Enya lauk cucuk=sirawing tea, ngan kurang logis ari aya cucuk lauk oojayan mah, 
ceuk aki sikuring anu nempo mah wujud lauk bisa ngan ukuranana badag. Dinu 
nonggongna aya cacad/rawing.  

Rada anggang ka ranca meureun lembur kang dudi mah, jadi kurang popular ka 
tempat kang dudi, panginten. 

 

 

From: kisunda@yahoogroups.com [mailto:kisu...@yahoogroups.com] On Behalf Of mh
Sent: Tuesday, December 21, 2010 5:08 PM
To: kisunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda?

 

  

aya dongeng nu sarupa, dongeng lauk sabeulah, nu ipis, lauk laut
ceuk beja sesa nabi sulaeman, nu kari sabeulah deui, terus dialungkeun ka laut
ieu lauk sabeulah mun dibandung, lauk asin

2010/12/21 Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>

  

sanajan urang sumedang, samemeh kang ii nulis kuring can kungsi ngadangu 
dongeng ieu. ngan pernah maca dongeng nu meh sarimbag, duka dongeng ti mana, 
ngeunaan lauk cucuk. caritana mah, baheula aya pangeran nu keur cucurak sisi 
balong. cenah lauk nu didahar ku pangeran eta nu geus beak tinggal cucukna nu 
terus dialungkeun ka balong teh ujug-ujug hirup. terus nelah lauk cucuk nepi ka 
ayeuna (cek eta dongeng).

2010/12/21 Ii Sumirat <sumi...@bdg.bumiputera.co.id>

  

Eh punten manawi teh bah mh ti sumedang, kang dudi nya ti sumedang mah.

 

From: kisunda@yahoogroups.com [mailto:kisu...@yahoogroups.com] On Behalf Of mh
Sent: Tuesday, December 21, 2010 2:52 PM
To: kisunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda?

 

  

mitos lauk si rawing, jigana lain ukur di sumedang.
di lembur uing, garut, oge aya mitos nu sarupa. pedah imah teh sisi situ.
ceuk beja, pabeja-beja, di eta situ aya lauk si rawing tea.

aya untungna mitos si rawing, hantu lauk emas atawa siluman lauk emas teh.
situ jadi teu sagawayah di ala laukna.

ngan kiwari sabagen mitos geus taya peurahna, situ geus robah ukur jadi balong
gede. ngan kari nunggu sababaraha taun deui balong gede robah jadiu sawah atawa
tegalan.

_

._,___




-- 
d-: dudi herlianto :-q

paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

 

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke