mun ninggali tina aspek bahasa, mustahil sundaland teh ngarujuk ka tatar
sunda
komo urang sunda bibit buit manusa sadunya mah.

geura we toong bahasa inggris dipake ku manusa satungkebing langit
satangkaraking jagat
eta kosa kecap jeung gramatikana da teu jauh beda. garis badagna ukur aya
dialek US jeung UK.

kitu deui bahasa cina, dataran cina sakitu upluk-aplakna, bahasa populerna
mah ngan mandarin.

ayeuna bandingkeun jeung wilayah tatar sunda nu ngan ukur satalapok peucang,
tapi tiap daerah
harayang jadi bahasa sewang-sewangan.

ari ceuk uing mah, mun ukur dialek bahasa paguneman sapopoe wajar beda-beda,
ari keur bahasa
sunda lulugu mah kudu aya nu disepakati hiji basa sunda


2010/12/21 Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>

>
>
> aya hiji golongan deui bah, golongan kang anis jatisunda. manehna sababara
> kali kakuping ku kuring nyarita: 'nu urang priangan pek pake basa priangan,
> nu di luar priangan pek pake basana masing-masing'. nu penting
> silihargaaan... da jigana mah mun urang priangan ngomong make uubs ge urang
> banten ngartoseun, kitu deui sabalikna. perkara aya sababara kecap nu teu
> kaharti mah, gampil, tinggal taroskeun.
>
> eh ketang hiji deui, majhab 'kumaha dewek!', pek bae pake bahasa
> sakahayang. komo ukur dina tataran gunem catur di warung kopi mah. nu
> penting apal jeung daek nandon resikona. bisi dina hiji waktu dpentaan
> tanggung jawab beya menerkeun monitor jeung blekberi heuheu....
>
> 2010/12/21 Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
>
>>
>>
>> uin kantos ngaos di galura n mangle perkara perkembangan basa sunda ku
>> ais pangampih LBSS. netelakeun yen basa sunda awalna mah teu aya undak
>> usuk.samangsa priangan 'dijajah' ku mataram abad xvii, tidinya mimiti
>> undak usuk kaluar . jeung jadi basa anu diwajibkeun di sakuliah tatar
>> priangan. anu antukna sagala buku dicitak make pangajaran uub na.uub
>> jadi basa wajib keur us sajabar tiharita. atuh karunya urg banten
>> kidul, cirebon girang pada ripuh kadeseh ku basa'wajib' kasebut.
>> numatak muncul dua mazhab pro jg kontra uub. anu kontra diluluguan ku
>> ayip rosidi. anu pro diluluguan ku budayawanpriangan. mangga bade
>> nyandak mazhab anu mana. anu pasti barudak lolobana pro ka ayip
>> rosidi. ka asup uin, da uin ge budak, heeee.
>>  __._,
>> ,___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>  
>

Kirim email ke