aya
gunana kanggo sadayana, supados oge aya kajelasan dina
perkara ieu.
Dina legenda/sasakala Sunda sakaterang simkuring
umumna ngandung siloka nu ngandung palsapah nu
sakedahna diguar ku urang, kamana pamaksudanana. 

Istilah Guriang aya dina carita Sangkuriang sareng
Mundinglaya Dikusumah. Guriang digambarkeun sabangsa
lelembut (mahluk halus) jeung biasana jumlahna
tujuhan.

Guriang Tujuh asal tina kecap Guru hyang tujuh,
maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu
ngancik dina diri manusa, nyaeta : pangawasa,
pangersa/kadaek, hirup, pangrungu/denge, awas,
pangandika/ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati
manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun
kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain beja
estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuringna,
oge mangrupa alat utama pikeun ngalalakon kahirupan di
dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun
harkat jeung martabat dirina. Disebut lelembut sabab
teu katingali, cobi bae nu kumaha wujudna ari
pangawasa (daya)? nu kumaha ari wujud hirup?, nu
kumaha ari wujud awas?, jadi sifatna lelembut (mahluk
halus), nu kunu teu apal mah disebut bae sabangsa jin.

Sedengkeun Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring (Si
Kuring saur mang Oman tea mah), matak dina legenda
Sangkuriang waktu nyieun talaga jeung parahu
ngagunakeun Guriang Tujuh (naha ngango naon atuh dina
barang gawe mun teu ngagunakeun pangawasa, kadaek,
hirup, dangu, awas, ucap jeung angseu). Pon kitu deui
Mundingaya Dukusumah, waktu neangan Layang Sasaka
Domas nu aya di "sajabaning langit" (sajabaning langit
lain langit, lain bumi tapi nya eta diri badan
sakujur), sanggeus ngelehkeun Guriang Tujuh nya ilang
tanpa karana ngajanggelek jadi Guriang Tunggal (Guru
Hiyang Tunggal = hakekat 7 guru tadi nu utamana mah
kulantaran ayana Hirup).

Tah ku kituna mugia kang Asep oge dulur kisunda
sadayana, kade ulah mikaijid ka Guriang lamun ijid
ulah dianggo atuh eta tujuh pangawasa nu jadi guru
teh. Oge Sangkuriang ulah dipikaijid da sidik aya
jenung nganyahokeun sarta nyaksi nu ngancik di
sakuringna-sakuringna. Malah geura deuheusan. 

Pedaran simkuring sual panalungtikan harti legenda
Sangkuriang parantos dimuat di Majalah Cupumanik sasih
Januari 2007, mung eta mah versi ringkesna tina
ringkesan nu parantos diedit ku panerbit. versi
ringkesan sim kuring mangga engke dilebetkeun dina
milis ieu, upami lengkepna diperyogikeun nya mangga ku
im kuring oge bakal di pedar di ieu milis. 

Guaran simkuring sual legenda Mundinglaya oge parantos
rengse dipidamel, mung masih versi bahasa Indonesia.

Sakitu kapihatur ti Simkuring, mugia aya gunana keur
balarea.

Cag Rampes.

pun Engkus

--- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kahatur para bapa / ibu / akang/ aceuk / ujang /
> nyai anu di milis US,
> 
> Upami henteu lepat, guriang sareng sang guriang
> gaduh hartos negatif (awon) sareng dipikaijid. Tokoh
> Sangkuriang gaduh lafal anu ampir sami sareng Sang
> Guriang. Naha aya anu uninga hubungan antawis
> Sangkuriang sareng Sangguriang?
> 
> Hatur nuhun sahenteuacanna kanggo katerangannana.
> 
> Wassalam,
> Asep
> 
> 


      Recent Activity
    
      5
  New Members
  
      5
  New Photos

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Call indonesia  
   Organization culture

      Yahoo! Avatars
  Express Yourself
  Show your face in
  Messenger & more.

    New web site?
  Drive traffic now.
  Get your business
  on Yahoo! search.

    Yahoo! Mail
  Next gen email?
  Try the all-new
  Yahoo! Mail Beta.



  .

 
         


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke