we want more!
we want more!
we want more!
he..he..he...
On 06/01/2011 01:07 PM, Abbas Amin wrote:
Suyudhana enggal ngabageakeun Karna; ieu dua Raja sobat dalit teh
silih rangkul; tos kitu kakara Karna matur:"Dulur Kula Prabu Anom
Duryodhana, Tadi Kaula ningal si Gatotkacha anak Bhimasena keur
ngamuk; naha diantep wae ku Resi Drona !?"
Suyudhana:"Tah nya eta pisan, nu matak smpeyan diangkir ka dieu teh.
Sabab Resi Drona geus angkat tangan, ngarasa teu sanggup cenah
ngalawan Gatotkacha !"
Karna:"Eeee ladalah ! Sampeyan teh Maha Senapati Kurawa/Astina. Teu
pantes sampeyan ngomong saperti kitu !"
Drona:" Ke heula anan Karna, Ulah sok wara nuduh atawa nyindiran
Kaula. Si Gtotkacha teh mun beurang mah, teu gagah teu sing; biasa we.
Tapi lamun perang peuting, kasaktianana naek 10X lipet; lain
bantrak2keun; Tah Kula nyaho, sampeyan Karna boga 4 Siluman Petingan
nu sok ngabantu lamun sampeyan perang waktu naluk2eun raja2 laleutik,
nepi ka Indraprasta jadi gede pisan; kapan sampeyan ari perang sok
unggul wae! Kitu lain !?"
Karna:"Ah sabenerna mah Kula teu perlu ngagunakeun 4 Siluman. Kula
sorangan ge masih sanggup nalukeun nagara2 eta teh; ieu mah ngarah
gancang we atuh."
Drona:"Euh kitu !? tah ku sabab kitu, sampeyan hiji2na Pahlawan nu
bisa nandingan Gatotkacha jeung Pasukanana. Kula Senapati Afung,
ayeuna marentah ka sampeyan kudu ngalawan Gatotkacha; mun bisa mah
paehan sakalian !"
Karna:" He he he masing sampeyan lain Senapati Agung ge, tetep Kaula
bakal maju; sabab Kaula memang hayang ngabela sobat Kula Prabu Anom
Suyudhana !"
Karna enggal wae sila Yoga, teras ngawatek ajian nu dipasihan ku
Bhatara Surya; enggalna wae aya haseup hideung ngelun harita keneh
payuneun Karna; teras eta haseup hideung teh ngabagi jadi 4\ saterasna
jleg wae 4 Siluman nu jangkung gede ting jungkiring; laju nyembah ka
Karna.
Enggal Karna marentah ka eta 4 Siluman:"Eh Lembusana' Kala Srenggi;
Kala Murka; lan Kala Wening; tuh tenjo aya Pasukan Siluman keur
ngabinasa Pasukan Astina; jung kaituhlayanan ! Kula bakal nuturkeun ti
kajauhan di na kareta !"
Saterasna ti katebihan keneh Kresna nyorowok ka Para Pasukan Kurawa;
supaya enggal mundur sapungkurun kareta Karna; atuh burudul sesa
Pasukan Kurawa murudul lumpat ka satukangeun Karna; ari Para Prajurit
Pringgandhani dipegatan ku 4 Siluman nu sarakti; atuh harita ting
parecleng ting jarerit Pasukan Pringgandhani, loba nu binasa sapada
harita. Pasukan Kurawa nu saralamet aya satukangeun kareta Karna,
ayeuna mah awas ningali Gatotkacha sareng Pasukanana; kabeh Pasukan
Kurawa/Astina ting birigidig ningal jirim nu sakitu garilana.
HANCA