Kasurupan teh aya tilu, nu enyaan kasurupan, nyaeta nu seluruh kasadarana 
dikuasai ku hiji mahluk teu katingali/jin. Kadua nu kasurupan setengah sadar, 
nu katilu nu api2 kasurupan.

Nu kasurupan pinuh rada bahaya, sabab seluruh kasadarana dikuasai ku jin, bisa 
bahaya kadirina sorangan, atawa bahaya kanu disakurilingna. Cara nyanghareupan 
nu kasurupan jiga kieu, ulah waka dideukeutan, pelong panona, adu mental jeung 
nu nguasai eta jelema, urang babacaan ngarah kayakinan urang naek, terus sentak 
nu kasurupan, atawa banjur ku cai do'a, bisa make bismillah wungkul, atawa ayat 
qursi, atawa tilu ayat penangkal sihir, nyaeta al falaq, an nas, sareng al 
ikhlas, ulah eleh kayakinan, ngan ulah waka caket teuing da tanaga na sok 
ngalipet.

Nu setengah sadar ampir sami carana, ngan langkung gampil, sabab nu kasurupan 
masih satengah sadar, biasana di olo oge piwarang indit eta jin tiasa, biasana 
hayangna ngobrol nu kitu mah, biasa, jin hayang ka aku tea

Nu api2 kasurupan katingali tina gerakan atawa sorot panon, tara wani 
papencrong2, sok leuwih jalingkrak batan nu bener2 kasurupan, eta mah jalmana 
nu hayng kapuji, bura we beungeutna, pasti tibuburanjat, komo bari bau mah.

Sakitu mugi mangpaat, sadaya jalmi tiasa ngadamangkeun nu kasurupan, koncina 
adu kayakinan sareng nu kasurupan
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Jalak Pakuan <jalakpak...@yahoo.com>
Sender: kisunda@yahoogroups.com
Date: Tue, 21 Dec 2010 19:57:17 
To: <kisunda@yahoogroups.com>
Reply-To: kisunda@yahoogroups.com
Subject: [kisunda] Teknik Nyanghareupan nu  Kasurupan

Beuuu hebring atuh geuning  teu keder nyanghareupan nu kasurupan..... ke ke eta 
teknik gegel punduk jeung jejel bako teh valid atawa kabeneran? Mun teu valid 
salah2 lain cageur nu kasurupan kalah dompet leungit eung heu heu......

JP

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: mh <khs...@gmail.com>
Kepada: kisunda@yahoogroups.com
Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 19:48:02
Judul: Re: Bls: Bls: [kisunda] bah Imun cek & ricek jurig di imah kuring

  
Lain ari uing mah ngubaran nu kasurupan teh, dipuput ku bako nu banget pisan.
Teu sakara-kara nu kasurupan teh, ohek-ohekan, teu kuateun ku bangetna.


2010/12/21 Deni Indra Kelana <lee_kel...@yahoo.com>

  
>Nyeta kang pedah panginten abdina we rada sasangkleng. Da numutkeun pangalaman 
>abdi mah sakumaha buringasna oge nu kasurupan tara dugika nyilakakeun, 
>diangsonan ge sok leah ku maneh, pami ngalawan keneh mah ditewak we teras 
>digegel pundukna, moal teu aduh2an teras mabur geura, heuheu..:D
>
>
>


Kirim email ke