Kutan di karawang Kang Oca? 
Mugia sing enggal ngawujud supados seuweu siwi pajajaran tiasa ngajajar deui 
sakumaha kedahna. 


wassalam
dudi_ss



________________________________
From: Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
To: kisunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, October 15, 2010 0:01:54
Subject: Re: [kisunda] Raratan Pakuan di Bogor, Fungsina, jeung Buktina Ayeuna

  
muga pareng
uin dipercanten kanggo ngawangun kadatwan pajajaran di karawang
dina raraga musium perjalanan napak tilas kerajaan/kesultanan sa nusantara
luasan 300 hektar, tiap karajaan/kasultanan sa nusantara bakal nyieun karatonna 
masing2
duitna disiapkeun ku pamarentah, taun 2011


2010/10/14 mh <khs...@gmail.com>

  
>mun nitenan obrolan perkara karaton pajajaran "sri bima punta narayana madura 
>sura dipati"
>nu ngalangkang dina pikiran uing, eta wangunan teh gedong sigrong nu agreng 
>jiga 
>karaton cina atawa jepang
>nu sok kapanggih dina film babah ngamuk.
>
>padahal mun noong karaton urut raja-raja batak di samosir, eta wangunan 
>karaton 
>teh ukur saung ranggon kai.
>
>kulantaran karaton pajajaran teu kapanggih urutna, hayoh pikiran urang teh 
>ngacacang kamana-mana
>urang meakeun waktu keur ngalamun we, lain geura nyarieun karaton nu agreng 
>sorangan.   
>
>
>
>
>2010/10/14 Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
>
>  
>>sedengkeun dikebon raja,(sanes kebon raya) eta wilayah ka ratuan
>>janten kadaton pajajaran didinya pisan(saur data ti ambu sanes karaton tp 
>>kadatwan)
>>paku jajar dilawang gintung (numutkeun pantun bogor) dialihkeun ku rafles ka 
>>kebon raja
>>cocok srg ugana , bakal di alihkeun
>>rafles ngundang arsitek karajaan inggris keur ngadisain istana bogor
>>si arsitek studi lokasi, sihoreng pas pisan posisisna sareng wangunan 
>>kadatwan(karaton) ps baheula
>>rencana dibangun dua lantai teu laksana kusabab runtuh, jadi ngan salantai dk 
>>kiwari
>>anu teu acan ka impleng nyaeta wilayahkaramaan
>>di impleng  ku uin  di gn halimun/gn gede, 
>>anu di jl sawojajar ayeuna dianggo ku kelompok hususpasatriaan.(snes 
>>pasantriaan)
>>sok aya pangajian, malem salasa kasundaan, malem jumat ka islaman
>>anu pernah di tentang ku mui bogor, aliran sesat. tapi salamet da direntog ku 
>>massa na
>>balik deui ka masterplan kawsan lima bangunan mun ditingali dina google earth
>>cigana payus komplekna oge penataanana, sa sistem jeung pola baduy
>>cikeusik(karamaan), cikertawana(karesian), cibeo(karatuan)
>>posisi wangunan kadatwan pajajaran nyanghareup ka kaler(sunda kalapa)
>>bagian tukangna nyanghareup ka kidul(palabuhan ratu)
>>numatak ditukangna dijieun situ gunting lambang laut kidul.
>>nuansa/dangiang kidul jeung kaler beda pisan, kidul leuwih geueumeun.
>>kamar tidur bk di istana bogor nyanghareup ka kidul.
>>hotel salak tempat bale pasamoan, panggihna ps jeung somah didinya
>>(sok kajadian di hotel salak, tengah peuting kadangu anu ngalobrol rame???)
>>imah uin baheula di gedong sawah , deukeut hotel salak.
>>jadi dina analisa sementara, tangtu telu teh salian ti sistem ka nagaraan
>>oge diterapkeun dina master plan kawasannana, posisi lokasina merenah pisan
>>mun pareng, uin gen arek nerapkeun pola ieu di bandung barat, meungpeung can 
>>ditata
>>sabab asup ka kawasan g sunda, tkb parahu jeung sangkuriangna.
>>kunaon uin apal batutulis?
>>sabab lima taun keur budak jadi pangulinan, waktu imah di bondongan/empang.
>>gedong nasional, alusna mah keur pramuka/knpi, (putera mahkota),sabeulah 
>>gedong 
>>walikota
>>cag heula , bd ngonsep deui keur tender
>>hn*0catea
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>2010/10/14 Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
>>
>>
>>bah oman kidulur,
>>>uin salaku arsitek ogen sami nuju ngimpleng eta kawasan (kabeneran timimiti 
>>>borojol dk sma di bogor)
>>>kumaha site plan sareng masterplan eta karaton anu lima teh
>>>numatak bung karno ngadamel pasanggrahan di jl. batutulis pasti ngimpleng 
>>>kadinya
>>>eta wilayah karesian
>>>numatak kamar utamana disisi cisadane mayun ka makam eyang rangga gading
>>>di aranan eta vila  ku bk teh "hing puri bima sakti"
>>>
>>>
>>>2010/10/9 oman abdurahman <omana...@gmail.com>
>>>
>>>
>>>  
>>>>Baraya,
>>>>
>>>>
>>>>Kaparengkeun kamari sore si kuring di kantor kadatangan Mang Deden ti 
>>>>yayasan 
>>>>anu medalkeun buku-buku ngeunaan PS di Bogor. Sanggeus sawatara waktu uplek 
>>>>ngobrol, obrolan teh ngadon los kana raratan sabudeureun patilasan istana 
>>>>Pakuan 
>>>>jaman Pajajaran PS di Bogor, fungsina, lebah-lebahna, jeung kumha buktina 
>>>>ayeuna. 
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>Geus seueur anu uninga, yen dumasar naskah kuno, istana pakuan ti karajaan 
>>>>Pajajaran teh anu utama diwangun ku 5 bangunan/istana anu masing-masing 
>>>>ngabogaan ngaran, aranna kamashur: Istana Sri Bima, Punta, Narayana, 
>>>>Madura, 
>>>>Suradipati. Lian ti eta, PS ngadamel oge: taman karajaan, bale agung, 
>>>>kabuyutan/lemah dewa sasana keur para pendeta atawa keur sakola/kompleks 
>>>>perguruan tinggi lamun jaman ayeuna mah, katut komplek para ksatria 
>>>>(meureun 
>>>>lamun jaman ayeuna mah asrama tangtara).
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>Kasanggakeun di handap ieu informasi hasil obrolan sareng Mang Deden 
>>>>ngeunaan 
>>>>raratan patilasan istana Pakuan, jaman Pajajaran PS:
>>>>
>>>>
>>>>    * SRI BIMA, fungsina : tempat raja; pernahna ayeuna: Istana Bogor 
>>>>    * PUNTA, fungsina: tempat prameswari jeung selir; pernahna ayeuna: 
>>>> gedong 
>>>>Regina Facis 
>>>>
>>>>    * NARAYANA, fungsina: tempat putera-puteri raja; pernahna ayeuna: 
>>>> Kantor 
>>>>Bakorwil / Ex Keresidenan
>>>>    * MADURA, fungsina: tempat gempungan; pernahna ayeuna: Hotel Salak the 
>>>Heritage
>>>>    * SURADIPATI, fungsina: tempat putera mahkota; pernahna ayeuna: 
>>>> Kompleks Bank 
>>>>(bank naon nya? Hilap teu kacatet) /Ex Gedong Nasional
>>>> 
>>>>Nu Sanesna:
>>>>    * Taman Keraton: kebon cocoan / karesep PS; pernahna ayeuna: Kebon Raya 
>Bogor
>>>>    * Bale Agung: tempat pertemuan penting; pernahna ayeuna: Di Cibaligung 
>>>>    * Kabuyutan/Lemah Dewa Sasana, fungsina: tempat ritual, asrama pendeta; 
>>>>pernahna ayeuna: Batu Tulis Bogor;
>>>>    * Tempat para satria/ Puragabaya; pernahna ayeuna: Di Jl. Sawojajar
>>>>Pangajaran (lesson learned) tina obrolan sareng mang Deden:
>>>>- Anu baheula tetela geus mere conto kumaha ngamanfaatkeun alam kanggo nata 
>>>>ruang
>>>>- Bahan panalungtikan pikeun anu minat mangsa kiwari jeung ka hareup
>>>>- Anu relatif masih tetep fungsina: Kebon Raya. Anu teu jauh2 teuing robah 
>>>>dina 
>>>>fungsina: Istana Bogor hehehe. Kumaha ari Regina Facis? sakola calon 
>>>>prameswari? 
>>>>his....kawalat ke uing. Nya eta mah pasna teh ditempatan sarua ku isteri
>>>>- Hotel Salak siga MADURA, mindeng dipake gempungan oge
>>>>- Tah lamun Bank sigana kudu dibalikeun deui fungsina, jadi gedong Nasional 
>>>>meh 
>>>>rada luyu jeung fungsi asalna: Suradipati tea, kader pipamimpineun.
>>>>
>>>>
>>>>Cag heula
>>>>
>>>>manar
>>>> 
>>> 

Kirim email ke