Kumaha carana kumaha macana
hayang wawuh taya nu nuduh
nanya nu bisa cenah teu bisa
sabab elmu na jojodoan

kumaha atuh kumaha atuh
lamun aya nu hayang wawuh
neang pituduh neang tutuduh
diajar maca diajar wawuh

naha aya nu ha'at ngabejaan ?



On 11/07/2010 10:28 PM, Halimunan wrote:

Urang hirup dina alam, aya taneuh, angin, seuneu jeung cai.
Mun bisa wawuh urang bakal salamet, mun
Teu ngawawuhan urang bakal kabolosan.
Alam mun rek aya nanaon pasti ngabejaan, tanda
Na aya, jelas, tinggal urang diajar jeung
Daek macana. Mun teu daek, nya wayahna mun
Kahirupan urang kaancam ku maranehna.

Lain salah nu nyiptakeun, lain salah alam,
Salah urang sorangan nu embung wawuh jeung
Titincakeun sorangan



Kirim email ke