MAUNG PANJALU : SASAKALA
by Richadiana Kartakusuma<http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874>on
Tuesday, September 21, 2010 at 3:17pm

*Sasakala Maung Panjalu *

Kocapkeun di Karajaan Majapahit, Prabu Brawijaya anu ngaheuyeuk eta nagara
keur anteng neuteup bulan purnama. Nginget-nginget kajadian mangsa ka
tukang, kajadian anu ngabengkahkeun dua karajaan, Karajaan Majapahit jeung
Karajaan Pajajaran. Kajadianana memang geus lila pisan, geus kaliwat sapuluh
kitu taun ka tukang. Nyaeta kajadian anu katelah Perang Bubat.



Timbul niat anu luhung dina manahna. Niat pikeun nyambungkeun deui duduluran
anu kungsi kapegat ku rasa ceuceub. Sabab dihenteu-henteu oge, upama dijujut
ka puhu mah, Raja Majapahit jeung Raja Pajajaran teh ti karuhunna mah
tunggal sakocoran. Carana mah bisa ngaliwatan pertikahan. Kabeneran Prabu
Brawijaya lalagasan keneh.



Sang Prabu Brawijaya enggal nyaur Patih. Barabat atuh nyaritakeun
pamaksudannana, nyaeta ngalamar putri Karajaan Pajajaran, anu geulis Putri
Kencana Rarang. Tujuanana, taya lian pikeun nyambungkeun tali silaturahmi
anu kungsi pegat pisan.

"Kasalahan karuhun urang baheula, henteu hade lamun akibatna terus dikukut,
sarta henteu perlu diwariskeun ka anak-incu."

Patih sapuk kana pamaksudan Sang Prabu.



Poe eta keneh Patih tatan-tatan, ngumpulkeun balad sarta nyadiakeun bekel
pikeun indit ngajugjug ka Karajaan Pajajaran. Eta rombongan diluluguan ku
hiji Mantri. Dina waktu anu geus ditangtukeun, eta rombongan utusan
Majapahit teh indit ninggalkeun nagarana maju ngulon. Lalampahan anu henteu
gampang lantaran nyorang leuweung geledegan.



Kacaturkeun eta rombongan utusan teh geus tepi bae ka puseur dayeuh Nagara
Pajajaran anu perenahna di Dayeuh Kawali. Utusan Majapahit meunang pangbagea
anu hade, boh ti rahayat Pajajaran, boh ti Raja Pajajaran. Mantri anu jadi
kokolot utusan Majapahit masrahkeun surat ti Prabu Brawijaya anu unggelna
seja ngalamar Putri Kencana Rarang bari sakantenan maheutkeun deui tali
silaturahmi antara Karajaan Majapahit jeung Pajajaran.



Raja Pajajaran nampi eta lamaran, ngingetkeun kana niat luhung Raja
Majapahit. Ajakan pikeun hirup sauyunan memang kudu ditarima kalawan jembar.
Manakomo, Sang Prabu Brawijaya teh yuswana teu sabaraha geseh sareng Nyi
Putri. Tumut kana kapalay sepuhna, Nyi Putri oge kersa dipihukum ku Raja
Majapahit. Malah harita keneh oge ditangtukeun waktuna. Wanci anu mustari
pikeun jatukrami.



Dina waktu anu geus ditangtukeun, Sang Prabu Brawijaya sareng rombonganana
angkat ka Pajajaran kanggo rendengan. Sadugina ka Pajajaran, teras bae
direndengankeun nyandingkeun kembang Pajajaran Kencana Rarang. Munggah nurub
cupu, nu kasep sareng nu geulis. Der atuh ngayakeun pesta kacida ramena.
Pesta nagara tujuh poe tujuh peuting. Sagala tatabeuhan ngageder taya
reureuhna, lir anu nembongkeun kabungah nyacapkeun kasono.



Sanggeus rengse pesta jeung sukan-sukan, Putri Kencana Rarang dicandak ka
Majapahit. Ngiring ka ingkang caroge ngaheuyeuk dayeuh. Rumah tanggana
estuning reugreug pageuh, ditilaman ku kanyaah dipupuk ku kadeudeuh.
Sawatara bulan ti harita Putri Kencana Rarang wawartos ka carogena yen
anjeunna ngandeg. Sang Prabu Brawijaya kalintang suka manahna.



Nalika bobotna bade majeng ka salapan sasih, bet jorojoy we dina manah Nyi
Putri aya kapalay nyelang mulih ka Pajajaran, ku margi palay babar di bali
geusanna ngajadi, disakaikeun ku ibu ramana katut kadang wargi. Kawitna mah
ku Sang Prabu teu kawidian. Komo deui Nyi Putri dina kaayaan bobot, anu ceuk
itungan indung beurang mah, moal dugi ka sasasih oge orok baris medal.



Nanging ku margi Nyi Putri keukeuh, sareng nyariosna dibarung ku merebey
mili, ahirna mah Sang Prabu teh leah manahna.

"Mangga atuh ari Rai maksa angkat mah. Mung hapunten, Engkang teu tiasa
ngajajapkeun, ku margi nuju pameng mayunan nagara," saur Sang Prabu
Brawijaya. Anjeunna ngutus hiji Mantri kapetengan, kanggo ngajajapkeun Nyi
Putri ka Pajajaran.



Sanggeus bekel katut para pangiringna sadia, bring atuh rombongan Putri
Kencana Rarang angkat ti Majapahit seja ngajugjug ka Pajajaran. Angkat
nyacat nyorang leuweung geledegan, mipir-mipir pasir mapay-mapay jungkrang.
Nyi Putri angkatna ditandu kana joli. Diaping ku Mantri katut para ponggawa.
Sanaos kedah nyorang jalan rarumpil, Nyi Putri katingal paromanna bear
marahmay, kumargi bade tepang sareng ibu ramana.



Sanggeus sababaraha puluh poe lumampah, rombongan Nyi Putri anjog ka hiji
tempat di suku Gunung Sawal, kuloneun Ciamis ayeuna. Nyi Putri ngaraos
nahnay sareng lalesu. Sering karaos patuangan sapertos nu bade babar. Terus
bae pupuhu rombongan teh paparentah supaya rombongan eureun di dinya sarta
nyieun sasaungan pikeun Nyi Putri reureuh, jeung bisi enya deuih Nyi Putri
babar di dinya.



Mantri pupuhu rombongan paparentah deui, supaya ngadegkeun wawangunan anu
tohaga. Sabab Ki Mantri ningali galagat Nyi Putri, kana bakal lami reureuhna
di dinya. Pikeun nyieun eta wawangunan tea, loba tangkal kai anu rubuh
ditaluaran, anu ku urang wetan mah disebutna "tumbang". Eta tempat
dingaranan bae Panumbangan. Kiwari jadi ngaran kacamatan di Ciamis kulon.



Henteu lepat tina panyangka sadayana, teu lami ti harita Nyi Putri
ngalahirkeun. Orokna kembar sapasang: istri-pameget. Anu mimiti medal teh
orok anu pameget, anu matak dianggap bae rakana. Ari anu istri, dianggap
raina. Ari balina dilebetkeun kana pendil sarta dikubur di handapeun tangkal
kai, kai badag sarta dahanna ngarampidak.



Saparantos Nyi Putri salirana jagjag, rombongan neruskeun deui
lalampahanana, ngajugjug ka Kawali, puseur dayeuh Pajajaran. Sababaraha poe
ti harita rombongan geus tepi. Nyi Putri dibageakeun ku ibu ramana, dibarung
ku kabungah anu taya hinggana. Komo deui ieu mulihna bari nyandak
murangkalih, kembar sapasang anu kasep jeung geulis, estu mulus sarta taya
kuciwana.



Nyi Putri nyaritakeun lalampahanana, Ti kawit angkat ti Majapahit dugi ka
babarna di Panumbangan. Mung eta murangkalih anu dua tea, teu acan dipaparin
jenengan. Saparantos dietang sagala rupina, eta dua murangkalih dipaparin
jenengan ku eyangna, nyaeta Raja Pajajaran. Anu pameget jenenganana Bongbang
Rarang, ari anu istri jenenganana Bongbang Kancana.



