Caturkeun Karna tos lebet ka kemah Duryodhana. Duryodhana kalintang bingahna; 
enggal wae ieu dua shohib teh silih rangkul. Dursasana nu kaleresan aya di 
dinya oge sami bingah galih.
 
Teu lami Duryodhana ngaandika :"Bagja kumayangan. Kaula bungah amarwataa suta; 
ayeuna sampean Raja Angga geus bisa milu perang. Da mun ti baheula mah urang 
teh geus meunang perang; teu kudu lila nungguan deui. Da bongan Bhisma nu kitu 
tea mah, make nyaram sampean milu perang. Nyaah ka Pandawa tah eyang Bhisma 
teh."

Karna :"Ari cek pikir kuring mah, wajar eyang Bhisma ngalakukeun kitu; sabab 
urang teh
sasat ngahurrup Pandawa; kapan Pandawa mah ngan ukur boga Arjuna hiji; 
andelanana teh; sedengkeun urang kapan rempeg pisan; eyang Bhisma teu kersaeun 
licik. Hehehe."

Suyudhana nyarios daria pisan:"Keun we perkara eta mah, da geus kajadian; 
ayeuna nu pentting sampeyan Karna, dulur kaula, geus milu perang. Tah ayeuna 
sok pimpin Pasukan Kurawa Astina; sampean ku Kaula diangkat jadi Senapatina. 
Kaula yakin urang bakal meunang."

Karnaa nggal megat catur:"Ke ke ke. Ke lanan Pangeran Duryodhana, perkara 
Senapati mah teu bisa asal nunjuk kitu bae; kudu dipikirkeun kalawan tartib."

Suyudhana:"Ari Kula mah percaya pisan ka sampeyan, Raja Angga. Boh di na belana 
ka Kaula, boh di na kasaktian andika. Kaula teu cangcaya sama sakali."

Karna:"Kuring oge lain teeu yakin ka na diri; tapi kapan didieu teh loba Raja 
nu garagah sarakti; dimana sadayana oge pantes jeung bisa jadi Maha Senapati; 
ku sabab kitu, lamun urang teu mikirkeun soal ieu engkeena bakal aya hate2 nu 
teu narima; moal ari terang2an mah. Engke maranehna perangna moal soson2; 
tangtu bakal ngarugikeun pisan ka urang sarerea."

Suyudhana:"Kumaha aatuh cek pamikir sampeyan, Raja Angga ? Saha nu pangpantesna 
jadi Maha Senapati , bari jeung ditarima ku sadaya ?"

Karna :"Urang boga sobat2 garagah, saperti Raja Brehad Rata Jago kawakan; eta 
ahli perang jeung strategi; dirina bisa ku urang diangkat jadi Maha Seanapati. 
Tapi tangtu wae, nu sejen saperti Raja Burisrawa can puguh satujueun; da kapan 
Burisrawa oge jago kawakan nu tos kasohor kamana mana; atuh mun Burisrawa 
diangkat, can tangtu Bhagadatta nu boga gajah Sakti bakal satuju; eta jago 
kolot teh kasohor pisan ahli perang; ahli strategi. Kitu deeui Jayadratha; rada 
teu ngeunaheun hatena ku sabab manehna ahli di na bab peperangan. Geus kasohor 
kamana mana. Can urang ngitung Paahlawan urang sorangan, saperti Aswatamma 
jeung Kripa lan Kritamarma; kitu deui Jayatsena Raja Magada. Jadi ngangkat Maha 
Senapati kudu di na gempungan."

Keur guntreng kitu jol teh Sakuni, nu terus waae milu ngobrol:"Enaya; Kaula 
satuju ka na pamadegan Karna. Sok atuh ayeuna Raja2 sekutu urang teh ulem 
kainyah; kitu deui Pahlawan2 Astina sorangan saperti Resi Droana, kripa jeung 
Aswatamma."

Nya akhirna Suyudhana satuju ka na usul Karna sareng Sakuni.

Sakedt netra uleman disbar; teu kantos lami brul we para uleman sarumping, 
diantawisna Raja Salya, Bhagadatta; Brehadrata; Burisrawa; Jayadratta; 
Kritamarma; Srutayudha;
Jayatsena; Susarma; Resi Drona; Kripa lan Aswatama.

Sadaya Raja pada ngaraaos bingah ningal Karna aya didinya; sareng enjingna di 
poe ka-11 bade ngiring perang; Raja2 pada ngarobol yen absenna Karna teh 
kalepatan Resi Bhisma;
tapi akhirna nu ngarobrol jarempe lantaran sidang tos dibuka ku Sakuni Ketua 
Panitia.

Di na sidang Perang ieu; dicarioskeun ku Sakuni yen utamana nya eta ngangkat 
Maha senapati.teras Raja2 majeng saurang2 pikeun biantara, ngedalkeun 
pikiranana.

Nu dipiwarang kapayun mimiti, nya eta Karna; lantaran cenah Karna mah kamari2 
teu ngiring perang, tah sidang Perang ayeuna mitembeyan pikeun Karna ngeusian 
Bharata Yudha.

Enggal wae Karna kapaayun. Ngong biantara:"Para Raja nudipihormat ku kuring, 
oge Para Pahlawan Astina nu hadir di ieu sidang peerang, Kaula kacida bungahna 
bakal babarengan perang jeung sampeyan sadaya; baheula Kaula perang teh 
sosorangan; euweeuh baturr pakumaha; ayeuna sakieu geegeekna; Kaula bungah 
pisan; mudah2an ku assupna Kaula milu perang ayeuna, bakal naambah sumanget ka 
sampeyan sadaya." Karna liren heula biantarana, lantaran hadirin kaleprok, 
panuju ka na ucapan Karna.

"Sobat urang sarerea, nya eta Pangeran Duryodhana, geus menta ka Kaula kudu 
nyawalakeun jeung sampean sdaya perkara nu bakaal dijadikeun Maha 
Senapati........."
Karna liren heula sakedap ningal reaksi para hadirin; nu katingal mimiti 
tegang/serius.

"Cek Kaula, nu ngadukung Kurawa mah loba nu garagah nu sarakti; ulah sieun teu 
boga Senapati; loba pisan nu bisa dipilih. Malah mah 
barieukeun...................."

"Hahahahaha.............." Hadirin loba nu nyakakak.

"Contona Raja Brehadratha; kasohor jago kawaakan, ahli strategi; cocog tah jadi 
Senapati. Tapi pon kitu deui Bhagadatta, Kasepuhan, pasti mampuna; pon kitu 
deui Burisrawa; Raja Salya, Krepa; oge Kula pribadi. Tapiii.............. urang 
teh kudu ngangkat lain ngan ukur nu bisa mingpin peperangan, tapi oge bisa 
mingpin nepi ka baathin bathinna. Tah di na perkara nu hiji ieu Kaula Karna, 
ngarasa kurang sanggup."

Geeer deui para hadirin sarurak, ti na ku satujuna ka na biantara Karna.

"Tah, ku margi sakitu para hadirin sadaya, Kaula masrahkeun ka sampean sadaya; 
kumaha cek pandangan sampeyan; saha nu pang pantesna jadi Maha Senapati mingpin 
Kurawa astina ?" Karna enggal calik deui ka na korsina; da pidatona tos tuntas; 
Raja2 sareng nu sanesna masih kaleprok, lantaran panuju pisan ka na nu 
dibiantarakeun ku Karna.

Raja kadua nu dipiwarang ka payun Bhagadatta; margi pangsepuhna.

HANCA 


Kirim email ke