najan can kungsi panggih, coba deskripsikeun jiga kumaha gambaranana?

2010/12/18 JeBe <jungkir_balik2...@yahoo.com>

>
>
> Ceuk cenah
> 3. Pocong
> 4. Orowodol
> 5. Jurig jarian
> 6. Kunti
> 7. Buta hejo
>
> Alhamdulillah teu acan hiji2 acan diparengkeun pendak hehe....
>
> Sent from MobilePhone®
> ------------------------------
> *From: * mh <khs...@gmail.com>
> *Sender: * kisunda@yahoogroups.com
> *Date: *Sat, 18 Dec 2010 08:01:04 +0700
> *To: *<kisunda@yahoogroups.com>
> *ReplyTo: * kisunda@yahoogroups.com
> *Subject: *Jurig dina Kahirupan Urang Sunda ==> Re: [kisunda] Re: Adam
> Tunggal, Adam Smith, Embe jeung Jin
>
>
>
> Cing urang tuluykeun, numutkeun nu kapanggih, kadenge, karasa, atawa
> kaalaman
> bu baraya, mahluk ga'ib naon wae nu dipikawanoh dina kahirupan urang Sunda.
>
> Urang bagi sababaraha tahapan
> 1. identifikasi jurig, ngumpulkeun sakur ngaran jurig nu kapanggih
> 2. klasifikasi jurig, milah-milah kelompok jurug dumasar kana kriteria
> tertentu
>
> Tah ayeuna identifikasi heula, cing aya jurig naon wae, coba sebutkeun
> ngaranna
> jeung deskripsikeun jiga kumaha gambaranana
>
> 1. Jurig Bonconong, jurig nu panonna gede moncorong hurung
> 2. Jurig Cai, jurig nu ulinna dina sirah cai
> 3. ,,,,
>
>
>
>
> 2010/12/14 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>
>
>>
>>
>> > From: "Tubagus Rifki L" <tbri...@gmail.com <tbrifki%40gmail.com>>
>>
>> > Catatan. Kebangsaan, jurig - Sunda, Jin - Arab.
>>
>> Gambaran jin jeung jurig oge beda. Jin lamun nembongan sok digambarkeun
>> aya
>> angin muter heula (angin puyuh) kakara ngajirim sedengkeun jurig mah
>> rupa-rupa, loba oge nu resep ngajirim jadi jadi sato: oray, maung, buhaya
>> jst. Di lembur kuring aya kapercayaan jurig kunti, memeh nembongan sok
>> ngajirim siga entog, tapi lamun kapergo sok terus hiber ngadadak. Meureun
>> gambaran manusa kana bangsa lelembut gumantung oge kana naon nu
>> dipikasieun/
>> teu dipikaharti di lingkunganana. Di urang, nu dipikasieun salah sahijina
>> sato: oray gede, maung, buhaya jst. Jurig sok diasosiasikeun jeung
>> sato-sato
>> ieu. Tapi keur masyakarat Sagara keusik, nu dipikasieun pisan sigana
>> gejala
>> alam, sabab ari sato mah paling oge onta. Gejala alam di sagara keusik nu
>> pikasieuneun, teu aya deui angin puyuh, sabab bisa ngarobah bentuk sagara
>> keusik, pasir (bukit) bisa pararindah, jelema bisa disorientasi alias
>> sasab.
>> Kulantaran lingkunganana kitu, bangsa lelembutna oge digambarkeun ku angin
>>
>> (haseup) muter .....
>>
>> Duka bener henteuna mah, da pantesna .....
>>
>> WLY
>>
>>

Kirim email ke