Eta murangkalih dirorok ku eyangna, kitu deui ibuna, Kencana Rarang.
Anjeunna henteu mulih deui ka carogena di Majapahit, nyaeta ka Sang Prabu
Brawijaya tea. Dua murangkalih teh morontod pisan. Beuki gede teh beuki
tembong cahayana. Bongbang Rarang kasep lir Dewa Kamajaya. Bongbang Kancana
geulis lir Dewi Ratih. Kacida pisan dipikanyaahna ku nu jadi eyang, kawantu
putu ti putra istri kameumeut.



Tapi nepi ka umurna nincak rumaja, eta barudak teh henteu nyahoeun bapa
lantaran kacida dibunianana ku akina. Kitu deui sakabeh pangeusi karaton,
diwanti-wanti ulah aya anu nyaritakeun bapana eta barudak anu aya di
Majapahit. Lain ku nanaon, akina kacida risina, sieun incu anu kacida
dipikanyaahna, indit nepungan bapana di Majapahit, sasatna mah lunta ti
Karajaan Pajajaran.



Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana panasaran hayang nyaho bapana anu
saestu. Unggal nanyakeun ka sing saha bae, jawabanana sarua, bapana teh Raja
Pajajaran. Eta jawaban henteu nyugemakeun hatena. Sabab ibuna ka Raja
Pajajaran teh nyebat Ama, meureun ka maranehna teh perenah incu. Bongbang
Rarang jeung Bongbang Kancana beuki gede teh beuki tambah panasaran bae.

Nepi ka hiji mangsa mah, eta dua budak teh ngadesek hiji emban, emban
kapercayaan ibuna ti bubudak supaya ngabejakeun bapana anu sajati. Ku
lantaran terus diguliksek, ditanya ku duaan meh unggal usik. Ahirna eta
emban teh eleh deet. Pok bae atuh ngomong halon, "Rama Raden teh anu
saleresna mah Sang Prabu Brawijaya Raja Majapahit."



Ayeuna Bongbang Rarang nyahoeun bapana. Tangtu we eta hal teh matak kaget
Sang Raja. Ditanya saha anu mere nyaho, Bongbang Rarang, kitu deui Bongbang
Kancana, henteu daek betus lantaran inget kana jangjina, moal ngabejakeun
jalma anu mere nyahona. Ngan ti harita Bongbang Rarang terus ngurihit,
sangkan akina ngidinan pikeun indit ka Majapahit. Tapi Raja Pajajaran henteu
ngidinan bae, lantaran melang bisi kuma onam di jalanna.



Ahirna dina hiji peuting jemplang-jempling, Bongbang Rarang ngalolos ti
karaton, niatna geus gilig rek indit ka Majapahit, nepungan bapana anu jadi
raja di Majapahit. Isukna, sapangeusi karaton ibur, Bongbang Rarang teu aya
di karaton. Bur-ber anu nareangan ka ditu ka dieu. Weleh anu diteanganana
henteu kapanggih, leungit lir anu diteureuy ku poekna bumi.



Kocapkeun adina, Bongbang Kancana, sanggeus nyaho nu jadi lanceuk ngalolos,
rerencepan nyusul ngalolos ti karaton. Henteu lila oge Bongbang Rarang
kasusul, lantaran samemehna geus pasini jangji, tepung di hiji tempat anu
dirusiahkeun. Terus atuh duanana neruskeun lalampahan, maksudna rek
ngajugjug ka Majapahit, nepungan bapana anu jadi raja di ditu.



Barang nepi ka hiji tempat, anu kiwari katelah Panumbangan tea, Bongbang
Larang kacida hanaangna. Kokotetengan neangan cai ka ditu ka dieu, weleh
henteu manggih. Breh bae ningali pendil handapeun tangkal, ditingali ku
Bongbang Larang aya caian, caina herang ngagenclang bangun tiis. Matak uruy
nu keur meujeuhna hanaang.



Henteu diengkekeun deui, cai dina pendil teh ditotor nepi ka beak. Teuing
kumaha mimitina, pendil milepas. Blus teh asup kana sirah Bongbang Larang.
Sirah Bongbang Larang seret beuheung, katutupan ku pendil anu dijieunna tina
beusi. Dicoba dilaan, malah ku duaan, hese pisan. Ti dinya Bongbang Larang
indit, leumpangna ditungtun ku Bongbang Kancana, maksudna rek menta tulung
ka nu lian.



Sakur jalma anu dipentaan tulung, euweuh anu bisaeun ngalaan eta pendil. Ti
dinya aya jalma anu ngabejaan, sangkan Bongbang Larang dibawa ka dukun,
dukun kaceluk sakti, ngaranna Aki Garahang. Barang tepung jeung Aki
Garahang, barabat atuh Bongbang Kancana nyaritakeun lalampahanana ti awal
nepi ka ahir. Ditetek taya nu kaliwat.



Sanggeus ngadenge caritaan Bongbang Kancana, pok Aki Garahang ngomong
antare.



"Eta teh pangajaran keur hidep duaan, yen sagala kalakuan anu henteu
diidinan ku kolot, sok matak aya balukarna anu henteu ngeunah. Jeung deuih,
Ujang, Nyai, ari nginum notor tina pendil teh kalakuan anu teu hade."



Aki Garahang karunyaeun ka Bongbang Larang. Pokna, "Keun sugan bisa urang
akalan ku Aki."



Sup Aki Garahang ka kamarna, metakeun tatali paranti ngukus ka karuhun. Aki
Garahang sidakep sinuku tunggal, neneda pituduh ka Hyang Widi. Aki Garahang
meunang ilapat, yen eta pendil kudu dibeulah ku kujang pusaka. Aki Garahang
nyokot kujang pusaka, pek dikadekkeun kana pendil beusi. Teu sakara-kara,
pendil bencar sapada harita.



Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana dititah nganjrek heula di dinya, ulah
wara neruskeun lalampahanana. Eta dua rumaja teh nurut ka Aki Garahang. Dina
hiji poe, Aki Garahang rek iinditan. Samemeh Aki Garahang indit papadon
heula, sangkan Bongbang Larang Bongbang Kancana ulah wani-wani ulin ka
Cipangbuangan. Ari Cibangbuangan teh mangrupa talaga, anu caina canembrang
herang.



Abong nonoman keur meujeuhna belekesenteng, dicaram teh lain nurut tapi
kalah ka panasaran. Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana siga anu
ngahajakeun ulin ka Cibangbuangan. Breh ningali cai talaga anu sakitu
herangna. Jorojoy bae lanceukna aya karep hayang kokojayan. Teu loba carita,
gebrus Bongbang Larang ancrub, terus kokojayan bangun nu ngeunaheun naker.
Bongbang Kancana kabitaeun, brus ka talaga. Duaan arulin kokojayan
sukan-sukan dina cai.



Lila-lila dina saluar awak eta dua nonoman barijil bulu belang koneng jeung
hideung. Janggelek bae duanana jadi maung. Maung lodaya jalu jeung bikang.
Barang duanana saladar kana eta kajadian, terus silihrangkul bari ceurik
paungku-ungku. Duanana kaduhung geus ngarempak larangan. Tapi kaduhung ti
pandeuri mah taya gunana.



Dua maung kajajaden teh balik deui nepi ka pangajrekanana di imah Aki
Garahang. Aki Garahang geus nyampak deui di dinya. Ges teg bae eta maung teh
maung kajajaden, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana, anu geus ngadon
mandi di Cipangbuangan. Pok Aki Garahang ngomong bari dareuda, "Ayeuna mah
Aki henteu bisa nulungan lantaran hidep duaan geus ngarempak larangan jeung
henteu nurut kana papatah kolot."



Dua maung kajajaden teu panjang tatanya. Sanggeus amitan ka Aki Garahang,
duanana neruskeun deui lalampahanana. Barang meuntas di Walungan Cimuntur,
duanana ampir-ampiran keuna ku ajal lantaran kajiret ku akar oyong. Sanggeus
leupas tina eta bahaya, Bongbang Larang kabawa palid ku Walungan Cimuntur
anu caina tarik.



Bongbang Larang kabawa palid ka hilir, terus kasedot asup kana gawul
tataheunan, nyaeta tangkal kawung anu dibobok tengahna, tataheunan paranti
ngala lauk di walungan. Untungna bae ditulungan ku hiji patani. Bongbang
Larang katut gawulna, dihanjatkeun ka darat ku eta patani. Tuluy eta gawul
teh dibeulah ku kampak. Sakali dua kali, nepi ka puluhan kalian, tapi gawul
teh teu daek beulah bae.

Ku lantaran geus ngarasa taak, Bongbang Larang dibawa ka Raja Panjalu anu
harita mah linggihna di Dayeuhluhur. Bongbang Kancana ngiclik di
tukangeunana. Srog ka payuneun Raja Panjalu, barabat eta dua maung teh
nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Raja Panjalu kacida pisan
karunyaeunana. Gawul dilaan tina awak Bongbang Larang, molonyon siga anu
babarieun pisan.



Minangka mulang tarimana ka Raja Panjalu, Bongbang Larang jeung Bongbang
Kancana jangji moal ngaganggu ka turunan Panjalu iwal anu ngalampahkeun tilu
perkara. Kahiji, anu nginum ditotor tina pendil. Kadua, anu melak tangkal
oyong. Katilu, anu nyieun gawul tina kawung bari henteu dibeulah heula. Eta
jangji maung kajajaden teh dikuatan ku jampe pamake Raja Panjalu.



Ti dinya eta dua maung kakajaden teh neruskeun deui lalampahannana, nyorang
leuweung-leuweung geledegan, mipir-mipir pasir, mapay-mapay jungkrang,
ngaraas teuing sabaraha walungan. Ahirna anjog bae ka Karajaan Majapahit,
maksudna rek nepungan bapana.

Barang srog ka lawang saketeng karaton, gulang-gulang anu ngajaga lawang
pahibut bari nyangking pakarangna. Lantaran disampeurkeun ku maung, maung
sadua-dua jeung galede deuih. Tuluy bae atuh maung teh pada ngepung. Gancang
dihuit ku Bongbang Larang. Anu ngarepung karaget tingraringeuh, mireungeuh
aya maung bisa cacarita.



Bongbang Larang nyaritakeun, saenyana manehna duaan teh putra Raja
Majapahit, Sang Prabu Brawijaya, ti Putri Kencana Rarang ti Pajajaran. Geus
kitu mah, eta dua maung teh dianteurkeun ka jero karaton, ngadeuheus ka Sang
Prabu Brawijaya anu harita nuju aya di paseban, ngempel sareng abdi-abdi
karaton.



Sang Prabu Brawijaya kaget manahna nampi dua tatamu aneh anu ngadeuheus.
Barabat atuh Bongbang Larang nyaritakeun lalakonna ti mimiti ngalolos ti
Pajajaran, robah wujudna jadi maung di perjalanan, tug dugi ka ayeuna aya di
payuneun ramana. Ngadangu kitu, Sang Prabu ngagabrug. Dua maung kembar teh
digalentoran, nyacapkeun kasono ka nu nembe tepang. Tapi ku lantaran ayeuna
mah geus beda, wujudna geus robah jadi maung lodaya, pok bae Sang Prabu
Brawijaya sasauran.



"Ujang, Nyai, sanajan ayeuna geus robah, tapi taya bayana pikeun nyieun
kahadean, taya salahna pikeun meunang kabagjaan."

Bongbang Larang ditimbalan jadi raja di sakuliah leuweung Majapahit. Ari
Bongbang Kancana ditimbalan jadi ratu di sakuliah leuweung Pajajaran.



Ceuk sakaol, sataun sakali unggal Mulud, eta dua maung sok ngahajakeun
papendak. Ari tempatna matuh di Panjalu. Nya ti harita deuih aya pacaduan
pikeun sakabeh turunan Panjalu, nyaeta teu meunang notor cai tina pendil,
teu meunang melak oyong, jeung teu meunang nyieun kuluwung tina kawung anu
henteu dibeulah heula.

http://www.facebook.com/notes/richadiana-kartakusuma/maung-panjalu-sasakala/434972859474

Kirim email ke