Heu heu heu... Pokokna abdi teu sieun ku jurig cai, duka tah mun ku jurig bah 
imun mah. Langsung lumpat ka komnas HAM.... 
Sima aing sima maung, maung aing maung Bandung. Hidup GONZALES!!! 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: mh <khs...@gmail.com>
Sender: kisunda@yahoogroups.com
Date: Tue, 21 Dec 2010 18:10:13 
To: <kisunda@yahoogroups.com>
Reply-To: kisunda@yahoogroups.com
Subject: Re: Heulang , Maung-Singa Bls: [kisunda] Macan Ali

sima aing sima maung, aing kasima bi oeti, eh aing kasima ku maung.

2010/12/21 <bio...@yahoo.co.id>

>
>
> Jaman walanda, bandung lambangna nganggo singa
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Jalak Pakuan <jalakpak...@yahoo.com>
> *Sender: * kisunda@yahoogroups.com
> *Date: *Tue, 21 Dec 2010 16:14:37 +0800 (SGT)
> *To: *<kisunda@yahoogroups.com>
> *ReplyTo: * kisunda@yahoogroups.com
> *Subject: *Heulang , Maung-Singa Bls: [kisunda] Macan Ali
>
>
>
> Para wargi bade tumaros, Pami di sunda/urang sunda aya kitu heulang jadi
> simbol? Nu lajim mah kapan maung, pami singa mah abdi mah ningal diangge ku
> urang eropa sareng afrika & timur tengah.
>
> JP
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ------------------------------
> *Dari:* Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo.com>
> *Kepada:* kisunda@yahoogroups.com
> *Terkirim:* Sen, 20 Desember, 2010 15:01:26
> *Judul:* [kisunda] Macan Ali
>
>
>
> Punten aya nu kalangkung.
>
> Upami dina buku API SEJARAH karya Prof. Ahmad Mansur Suryanegara mah
> disebatna macan Ali sanes singa Ali. Janten macan (alias meong alias maung)
> anu aya dina bendera Cirebon teh. Oge upami nengetan gambar dina bendera
> Kasultanan Cirebon, langkung caket kana gambar macan / meong / maung ti
> batan gambar singa. Janten katingalna aya hubungan antawis macan Ali sareng
> maung lambang kagagahan Prabu Siliwangi salaku eyangna raja Cirebon nu
> munggaran.
>
> Hatur nuhun,
> Asep
>
>
>
> --- On *Mon, 12/20/10, Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo.com>* wrote:
>
>
> From: Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo.com>
> Subject: Re: [kisunda] kunaon beut simbul na macan
> To: kisunda@yahoogroups.com
> Date: Monday, December 20, 2010, 1:38 AM
>
>
>
> Ke sakedap, panasaran pribados hoyong terang naon saleresna bentenna
> antawis maung sareng singa (oge sareng macan).
>
> Upami ditingal tina kecap mah, kecap maung teh ampir sami sareng kecap
> meong. Ari meong teh ucing. Ari ucing teh buluna teu panjang.
>
> Perkawis singa, upami dina wikipedia mah, kulawargi keneh sareng maung
> namung rambut sabudeureung huluna panjang.
>
> Jigana upami ningali iklim di Timur Tengah mah, maung langkung cocok hirup
> di Timur Tengah batan Singa.
>
> Diantos penjelasanana.
>
> Hatur nuhun,
> Asep
>
>
>
>
>
>
> --- On *Mon, 12/20/10, Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>*wrote:
>
>
> From: Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
> Subject: Re: [kisunda] kunaon beut simbul na macan
> To: kisunda@yahoogroups.com
> Date: Monday, December 20, 2010, 1:12 AM
>
>
>
> di cirebon, palataran/buruan kasultanan kasepuhan aya patung maung bodas
> silih hareupan, nyanghareupan batu cadas.
> rupana eta simbol maung bodas, loyogna ka eyang prabu siliwangi sareng ka
> sayyidina ali
