biasana mah kitu. karuhun milih ngaran lembur biasana sok aya pakaitna jeung
ngaran sasatoan, tutuwuhan, tokoh, atawa kajadian-kajadian alam. nu jiga
kieu teh lumrah dimana-mana, lain wae di tatar sunda. aya kajian nu ngulik
perkara ngaran petempatan teh, asana mah disebutna teh toponimi. tukang
sajarah nu sok ngulik nu kieu teh.

mun di tatar sunda loba ngaran make awalan "ci" nu asalna tina "cai", tah di
kalimantan mah loba nu make awalan "sei" nu asalna tina "sungai". geura
toongan lembur urang kalimantan, aya "sei miai", "sei madang",jeung
sajabana. mun lembur urang semenajung malaya loba nu make awalan "aer", tina
kecap "air" mun di urang mah. aya tempat ngaranna "aer hitam", "air keruh",
jeung sajabana.

2011/5/22 <qodir_jael...@yahoo.com>

>
>
> Ari lembur Cikole tina pedah loba tangkal kole-an kitu?
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <khs...@gmail.com>
> *Sender: * kisunda@yahoogroups.com
> *Date: *Sun, 22 May 2011 15:18:46 +0800
> *To: *<kisunda@yahoogroups.com>
> *ReplyTo: * kisunda@yahoogroups.com
> *Subject: *Re: [kisunda] Tangkal Kole
>
>
>
> Mun noong kamus jadul mah, kole teh sabangsa tangkal cau liar cenah:
>
> *Kole, the wild plantation. Musa Trogloditarum.*
>
>
> 2011/5/22 setiadi_rs <setiadi...@yahoo.co.id>
>
>>
>>
>> Sampurasun,
>> Manawi aya anu uninga, siga kumaha ari tangkal Kole?
>> Tumaros teh pedah seueur mendakan nami tempat anu pakait sareng kole,
>> diantawisna kampung Cikole aya di mana-mana, di Bandung, di Sukabumi, di
>> Pandeglang. Di garut aya situ Kole (Kadungora). Tangtos di daerah sanesna
>> oge aya.
>> Mangga anu kagungan informasi ngeunaan eta tangkal, buah, daun, atanapi
>> naon bae diantos.
>> Hatur Nuhun.
>>
>> Baktos,
>> Setiadi
>>
>>

Kirim email ke