Bawirasa simkuring, karakter Bima sanes kasar jeung gede ambek, tapi tegas teu 
pandang bulu, geuning sok aya omongan " Ora sanak...ora kadang..nek salah tak 
pateni.." Tegas jeung teu pandang bulu, sabab Bima ngalambangkeun Elmu dina 
perelmuan mah teu aya KKN, nu bener kudu dibenerkeun nu salah kudu disalahkeun. 
Matak digambarkeun dedegan Bima teh Jujul ka langit, Amblas ka bumi (elmu 
kanyaho ti langit nepi ka jero bumi). Pusakana Kuku Pancanaka (leungeun pikeun 
migawe, gunung ge bisa ditugar), jeung Gada si Rujak Polo (Otak nu 
dirujak/diaduk jadi pamikiran/kapinteran).

Hasil olah Otak jeung Leungeun ngahasilkeun anak (buah karya) mangrupa (1) 
Antareja nu bisa nembus Bumi (alat2pangeboran),  (2) Jayakatwang nu bisa napak 
hancang (parahu/kapal laut) jeung nyelem di samudra (kapal selam); (3) 
Gatotkaca nu bisa ngapung (pesawat terbang, pesawat ulang-alik), anu fungsina 
bisa ngajaga kadaulatan nagara. 

Bima boga kalung oray nu hartina "kapujanggaan" atawa kalinuhungan, Bima make 
anting-anting buah manggu (luarna pait jerona amis), jadi dina ngudak elmu ulah 
pantang atawa anti kana kritik, sok sanajan matak pai kana ceuli jerona mah 
amis. Bima make samping kotak-kotak beureum-koneng-bodas-hideung nu dingaranan 
"bangbitu aji (?)",  nu maksudna eta kanyaho teh ngancik dina wujud/raga nu 
asal tina acining seune-angin-cai-bumi. Leungeuna maka kilat bahu 
"candrakirana"  jsb........

Tah matak sawangan luluhur urang sabenerna geus linuhung, yen urang hirup di 
dunya teh kudu boga elmu (Bima), jeung eta emu bisa nembus ka jero bumi, ka 
jero laut jeung ka langit, ku lantaran can bisa ngagambarkjkeun bentukna, nya 
digambarkeun ku Atareja-Jayakatwang jeung Gatotkaca....... Nyatana eta sawangan 
teh bisa diwujudkeun ku urang Barat, nu ngawujudkeun dedegan bima (prak 
ngagunakeun Kuku Pancanaka jeung Gada si Rujakpolo meres otak).

Naha cukup ku boga elmu wungkul....?
Henteu.... sabab kudu jadi Samiaji-Arjuna-Nakula-Sadewa......, kalayan boga 
panakawan/nu ngaping ti Karang Tumaritis, hususna Semar alias Sanghyang Ismaya 
(Is=jero/eusi; maya=cahaya) nu hartina "rasajati" atawa "hati nurani".

Hapunten nun.

Cag.
Engkus   

--- Pada Sen, 16/8/10, Abbas <abas_ami...@yahoo.com> menulis:

Dari: Abbas <abas_ami...@yahoo.com>
Judul: [kisunda] Re: Gatotkacha-2
Kepada: kisunda@yahoogroups.com
Tanggal: Senin, 16 Agustus, 2010, 4:08 PM







 



  


    
      
      
      Hahahahaa, eta panginten ambek Jawaeun tea!

jadi nu kasar nu gede ambek aiibaratkeun ka UJ ! Hahahaaha



--- In kisunda@yahoogroups.com, "Ii Sumirat" <sumi...@...> wrote:

>

> Salian di bahasana kasar bima teh bahasana sok jawa wae lamun digambarkeun

> ku wayang golek oge 

> 

> Naha kunaon nya bah AA

> 

>  

> 

> From: kisunda@yahoogroups.com [mailto:kisu...@yahoogroups.com] On Behalf Of

> Abbas Amin

> Sent: Friday, August 13, 2010 7:48 PM

> To: kisunda; urangsunda

> Cc: ta...@yahoogroups.com; grek_2...@... cak.semprul

> Subject: [kisunda] Gatotkacha-2

> 

>  

> 

>   

> 

> 

> "Nun Kanjeng Rama Arya Bhimasena, sesembaheun Putra, mugia Rama

> enggal nyandak Putra ngadep ka Wa Yudhistira, sareng Paman Arjuna, Nakula

> Sadewa. Putra hoyong enggal nyungkeun diajar mentang jamparing. Rama."

> 

> "Hahahaha, alus.........  alus................. Tapi na waktu ieu Ki Arjuna

> keur tatapa

> di Leuweung Himalaya nu sanget pisan; teu nyaho dimana lebah2na; tak Kaula

> ayeuna keur neangan Paman Sampeyan, Arjuna. Ua maneh Yudhistira pindah2

> tempat matuhna di leuweung Kamiaka teh, jadi maning ge maneh mah latihan

> we terus; lantaran aya kamungkinan Pandawa bakal Perang ngalawab Kurawa."

> 

> "Wah...........Putra pasti bakal RESEP ngiring perang Rama; ulah dugi ka teu

> ngajakan Putra, Rama. Putra bingah pisan bisa perang sasarengan sareng

> sadaya sepuh2. Rama kedah yakin; salami masih aya Gatot kacha; salami

> Gatot Kacha masih hirup, kumelendang di alam dunya ieu; moal aya sing saha

> wae nu bisa nyodeka ka Para Pandawa, sepuh2 Kaula. Maning AJUR diri PUTRA

> ti batan ningali Rama sareng Paman2 pada cilaka. Ayeuna ge Rama; upami Rama

> Bhima ngidinan, bakal dibasmi eta Para Kurawa teh ku Putra !"

> 

> "Yoooooy , Gatoooot................   Kaula percaya ! Jeung memang maneh teh

> bener2 Anak Kaula ! Hahahahaha Kaula bungah kacida ! Boga anak sperti maneh

> Gatot kacha ! Tapi Kaula teu satuju. Jeung tong pipilueun perang ngalawan

> Kurawa;

> sesakeun ! Eta kabeh geus dijangjikeun bakal binasa ku Kaula ! Hahahahaha."

> 

> "Duuuh Rama, sembaheun Putra. Putra kalintang bingahna; yen ama tos nampi

> Putra; moal aya hiji kabungaheun nu ngelehkeun ieu ayeuna. Ku margi kitu,

> ama.

> Upami Rama butuh NYAWA Gatotkacha................   ayeuna keneh bakal

> dipasrahkeun ka Kanjeng RAMA ! Estu kula ihlas balilahan....................

> moal

> rek mungpang kapalay sampeyan, Rama Sena."

> 

> "Yooooy................Gatot.............tong ngomong nu euweuh

> gunana...........; maning

> ge siapkeun diri maneh keur engke nyanghareupan Perang Bharata Yudha.

> Eh..................   mun memang geus teu katahan hayang tepung jeung Uwa

> Yudhistira;

> jung.................tah ieu bawa Susumping Kaula. Moal teu ditarima; da

> saha jalmana

> nu bisa mamawa SUSUMPING Kaula; ari lain anak KAULA mah."

> 

> Kalintang bingahna Sang Gatot Kacha nguping kasauran Ramana nu kakuping 

> sakitu ngahargaan pisan ka anjeunna; mani nepi ka masihkeun susumpingna.

> Anjeunna oge yakin yen susumping Bhima moal aya nu wanieun ngarebut;

> ari lain hayang pondok umur mah. Da memang Ramana Bhima teh kacida gagahna.

> Kapan anjeunna oge dua kali dibantingkeun! Padahal pan pangawak Butha !

> Enyaan Rama Bhima gagah ! Aing reueus pisan boga bapa saperti Rama Sena.

> 

> Enggalna bae teu lami Bhima sosonoanana; Arya Djodipati saparantos pamit ka

> Hidimbi teras ngaleos mani ngan sakilat  tos teu katingal deui. Disebat

> pamit teh,

> nya eta nyarios:"Hidimbi ! Aing indit !" cenah ngan sakitu. Tapi katampina

> ku Hidimbi

> mah mani asa dielus elus nu kacida ROMANTISNA; ku ngan sakecap Bhima teh.

> 

> Gatotkacha rada heran oge ku kalakuan Ramana kitu; enggal wae tumaros ka

> Kanjeng

> Ibu Hidimbi:"Duuuh Ibu, Dewi Hidimbi sesembaheun Putra, Putra parantos

> diajar ku

> Jeng Ibu, adat etika sopan santun; tapi naha geuning sigana Rama Bratasena

> mah,

> asa kirang dianggo eta tata titi teh ?"

> 

> Hidimbi gumujeng, kapiasem ku patarosan Putrana Gatotkacha, enggal bae

> ngalahir:"

> Duuuh..............., Gatot kacha Putra Ibu, deudeuh teuing

> sampeyan..............; tah

> paman2 sampeyan teh kacida sopan santunna; Ibu oge bisa kieu teh dipasihan

> palajaran Ku Ibu Dewi Kunthi Nalibrata, nalika anjeunna leuleuweungan

> kapungkur

> tea. Tah eta tata titi adab teh dianggo ku sadayana, matak era urang mah nya

> kasar,

> nya manyang munyung, urang kampung bau lisung. Tah ari Rama hidep mah, nya

> eta Arya SENA..............duuuuh saperti Bangsa urang

> weeeee..............kalasar!"

> Waktos nyebat Arya Sena, Hidimbi teh rada imut, sareng pameunteuna rada

> beureum,

> lantaran memang ieu Hidimbi teh muja pisan ka BHima teh. Cek paribasana teu

> mikir deui masalah lain, nu aya di na manah Hidimbi mah salian ti BHIMA.

> Tapi ayeuna mah RINDU DENDAM teh rada kaubaran; saparantos lahirna ingkang

> Putra Gatot Kacha.

> 

> 

> HANCA   

> NB. : parunten upami salah ngetik; teu dipariksa2 acan da.

> Biasana ge ngedul; komo keur puasa mah atuh. Hehehehehe

>





    
     

    
    


 



  





Kirim email ke