Ngabahas kata boros, jadi emut "boros kunci" nu kanggo coel sambel raraosan eta 
basa sunda. Duka tapi istilah dina basa sanesna naon.

Sent from MobilePhone®

-----Original Message-----
From: Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo.com>
Sender: kisunda@yahoogroups.com
Date: Mon, 30 Aug 2010 18:36:41 
To: <kisunda@yahoogroups.com>
Reply-To: kisunda@yahoogroups.com
Subject: Re: boros=gancang beak? Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam

Tapi tiasa wae boros teh kecap basa Sunda oge. Kedah ditaliti langkung jero. 
Bilih jiga kecap ayah, gening eta teh kecap basa Sunda nu sering dianggo ku 
urang Baduy.



--- On Mon, 8/30/10, oman abdurahman <omana...@gmail.com> wrote:

From: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
Subject: Re: boros=gancang beak? Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
To: kisunda@yahoogroups.com
Date: Monday, August 30, 2010, 4:19 AM







 



  


    
      
      
      Aeh enya ketang nya, boros teh bisa jadi lain basa Sunda, atawa basa 
Sunda serepan tina basa Indonesia (dina harti "gancang beak" mah). Ke urang 
tanyakeun deui ka anjeunna. Ngan, bener wae, harita kuring oge teu taliti, 
ditarima wae yen "boros" di dinya teh maksudna sarua jeung "tereh beak" atawa 
"gancang beak" (ngorana).


manar

2010/8/30 Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>
















 



  


    
      
      
      naha enya boros teh gancang beak? lamun nu ngomong jiga kuring nu 
samasakali lain ahli basa sunda, ukur resep, tangtu definisi ieu teh moal nepi 
ka ditatanyakeun. ngan lantaran anjeunna teh dosen sastra (komo) sunda (komo) 
unpad, kuring jadi hayang ngomentaran ku pananya. tangtu wae ukur komentar 
jalma nu resep (wungkul) ka basa sunda.


basa kuring leutik, karesep teh ngadengekeun dongeng si rawing. lamun si rawing 
nu boga leungeung geheng ieu keur ngalalana, mileuweungan, manehna mah tara 
mawa bekel nanaon ti imah, estuning daharna teh ngandelkeun naon nu aya di 
leuweung. daging cangehgar, huhuian, jeung bongborosan. bongborosan, mun 
dipantarkeun ka pupucukan hartina sarupaning boros nu cek situs unpad mah 
contona teh temu lawak, temu kunci, jeung nu sejenna.


mun boros nu gancang beak mah kuring apal sanggeus wawawuhan jeung basa 
indonesia. dina kbbi daring, boros memang dihartian cara eta, berlebih-lebihan 
dl pemakaian uang, barang, dsb. 



nu jadi pertanyaan kuring, naha kecap boros dina basa sunda teh hartosna naon 
atuh? naha ukur sarupaning temulawak, temukunci? atawa tiasa oge hartina teh 
gancang beak?



inggis kuring mah, kusabab dimimitian ku nu salah, dosen sastra sunda unpad nu 
nuju nalungtik prabu borosngora teh nungtungan ku kacindengan nu salah. 



hatur nuhun, sareng punten...


2010/8/29 oman abdurahman <omana...@gmail.com>

















 



  


    
      
      
      


Sok sanajan kitu, naon anu ditepikeun bieu di luhur estuning karek hipotesa 
atawa gagasan awal wae. Ongkoh deui, sabagean gede tina sajarah Sunda jaman 
harita masih perlu dtalungtik deui, masih perlu diteangan bukti-buktina oge 
masih loba wacana diskusi ti para ahli. Upamana wae, kamari kuring ngobrol 
jeung dosen jurusan Sastra Sunda Unpad anu keur nalungtik prabu Borosngora tina 
sisi basa (istilah). 




Ceuk anjeunna, istilah "borosngora" nyoko kana maksud "gancang dewasa" (boros = 
gancang beak). Jadi, anu bergelar borosngora teh anjeunna anu geus dilantik 
jadi raja dina umur ngora keneh pisan. Di Sunda, dina mangsa harita, raja ngora 
atawa anu ngora-ngora geus jadi raja taya lian ti Prabu Wastukancana anu 
diwastu atawa dilantik jadi raja dina umur 14 taun (sakumaha kaunggel dina 
naskah wangsakerta jeung sababaraha naskah kuna Sunda sejenna) nalika ramana 
(Prabu Linggabuana) perlaya di Bubat. Ceuk dina naskah, Prabu Wastukancana 
dimakamkeunana di Nusa Pakel, Situ Lengkong. Pon kitu keneh ceuk carita rakyat 
Panjalu, Borosngora oge dikurebkeunana di Nusa Pakel, Situ Lengkong. 




Ceuk eta ahli basa Sunda, bisa jadi, Cakradewa teh taya lian ti Mangkubumi 
(raina Linggabuana) atawa Linggabuana ku anjeun. Sedengkeun "istana" anu di 
Cipanjalu eta istana sejenna lian ti anu di Kawali. Kapan geus jadi kabiasaan 
nepi ka ayeuna, pimpinan Pamarentahan (presiden) sok boga tempat peristirahatan 
atawa istana leuwih ti hiji. Pon kitu keneh jaman baheula, saurna.




Upama eta hipotesa sang dosen bisa dibuktikeun, menarik. Sabab, ceuk legenda, 
Prabu Borosngora teh anu terkenal diajar Islam ka Mekkah, anu teras pependak 
sareng Syaidina Ali, anu mulangna deui ka lemah cai nyandak cai dina siwur 
karancang (bolong-bolong) sakumaha ditugaskeun ku ramana (kamampuan mawa cai 
dina siwur karancang mangrupa syarat ti ramana, yen lamun geus bisa mawa cai 
dina siwur karancang hartina geus papangih jeung agama atawa ajaran sajati anu 
ditareangan ku manusa pikeun kasalametan hirupna. Eta cai saterusna diawurkeun 
ka hiji lengkob anu engkena jadi situ Lengkong ayeuna.




Eta carita bener henteuna wallohu 'alam. Ongkoh deui di Sunda mah geus jadi 
kabiasaan banyak carita sajarah anu dituturkeun (dicaritakeun ka generasi 
saterusna) dina wangun silib / simbol. Di Sunda kawentar silib, sindir, siloka 
jeung sasmita (4S) salaku media nepikeun hiji informasi. Dina lebah dieu, 
sajarah Borosngora (jeung Panjalu) anu nepi ka ayeuna teu jelas raratanana 
(ceuk elmu sajarah akademis) kaasup informasi anu ditepikeun ku simbol atawa 4S 
tea (momen "Borosngora" pependak sareng Syaidina Ali kw oge kaasup 4S) 




Upama eta hipotesis sang dosen jurusan basa Sunda di Unpad bisa dibuktikeun, 
bisa ditarik kacindekan, Islam lebet ka lingkungan karajaan Sunda teh memang 
geus ti beh ditu, ti jaman akina PS ku anjeun. Ngan, wayahna kudu sabar, ieu 
perkara danget ieu masih ditalungtik ku kang dosen sareng jurusan sastra Sunda 
Unpad. Mugia wae panalungtikanana mendakan buah anu mawa katerangan anu 
nyaangan urang sadaya.




Cag heula.

manar .

_,___






  









-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk




    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke