Kapahung ku Salju

Mang Jamal


Geus rada direncanakeun ti anggangna mula, yen mun jadi nyaba ka Walanda, rek 
ngatur pangaluaran sangkan aya sesa pikeun ongkos ngulampreng ka nagara 
tatanggana. Ayeuna loba nagara Eropa nu disebut nagara Schengen, hartina nagara 
nu bisa dijugjug ku urang luar cukup ku hiji visa nu dikaluarkeun ti kadutaan 
salah sahiji anggotana. Ninggang ka kuring, sakadang visa ti kadutaan Walanda 
di Jakarta nu napel dina paspor, geus bisa dipake asup ka Jerman, Belgia, 
Perancis, Italia, jeung sajabana. Unggal nagara eta umumna make duit nu sarua 
nyaeta Euro tea, jadi leuwih praktis da teu kudu nukeur duit heula cara 
baheula. Nya kalaksanakeun ka Belgia jeung Perancis, sanajan ngan ukur 
kukulibekan di ibukotana.

Rencana teh rek ka Belgia heula nu deukeut, kiduleun pisan Walanda, kana 
kareta. Indit teh make poe pere, Saptu atawa Minggu. Ngarah nyalse, pesen 
karcis indit-balik kareta ka Brussel sapuluhpoean ti anggangna. Meuli karcis 
teh ti loket stasion sentral Leiden. Leiden ieu kota nu jadi panganjrekan 
salila tilu bulan di Walanda. Tapi naek karetana mah kudu ti stasion Den Haag 
HS. Sabab kareta nu ka nagara tatangga di pakidulan, nu inditna ti Amsterdam 
atawa Schiphol, teu eureun di Leiden -sanajan kaliwatan- tapi di Den Haag, kota 
nu jadi puseur pamarentahan. Jadwal ti Den Haag jam 10 beurang.

Indit teh tiluan jeung babaturan nu saprogram. Duanana urang Jawa nu sakolana 
di UGM. Eko dosen di Antropologi Universitas Diponegoro jeung Purnawan dosen 
Sejarah Universitas Airlangga Surabaya.

Poean indit, hujan salju geus prung ti isuk-isuk. Tapi maksa we ngeclik indit 
ka stasion Leiden, teu make sepedah da asa palaur keur hujan salju mah. Hujan 
salju mah teu matak jibreg kana baju. Ngan si salju teh narapel dina kupluk 
jeung jeket, cukup dikeprukeun ge marurag. Ti stasion Leiden Centraal ka Den 
Haag HS heula. Ti dinya naek kareta nu ku Brussel keun.

Brussel teh ibukota nagara Belgia, nagara nu kaitung leutik dibanding Walanda. 
Walanda oge teu kaitung gede dibanding Jerman atawa Perancis, komo di banding 
Indonesia. Lebahna Belgia teh antara Walanda di kaler jeung Perancis di kidul. 
Belgia mah keur leutik teh teu boga basa sorangan deuih. Wargana kabagi dua 
numutkeun basa nu dipakena. Nyaeta nu make basa Perancis jeung make basa 
Walanda khas Belgia nu disebut Flemish tea. Cenah 3/5 urang Belgia make basa 
panganteur basa Walanda Flemish ieu. Kusabab kitu, tiap ngaran jalan atawa 
ngaran gedong penting, make dua basa eta. Cara ngaran stasiun kareta Brussel, 
di kenca, Bruxelles Central-basa Perancis, di katuhu Brussel Centraal-basa 
Walanda. Sanajan kitu, cek cenah, di Brussel kalolobana marake basa Perancis. 
Kaciri dina ngaran jalan, ngaran gedong kaasup pangumuman di stasiun, basa 
Perancis nu tiheula dipake. Cek beja mah basa Perancis leuwih seksi.

Brussel dijadikeun ibukota Uni Eropa jeung markas parlemen Uni Eropa. Sigana 
alatan posisina aya di tengah, numutkeun peta Eropa Kulon.



Jalan-jalan di Brussel
Normalna mah, Den Haag-Brussel dua jam kurang. Tapi nepi ka dua jam leuwih 
alatan di wewengkon Walanda nu geus deukeut ka Belgia, kareta kungsi eureun 
rada lila dua kali. Aya pangumuman dina speker kareta dina basa Walanda nu 
sanggeus ditanyakeun ka panumpang bule, maksudna ngabejaan yen alatan hujan 
salju beuki gede, kareta baris telat nepi ka Brussel. Noong ti jandela, enya, 
hujan salju beuki kerep.

Nepi ka stasion sentral Brussel jam 12an beurang. Wangunan stasion Brussel 
kaitung gede jeung agreng. Jalur rel jeung karetana ayana di handap, dua lantey 
ka luhur dipake toko, bank, cafe, jeung loket karcis. Lahak-lohok di jero 
stasion bari neangan cafe ngeusi peujit. Meuli roti, kentang goreng jeung kopi. 
Teu lila neangan panto ka luar. Leuh pamadangan di luar matak hayang balik. 
Dimana-mana sarwa bodas da katutup ku salju. Jaba adat usum winter tea, poe teh 
ceudeum siga isuk-isuk. Mun teu ngilikan jam dina hp atawa dina tembok stasiun 
mah asana waktu teh angger.

Sanggeus manggih panto kaluar, tiluan leumpang ka teras stasiun. Teu langsung 
indit da nempo di luar euweuh nu lalar liwat. Hujan salju katenjo teu eureun. 
Malah beuki lila asa beuki kerep. Jalan jeung hateup mobil nu parkir katutup 
salju. Beuki lila tangtu beuki kandel. Nempo bule nu ngadon ngariuhan di jero 
stasion, nya nurutan. Tapi kesel oge ngan ukur lahak-lohok di jero stasiun, nu 
sanajan lega malah jeung loba toko oge cafe sagala, keukeuh we masih aya di 
jero stasiun jeung asa can jadi turis. Antukna ngajak babaturan kaluar ti 
stasion. Maksakeun maneh hayang apal kota Brussel. Da ongkoh ari hujan salju 
mah teu matak jibreg kana baju atawa jeket.

Leumpang teh teu matak tumaninah da kudu ati-ati nincak salju nu beuki kandel. 
Kudu milihan trotoar atawa jalan nu saljuna teu kandel teuing. Sering teu 
kabeneran, nincak salju nu kandel, atuh sakadang sapatu teh sering laput. Sarua 
we jeung leumpang dina leutak di sawah meunang ngagaru di urang. Kukurilingan 
di kota Brussel, bari teu puguh nu dijugjug. Nu penting mah ngahibur mata ku 
pamandangan anyar hiji kota Eropa usum winter. Teu lila, hujan salju rada raat. 
Nya bisa juprat-jepret motoan wangunan oge jalan nu sarba bodas da katutup 
salju. Terusna mah neangan patung budak leutik nu cenah kawentar pisan di 
Brussel. Teu lila, srog nepi ka hiji parapatan pertokoan nu jarualan suvenir 
has Belgia. Loba turis bule keur ngariung. Diilikan naon nu keur diriung turis, 
sihoreng patung budak leutik eta, nu katelah Manekin Pis, mangrupa patung budak 
leutik keur kiih. Ditempatkeun di juru parapatan daerah pertokoan Centrumwijk 
(basa Walanda). Cenah patung budak leutik ieu dijadikeun lambang kota Brussel. 
Cek beja, dina usum panas (summer) patung ieu sok dibajuan ku mangrupa-rupa 
baju adat di mancanagara. Baju adat Indonesia oge kungsi cenah dipakekeun ka 
patung budak leutik eta. Dina poean pere nasional, cai kiihna teh cenah lain 
ngan ukur cai, tapi diganti ku bir!

Ti dinya neruskeun jalan-jalan nuturkeun sapatu. Bras ka hiji lapangan nu rada 
lega nu pinuh ku manusa. Wangunan sisi lapangan batu ieu katembong arantik. 
Sihoreng ieu teh minangka alun-alun Brussel. Aya gedong Bale Kota make gaya 
wangunan Gothic. Di tengah alun-alun aya tangkal camara nu dirarangkenan, 
maklum keur usum natalan tea. Sabot keur juprat-jepret motoan, aya nu nyarita 
gigireun make basa Indonesia. Nawaran bisi rek difoto bareng, manehna sadia 
jadi nu motona. Duaan urang Indonesia nu dumuk di Brussel. Atoh nu aya manggih 
batur sanagara. Manehna ngabejaan yen hujan salju ieu geus rada kamalinaan, 
cenah di wewengkon sejen mah geus nepi ka skala badey salju. Aya kamungkinan 
jadwal kareta ditunda. Da urang dieu mah cenah tarapti jeung taki-taki pisan. 
Manehna mere alamat di Brussel bari nyarita yen mun teu bisa balik ka Walanda, 
manehna sadia ngampihan sapeuting dua peuting. Sanggeus nganuhunkeun, neruskeun 
jalan-jalan muteran wewengkon kota Brussel. Teu boga rencana rek ngendong di 
Brussel komo nempo salju beuki kandel jeung hujan salju sigana rek turun deui.


Badey Salju
Pasosore mulang ka stasion sentral Brussel. Rada kaget naha asa loba pisan 
jelema. Tangtuna calon panumpang kareta. Tapi naha ngulibek pisan? Teu lila, 
ngong aya pengumuman dina speker. Make basa Perancis. Teu lila, ganti ku basa 
Walanda. Duanana ge tangtu teu ngarti. Ceuli rebing nu satia napel gigireun 
sirah ngarep-ngarep aya pengumuman dina basa Inggris. Lebeng. Cilaka. 
Pangumuman sababaraha kali ditepikeun. Ngan duka kumaha euweuh nu make basa 
Inggris. Karasa sangsara teu bisa basa deungeun teh.

Panasaran, nya nanya we ka hiji bule nu pangdeukeutna ku basa Inggris. Manehna 
ngajawab yen alatan aya badey salju, jadwal kareta nu jauh kaasup ka Walanda 
jeung Perancis dibatalkeun. Tangtu kaget kadenge kitu teh. Sabab jadi teu bisa 
mulang ka Leiden Walanda. Dibejakeun ka babaturan nu duaan, maranehna 
tingharuleung bari pasrah. Dariuk dina lantey stasiun. "Urang jadi turis 
backpacker we. Ngendong sapeuting di dieu."Cenah ngahibur karep.

Tamba kesel, tiluan kukurilingan di jero stasion. Keur jalan-jalan kitu aya 
bule aki-aki nyampeurkeun ngajak nyarita. Boga kereteg teu pihadeeun, tapi di 
jawab we. "English, pleaseĀ…" cek kuring bari neundeun kacuriga. Si aki-aki 
gancang ganti nyaritana make basa Inggris bari sikepna someah nu malah beuki 
ngandelan kacuriga. Kuring teu pati ngaladenan da geus boga kereteg teu hade 
tea. Babaturan nu ngaladenan. Antukna, bener kereteg teh. Si aki-aki eta 
tungtungna menta duit. Sigana gelandangan atawa barangmaen da katembong mawa 
bungkusan badag. Aya sababaraha urang nu modelna siga si aki-aki tadi di 
deukeut panto kaluar. Malah di luar, deukeut panto stasion, aya ibu-ibu ngora 
keneh make jilbab raray timur tengah, mawa orok diuk bari nunda wadah 
hareupeunana. Aya nu ngalungkeun receh euro. Watir.

Tiluan terus jalan-jalan deui di jajaran toko jero stasion. Breh manggih 
pangumuman dina tembok make basa Inggris. Pangumuman nu make LCD, ngabejaan yen 
trayek kareta ka Walanda dibatalkeun alatan badey salju. Hate beuki panasaran, 
sabab asa teu rido kudu ngendong di stasion bari hawa beuki niisan. Rumasa teu 
betah di hawa nu tiis nu kamalinaan, jeung bakal leuwih tiis deui 
kapeutingnakeun, kuring indit neangan jelema nu kira-kira bisa mere katerangan 
jeung bongbolongan. Pikiran oge boga, yen nu penting naek kareta nu ka 
kalerkeun, sabab Walanda ayana kalereun Belgia. Di deukeut jadwal kareta, 
diantara calon penumpang nu ngagimbung, aya sababaraha pulisi kareta ngariung 
keur ngobrol, duka basa naon. Nya nanya ku basa Inggris, hiji-hijina basa Eropa 
nu rada bisa jeung nu sapopoe dipake di Leiden ari ngobrol jeung bule. Kumaha 
sangkan bisa balik ka Walanda. Pulisi marelong sakeudeung. Salah saurangna, 
ngajawab semu teu yakin. Cenah coba we naek trayek kareta tujuan Antwerpen. 
Sugan aya nu terus ka Walanda.

Geus kitu balik ka babaturan nu keur dariuk dina lantey stasion. Ngajak neangan 
kareta nu ka Antwerpen. Ngadeukeutan Walanda. Tapi duanana semu nu embung. 
Ngabayangkeun kaayaan stasion Antwerpen bisi leuwih parah ti stasion Brussel 
Central ieu. Cenah kumaha mun di stasion Antwerpen euweuh saung-saung acan jang 
ngiuhan ti hujan salju. Alamat sangsara. Ngendong di hotel teu aya rencana da 
ngirit duit tea. Ngajugjug alamat urang Indonesia nu tadi panggih di Alun-Alun 
Brussel, teu apal belah mana jeung make naon. Antukna ting haruleung 
ngarandapan nasib teu bisa balik.

Sakali deui kuring nyarita jeung ngajak ka maranehna sangkan nyoba-nyoba 
neangan kareta ka kalerkeun. Sabab beuki peuting pastina beuki tiris. Kuring 
satengah maksa ngajak. Aya niat rek indit sorangan mun maranehna arembungeun 
milu. Antukna duanana milu. Nya turun ka lantey dasar bari sanggeus alak-ilik 
papan jadwal kareta domestik nu di Belgia wungkul. Manggih jurusan Antwerpen. 
Nya naek.

Kareta eureun di stasiun Antwerpen, minangka kota ka dua atawa katiluna Belgia. 
Bari laha-loho neangan papan trayek sugan aya kareta nu ka Walandakeun, panon 
mah alak-ilik rada gemet ka jero stasiun Antwerpen nu kaitung badag jeung unik. 
Rel jeung karetana teh ditumpuk ka luhur. Tilu tingkat.

Bari ngararasakeun hawa peuting nu beuk niisan, tunyu-tanya aya teu kareta nu 
jurusan ka Walanda ka panumpang sejen bari alak-ilik kana papan trayek kareta 
nu ngagantung gigireun tiap rel. Aya calon panumpang bule nu oge rek balik ka 
Walanda. Teu lila manggih kareta jurusan kota Walanda, Vlissingen. Nepi ka 
Vlissingen, aya pangumuman ku basa Walanda. Panasaran, nanya ka ibu-ibu bule 
gigireun. Menta pangumuman bieu diterangkeun dina basa Inggris. Si ibu 
nerangkeun ku basa Inggris, yen pangumuman bieu maksudna kareta ngan nepi ka 
stasion Vlissingen panumpang kudu pindah ka kareta sejen sabab kareta nu ieu 
ngan nepi ka Vlissingen. Si ibu ngajak pindah kareta luyu kana pangumuman. Naik 
turun kareta sababaraha kali jadi apal kana kaayaan. Antukna teu tatanya deui, 
ngan nurutan panumpang sejen we. Maranehna turun, milu turun, naek ka kareta 
sejen, milu naek. Antukna nepi ka Den Haag HS bari kudu pindah kareta nuju ka 
Den Haag CS (Centraal Stasion) muru kareta nu ka Leiden-keun.

Alhamdulillah, janari nepi ka stasion Leiden Centraal. Terus mulang ka imah 
bari milihan tincakeun dan salju kandel. Bisi tisorodot deui cara sababaraha 
poe katukang. Nepi ka imah kos di Koningstraat (jalan raja) babaturan 
nganuhukeun geus maksa neangan jalan pikeun mulang. Alhamdulillah, teu jadi 
katalangsara di Belgia.

Isukna manggih beja, yen tadi peuting di wewengkon Eropa Tengah aya badey salju 
nu ngabalurkeun korban jiwa!

(edisi pondok dimuat Cupumanik Februari 2010)



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    kisunda-dig...@yahoogroups.com 
    kisunda-fullfeatu...@yahoogroups.com

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    kisunda-unsubscr...@yahoogroups.com

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke