emh, dongeng anu karitu geus euweuh kiwari mah
padahal eta carita sufi,.... aeh, supi....sunda pisan
nuhun mang h

2011/4/15 Ki Hasan <khs...@gmail.com>

>
>
> NINI-NINI MALARAT JEUNG DELEG KASAATAN
>
> Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten. Papakéanana geus
> butut sarta laip, disampingna ogé ngan ukur bisa nutupan orat.  Kitu deui
> dahar leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah
> datang ka pot pisan sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan ukur
> nginum cai wungkul.  Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung geus henteu
> laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang tanagana.  Jadi kahirupanana taya
> deui ngan tina ngaroroték baé dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari
> beubeunanganana dipaké nukeuran béas atawa cangkaruk ka tatanggana.
>
> <http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/poor-granny-2.jpg>Poor
> Granny
>
> Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna,
> kitu ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan anu
> daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak
> incu, éstuning nunggul pinang.
>
> Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka Gusti
> Allah, ulah bon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu
> apal, pangrasana ieu bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu
> midamel.
>
> Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih-manggih
> dadaharan, sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré. Ti dinya
> manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, “Aduh, cilaka
> teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.
>
> Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték deui ka tegal,
> bari sugan manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur
> tamba ulah langlayeuseun teuing.  Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal
> kaso urut nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui
> nyandingkeun walungan gedé.
>
> <http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/ikan-gabus.jpg>Lauk
> deleg
>
> Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-pirang,
> rék pindah ti walungan ka talaga.  Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta
> tegal deleg teh kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi
> deleg kabéh awakna taluhur kukumurna, ku tina seuseut datang ka henteu bisa
> maju leumpangna.  Kusabab kitu éta deleg kabéh pada nyandang susah tanwandé
> manggih bilahi paéh kasaatan.
>
> Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih
> untung meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu.  Tapi manéhna
> héran neuleu aya hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui
> leumpangna ogé pangheulana, kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun
> ngomong, pokna, “Samiun Allah kuring neda hujan!  Samiun Allah kuring neda
> hujan!”  Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur.
>
> <http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/burung-ikan1.jpg>
>
> Ari ku nini-nini  saomong-omongna éta deleg téh didengekweun wae, hayang
> nyaho kumaha kajadianana.  Barang geus kira-kira satengah jam lilana, datang
> hujan gedé naker mani cileungcangan. Ti dinya éta deleg barisaeun deui
> leumpang, tuluy kebat lumakuna. Ari nini-nini téh datang ka ngadégdég awakna
> tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang bawa.
>
> <http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/nini-nini-jalan-2.jpg>
>
> Kacaritakeun éta nini-nini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari
> ngomong di jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Allah
> téh, meureun dipaparin, ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan
> bédana aing  mah rék neda uwang.
>
> Ti dinya éta nini-nini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan
> ka luhur nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Samiun Allah kuring neda
> uwang! Samiun Allah kuring neda uwang!” Kitu baé omongna teu eureun jeung
> pikirna anték kacida panedana ka gusti Allah, datang ka geus teu aya pikiran
> deui ka nu séjén.
>
> Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nininini téh, banget ngéwaeunana,
> ku sabab gandéng jeung bosen, unggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna
> éta nini-nini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka
> nininini téh pokna, “Nini! Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh deui
> kasab, moal enya Allah téh sumping ka dieu, seba duit ka manéh. Jeung kitu
> baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka leuweung, meureun aya hasilna.
> Jeung deui, lamun manéh henteu beunang dicarék, geura undur baé imah manéh
> ulah ditangkodkeun ka imah aing.”
>
> Panyentakna éta nu boga imah ku nininini henteu digugu, tonggoy baé ngomong
> nyuhunkeun duit ka Allah anggur beuki tambah maksudna.
>
> Barang geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh beuki kacida
> garétékeunana, henteu beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los. Ti
> dinya éta jalma tuluy nyokot karung goni beunang ngeusian ku beling datang
> ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel ambeh beurat. Niatna rék dipaké
> ngabobodo ka nini-nini téa, sina dinyanaan duit paparin Allah ragrag ti
> luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang tonggongna ku éta karung ambeh kapok
> moal ngomong kitu-kitu deui.
>
> Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para,
> tuluy diponcorkeun tina sipandak ditindihkeun ka handap mener kana
> tonggongna. Nini-nini téh kalenger tina bawaning nyeri. Ana geus inget,
> nénjo aya karung ngadungkuk teh kacida atoheunnana, panyanana nya éta karung
> duit, paparin ti Allah.
>
> Anu boga imah téh suka seuri nénjo kalakuan nini dug-dug deg-deg, semu
> banget atohna. Geus kataksir piengkéeunana bakal meunang éra kabobodo,
> karana nu dikarungan téh tétéla pisan yén beling.
>
> Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun
> Allah! Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur Ajengan,
> aya kénéh nun?” Ti dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana Nu Agung,
> dumadakan éta beling kabéh jadi duit, aya uwang emas, aya uwang pérak, jeung
> deui kumaha gedéna baé, aya nu jadi ringgit, aya nu jadi ukon.
>
> <http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/coins.jpg>
>
> Ari isukna tatangga kabéh daratang ngadeugdeug, yén éta nini-nini meunang
> bagja boga duit pirang-pirang. Malah Kapala Distrik ge sumping ka dinya
> ngalayad, sarta tuluy dilaporkeun ka nagara, jeung ditétélakeun asal
> purwana. Ari timbalan ti nagara, éta nini-nini henteu kaidinan cicing di
> kampung, bisi aya nu nganiaya dipaling duitna, jeung diurus dipangmeulikeun
> imah, katut eusina.
>
> Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu kinten-kinten. Kitu deui
> dipikanyaah ku menak-menak tina saregep kumawulana jeung tambah alus budina,
> kalulutan ku jalma réa jeung loba  sobatna, tina suka tutulung ka
> jalma-jalma nu miskin, sumawonna ka nu keur kasusahan, margi ngaraskeun ka
> dirina basa keur malarat kénéh.
>
> Kacaritakeun éta jalma anu méré karung beling téa, kabitaeun naker neuleu
> éta nini-nini téa jadi beunghar lantaran dibobodo karung beling ku manéhna.
> Geus kitu boga niat hayang nurutan.
>
> Ti dinya tuluy nganjang, sejana rék badami, supaya dibales ku éta nini-nini
> téa sina nindih ku karung beling ka manéhna, pokna, “Nini saterangna éta
> duit téh asalna beling beunang kula ngarungan, dipaké ngabobodo ka sampéan,
> kusabab satadina kaula giruk ngadéngékeun anjeun ngomong baé nyuhunkeun duit
> ka Allah, tatapi ahir-ahir éta beling dumadakan wet jadi duit kabéh.  Ku
> prakara éta ayeuna kaula rék neda dibales ku sampéan, hayang ditinggang ku
> karung beling, karana tanwandé jadi duit ogé cara nu geus kalampahan, tatapi
> kaula mah hayang ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeh kaula leuwih
> beunghar manan nini.”
>
> Wangsul nini téh, “Hadé, heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”.
>
> Ti dinya éta jalma téh tuluy balik. Sadatang ka imahna heug baé tapakur
> nurutan sakumaha polahna nini-nini téa, sarta ngomong, pokna, “Samiun Allah
> kuring neda uwang! Samiun Allah kuring neda uwang!”  Kitu baé omongna, jeung
> pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal meunang duit ti Allah dua karung
> goni parinuh.
>
> <http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/karung-psir.jpg>Kakurung
> ku karung
>
> Barang geus nepi ka lima poéna, nini-nini téh tuluy ka imahna éta jalma nu
> keur tapakur téa, bari mawa dua karung beling beunang mékprékan, sarta tuluy
> dibawa naék ka para, ti dinya heug éta dua karunganana ditindihkeun kana
> tonggongna si jelema.
>
> Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan, malah-malah tulang tonggongna
> datang kapotong. Arina inget geuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug
> karung téh dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong
> nurutan cara omong nini-nini téa, pokna, “Nuhun Allah! Nuhun! Naha maparin
> duit réa-réa teuing, mana ari keur Ajengan? Aya deui?”
>
> Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé henteu
> daékeun jadi duit. Ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka ngalembah rék
> ceurik tina bawaning aral, ség baé bijil omongna suaban ngahina ka Gusti
> Allah, pokna, “Ih naha Allah téh wét pilih kasih, dipangnyieunkeun duit
> sawaréh! Ari kaula henteu! Jeung deui kumaha naha atawa Allah téh geus
> diganti deui tayohna, da nu baréto mah bisa nyieun duit ku beling, ari Allah
> nu jeneng ayeuna tayoh-tayoh henteu bisaeun?
>
> <http://tatangmanguny.files.wordpress.com/2010/10/kepala-pasir.jpg>
>
> Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng, tatamba
> kapirang-pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Allah bisa cageur ogé, tatapi
> tanpadaksa, jadi bongkok tonggongna, datang ka henteu kuat nyiar kahirupan
> rosa-rosa. Lawas-lawas manéhna jadi malarat cara nininini téa, kawas-kawas
> jadi tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa. ***
>
> *Nyutat ti Majalah Walanda,  TIJDSCHRIFT voor INDISCHE  TAAL, LAND EN
> VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872.  Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A.
> UILKENS, mangrupa  carita ra’yat urang Ciamis. [Dicutat tina blog ”Kumpulan
> Carita jeung Dongeng”]*
>
> *
> http://tatangmanguny.wordpress.com/dongeng-sunda/nini-nini-malarat-jeung-deleg-kasaatan/
> *
>
>  
>

Kirim email ke