Punten sim kuring hoyong ulubiung, namung asa rada minder yeuh.... Geuning nu 
dicarioskeun perkawis gajih anu arageung kitu. Sim kuring jalmi anu panghasilan 
teu sabaraha...sakumaha umumna padamel alit di Indonesia, nguping gajih anu 
sakitu arageungna.....duuuh mung bati (punten) "neureuy ciduh" we.... Janten we 
gaduh emutan.....mungkin simkuring kirang dina tempatna ulubiung didieu..... 
Mangga.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Ilen Kardani <ilen1...@yahoo.com>
Sender: kisunda@yahoogroups.com
Date: Sat, 26 Feb 2011 13:56:01 
To: kisunda@yahoogroups.com<kisunda@yahoogroups.com>
Reply-To: kisunda@yahoogroups.com
Cc: kisunda@yahoogroups.com<kisunda@yahoogroups.com>
Subject: Re: [kisunda] Wawancara..diskriminasi yeuh!

Tah geningan aya ahlina kana urusan gajih. Panambih ti kuring, kaamanan jeung 
gaya hirup dimana urang ditempatkeun oge mangaruhan, contona lamun kuring gawe 
di Columbia, arab, rusia atawa Iraq, gajihna jauh leuwih gede batan di kuala 
lumpur sabab situasi hirup anu pikahariwangeun jeung teu pikabetaheun kulawarga.

Sent from my iPhone

On Feb 26, 2011, at 10:17, Deni Indra Kelana <lee_kel...@yahoo.com> wrote:

> Sakaterang, aya seueur tinimbangan dina nangtoskeun gajih di masing-masing 
> nagara, salian tina jenis industrina, kedah ditinggal tina biaya hirup 
> sapopoe di hiji nagara. Model di urang pan pami dibandingkeun sareng 
> rata-rata di luar biaya hirupna masih keneh kaetang pang alitna. 
> 
> Atuh anu sanesna skema pajak di nagara setempat, contona nagara A 
> ngaberlakukeun pajak penghasilan maksimal 40 persen tangtos benten sareng 
> nagara B anu 20 persen. Oge kawijakan pajak nagara asal si pagawe, dina hal 
> ieu aya sababaraha nagara sapertos Walanda (nyungkeun koreksina) anu 
> ngawajibkeun wargana nyetor pajak sanaos damel di luar negeri, ari Indonesia 
> mah pan teu kitu. 
> 
> Aya deui skema ekspatriasi-repatriasi, anu pakuat kait sareng tilu hal di 
> luhur, oge sareng kawijakan perusahaan ngeunaan remunerasi. Naha bade ngiring 
> standar lokal, standar global perusahaan, atanapi kombinasi standar lokal 
> global sareng industri.
> 
> Atuh tinimbangan anu sanesna masih aya deui, mung panginten langkung tehnis 
> bahasannana. Cag heula we...
> 
> From: "dudi@gmail" <dudi.ssuradire...@gmail.com>
> To: kisunda@yahoogroups.com
> Sent: Thursday, February 3, 2011 6:53:30
> Subject: Re: [kisunda] Wawancara..diskriminasi yeuh!
> 
>  
> 
> 
> Aduh... mani rame geuning perkawis ieu mah...
> ari ceuk si uing mah, sanes dibeda-bedakeun komo diskriminasi atawa rasial 
> mah da eta mah tos benten tianggalna. Hays (Hay Management, manawi) mung 
> saukur perusahaan konsultan ngempelkeun data gajih anu ilahar di 
> masing-masing wewengkon. tapi ketang eta ge susuganan...!
>  
> upama di etang-etang upah taunan di Ind. $ 41.800 x Rp 9.000 = Rp. 
> 376.200.000 sataun dibagi 15 => Rp. 25jt sabulan,  upami dina widang sanes 
> mah cekap kanggo ngagajih manager anu tos seniorlah... sae.
>  
> Hayu atuh urang wawancara di KL  da paling ge 2 jam ti bandung mah ongkosna 
> ge mirah pan ayeuna mah, tiasa didugdag (pp) deuih... 
>  
> wassalam
>  
> ----- Original Message -----
> From: MRachmat Rawyani
> To: kisunda@yahoogroups.com
> Sent: Friday, February 25, 2011 3:28 PM
> Subject: [kisunda] Wawancara..diskriminasi yeuh!
> 
>  
> Eta anu ngaluarkeun panduan gajih perminyakan, tetela masih ada "bau-bau' 
> diskriminasi. Naon nya dadasar perhitunganana hiji nagara jeung nagara 
> sejenna beda?
> 
> mrachmatrawyani
> 
> From: ilen kardani <ilen1...@yahoo.com>
> To: kisunda@yahoogroups.com
> Sent: Thu, February 24, 2011 11:46:30 PM
> Subject: Re: [kisunda] Wawancara
> 
>  
> 
> Baraya,
> 
> 
> 

Kirim email ke