> dina kaligrafina digambarkeun eta maung bodas, kalimah syahadat loba anu
> jualan stiker2na di dinya.
> carita maung di sunda aya opat wilahan, atw jenis.
> maung hideung, maung lodaya, maung hawuk jeung maung bodas( uin pernah
> nulis di ieu milis dua taun katukang)
> jelas maung sayyidina ali ngan sakadar adopsi ku kagagahanana, sabab di
> arab euweuh maung.
> eyang prabu siliwangi, di silokakeun sarua jeung gagahna maung, lain maung.
> sabab maung anu opat eta memang 'cocooanana'
> di cirebon oge aya simbol anu dipake dina kareta kencana 'paksi naga liman'
> nyeta, paksi-garuda-raja angkasa, liman-gajah-raja hutan, naga-raja
> lautan.(udara, darat, laut)
> eta lambang aya di tilu wewengkon, panjalu, cirebon jeung kutai
> kartanagara.
> carita ngeunaan paksinagaliman, husus. aya panduan bukuna di museum
> cirebon.
> sabab sa sumber, di opat karaton cirebon, sarua make lambang eta,
> kasepuhan, kaprabon, kanoman, kacirebonan.
> hn*R3M
> 2010/12/18 Akang Tajimalela <tajimalela2...@yahoo.co.id>
>
>
>
> Tah kang Ahsa aya tambihannana ti kang Oman
>
>
> Nuhun mang kanggo tambihanana....
>
>
> TM
> --- Pada *Sab, 18/12/10, oman abdurahman <omana...@gmail.com>* menulis:
>
>
> Dari: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
>
> Judul: Re: [kisunda] kunaon beut simbul na macan
> Kepada: kisunda@yahoogroups.com
> Tanggal: Sabtu, 18 Desember, 2010, 2:40 AM
>
>
>
>
> Leres, di wewengkon Arab anu aya, minimal di sabudeureun abad 7 M nepi ka
> ayeuna, singa lain maung. Oge ulah hilap, nami sanesna Syaidina Ali kw teh
> nyaeta "Haidar" anu hartina singa. Aki Syaidina Ali kw ti pihak ibu namina
> "Asad" anu hartina singa oge. Di arab, aya sababaraha istilah pikeun singa.
>
> Kaduana, Syaidina Ali kw di kalangan NU memang leuwih populer. Hal ieu lain
> hartina 3 sahabat Nabi saw anu sanesna henteu populer. Contona wae, keur
> kuring leutik, mangsa jadi santri kalong, populer pisan "Syi'rul Hisan",
> nyaeta kisah Rosululloh saw anu ditepikeun ku nadoman. Ieu syi'rul Hisan teh
> seratan hiji ulama ti Ciamis. Eusina, seueur pisan nyarioskeun perjuangan
> sareng kaperkasaan Syaidina Ali saw di medan laga atawa dina bajoang
> nanjeurkeun al Islam (sareng kanyataanana dina sajarah Islam memang kitu).
>
> Jadi, munasabah wae lamun bandera Cirebon ngaabadikeun nami Syaidina Ali kw
> sareng simbolna: singa.
>
> baktosna,
> manar
>
>
>
> 2010/12/18 mh <khs...@gmail.com <http://mc/compose?to=khs...@gmail.com>>
>
>
>
>
>
> 2010/12/17 Akang Tajimalela 
> <tajimalela2...@yahoo.co.id<http://mc/compose?to=tajimalela2...@yahoo.co.id>
> >
>
>
>
> Maung ti Leuweung Loyang, nu ngarana Uyut Sayaga nu dipasihan julukan Uyut
> Lencang (Friend atanapi teman, disunda mah teu aya hubungan dunungan-babu nu
> aya teman, jadi sajajar) atau nu leuwih kawentar dengan julukan
> LANGLANGBUANA. Pagawean nana ngalanglangan ti sabang dugikeun merauke incu
> jeung bubuyutna sebagai ciciren kalebet Prabu Siliwangi.Matak dijadikeun
> sebagai Inspirasi ku anjeuna nu hirup rebuan taun saatosna.
>
>
> Lain Kang TM, eta Uyut Sayaga, ari uing kalah inget kana heureuy urang
> lembur, jujulukna ampir sarua.
> Katelahna teh Uyut Aga, ngan hartina teh keur ngaheureuyan nu burayut tapi
> euweuh tanaga. Hehehe.
>
>
>
>
>
>
>
>   
>

Kirim email ke