Nu ngadeg payuneun Baladewa teh, memang Batara Kresna; bari gumujeng
Btr. Kresna ngandika:"Ke heula yeuh, rek ngawarah naon, atawa kumaha ieu teh ?
Mani asa garasah garusuh, teu tartib sama sakali? aya naon ieu ?"

Baladewa:"Eh Yayi, tong pipilueun, ieu si Gatotkacha geus ngahina ka akang . 
Jadi kudu diwarah tah, sakalian jeung bapana, mun teu tarima."

Kresna:"Lamun enya Gatotkacha ngahina ka akang, tong akang atuh, yayi 
sorangan nu bakal ngawarahna. Tapi cobi terangkeun, dimana jeung kumaha
ngahinana eta Gatotkacha ka akang teh ?"

Baladewa:" Bukti ! eta we Dursasana balikna baluncunur, cenah digebugan ku
Gatotkacha !"

Kresna:"Hehehehe, eta si Dursasana teu boga ka era laporan bari jeung digebugan
ku budak kamari sore. Asa teu pararantes. Teras
 iraha Gatotkacha ngahina ka 
akangna."

Baladewa:"Nya harita keneh, waktu keur gelut jeung Dursasana emureun."

Kresna:"Naha meureun.............  jadi akang dihina teh langsung ku Gatotkacha
atawa kumaha ?"

Baladewa:"Eu .... nyeta cek laporan Dursasana, piraku sugan bohong !?"

Kresna:"Eta kumaha ? Naha laporan kitu2 bae bisa dipercaya? Boa Dursasana 
hayang males ka Gatotkacha; ku lantaran tey sanggup, terus ngadu ka akang,
supaya akang ngawarah Gatotkacha! Padahal can jelas bener henteuna?"

Sajongjonan Baladewa melengek; tapi ku margi isin sareng tos kapalang, lajeng
anjeunna nyarios:"Ah, keun we rek bener rek henteu; ayeuna jelas Gatotkacha
geus wani neunggeul ka akang; moal diantep."

Kresna:"Sireum wae ditincak mah ngegel; komo ieu atuh Gatotkacha nu teu tuah
teu dosa jol2 digebugan; nya pantes we ngalawan atuh."

Baladewa:"Ah yayi, da sampeyan mah pinter pisan ngagulak gilek
 omongan.
Seug geura minggir; keun hayang nyoba nepi ka mana kagagahan si Gatotkacha teh."

Kresna:"Eh, ieu mah ari geus ngaberung napsu teh. Jeungna deui coba pikir ku
kakang, naha salah omongan Kaula teh ? Salahna dimana ?"

Baladewa:"Nyta sampeyan mah ngabela teuing ka Pandawa. Tuh ka akang oge
wani ngalawan."

Kresna:"hehehehe, nu penting mah bebeneran. Mun nuduh Gatotkacha atuh sing 
bener nuduhna ulah asal tuduh wae. Nyatana kapan Kakang Baladewa siadu domba 
tah ?"

Baladewa:"Ah teu diadu doma, da nyata Dursasana, Durmaganda, Durmagati
tarapakan urut diteunggeulan ku Si Gatotkacha ! Nanaonan wani2 ngagelutan
Durasasana? Kapan eta teh kurang ajar, lain ?"

Kresna:"Taros heula atuh sok..........  naon sababna kituh Gatotkacha wawanianan
neunggeul Dursasana?"

Baladewa rada leler ayeuna terus naros ka Gatotkacha:"Eh Gatotkacha ! Naon 
sababna sampeyan wani neunggeulan Dursasana
 ?"

Gatotkacha:"Nun Ua Baladewa , Putra teu pisan2 culangung ka Wa Dursasana,
mung bae anjeunna nu ti payun bade neunggeul ka Putra; nya ku Putra dilawan !"

Baladewa:"Naon sababna Dursasana neunggeul?Kapan moal mungkin jol2 neunggeul
teu pupuguh ?"

Gatotkacha:"Lantaran alatan Paman Burisrawa ilang; tah jadi lepat paham."

Baladewa:"Baruk soal Burisrawa ? Naha atuh Gatotkacha pipilueun campur urusan
Burisrawa ?"

Gatotkacha:"Lantaran Paman Burisrawa tos nyilakakeun Kangjeng Bibi Wara 
Sumbadra."

Baladewa:" Naon !??? Sing bener ari ngomong Gatotkacha ! Ulah nyieun Fitnah!"

Kresna motong:"Tah kapan seueur teu terangna nya, Kakang Baladewa........."
Derekdek we Kresna nyarioskeun Sumbadra cilaka dugi ka ditulunganana ku
Antareja. Sajongjongan mah Baladewa melengek we, lantaran asa helok pisan.
Tapi memang anjeunna oge uninga yen Burisrawa teh resepeun pisan ka Sumbadra
ngan teu dilayanan;
 jadi mun nekad tea mah wajar.

Baladewa:"Ke heul anan, ayeuna kumaha tah Burisrawana mana ?"

Kresna:"Nya eta Pandawa ge keur neangan; tapi kang , Yayi aya hiji Bukti bakal
ditembongkeun ka akang...........Yayi, yayi Kaipe sok mana eta ali teh ka 
akangkeun."

Enggalna bae Arjuna tos nyandak eta ali teras dipasihkeun ka Kresna.

Kresna:"Tah ieu geuning Kang aya ali ieu, apal teu ?"

Baladewa:"E eh........... ieu mah jiga ali ti urang Stra Gandamayit........."

Kresna:"Tah geuning apal akang ge...........mun Burisrawa di ditu di dieu teu 
aya,
mungkin oge ayana keur nyumput di Setra Gandamayit; kumaha tah ?"

Baladewa:"Ah enya jigana mah, keun atuh Kaula rek neangan Burisrawa kaditu; 
bakal
ngajakan balad2 Astina keur ngajoragna. Eh Bima hampura akang, geus wani2
nuduh ka anak sampeyan.............Yudhistira, akang pamit."

Bima:"Yoooy..............   mun teu aya Kresna........... mo bisa
 balik kitu wae Baladewa."

Kresna:"Hehehehe..........   atos rai keun we eta mah bahan palajaran keur 
urang,
ulah sok garasah gurusuh sagala teh; kudu taliti heula; pan era tah ?"

Bima:"Hahahaha ...........  enya , memang sampeyan mah bener wae."

Hanca



      

Kirim email ke