Teraskeun Kang Rifki...

2012/4/19 Tubagus Rifki L <tbri...@gmail.com>

> **
>
>
> *Islam sakumaha nu kapaham kukula*
> Bismillahirohmanirrohiim. Sakuliah jagat, satungkebing langit tamplok
> kabeh sagala pupuja ka Alloh, inyana gusti panyembahan manusa. Kula nyaksi
> yen teu aya gusti nanging Alloh, kula nyaksi yen Muhammad eta rosulalloh.
> Mugia Alloh maparin solawat-salamNa ka Muhammad jeung kulawargana. Kula
> nyuhunkeun panghampura ka Alloh tina sagala kadzoliman diri, nyuhunkeun
> panghampura tina sagala kabodoan. Mugia Alloh maparin pituduh sangkan
> sagala anu rek dibudalkeun mangrupaning pamikiran di handap ieu, bisa
> mangpaat jang diri kula atawa sahabae nu macana. Alloh nu ngagaduhan
> kabeneran, kula ukur ngajihadan pangarti-pangaweruh saestuning satekerkebek
> tanaga nu aya. Nu kiwari ku manusa kadeuleu aya, bakal teu aya.. Nu
> kadeuleu aya, wiwitanana ti Alloh, engke balik ka teu ayana ka Alloh. Nu
> Aya ngan nu teu aya. Teu aya wiwitanna, tur teu aya panungtunganna.
> *Wiwitan.*
> Islam boga wiwitan. Islam di turunkeun ka Adam nu Tunggal. Islam
> diturunkeun ka sakabeh nabi jeung rosulalloh. Islam diturunkeun ka
> Muhammad, oge nu Tunggal. Sakabeh nabi, sakabeh rosul, sakumaha sakabeh
> jelema, ayana Tunggal. Kula di alam dunya ieu ngan hiji-hijina, kula ge
> Tunggal. Rifki nu Tunggal. kitu deui para dulur sadaya. Teu aya kopianana.
> Islam sorangan Tunggal. Teu aya islam A, islam B atawa islam C.
> Islam nu diturunkeun ka kanjeng rosul Muhammad (mugia Alloh maparin ka
> anjeuna solawat-salamNa,) sakumaha KitabNa Al-Qur’an netelakeun yen
> pituduh dongkapna ka jalma nu iman ka Alloh ta’ala, ka sakabeh
> kitab-kitab nu diturunkeun ka dunya, ka sakabeh malaikat Alloh, iman ka nu
> teu aya (ghoib,) iman ka papasten Alloh, iman ka para nabi-nabi,
> rosul-rosul nu di utus ku Alloh jeung iman ka ayana tungtung poe, waktu
> panangtuan Kaadilan Alloh jang sakabeh manusia ditetegkeun. Dina tungtung
> poe, manusa nu keur hees di alam barzakh dihirupkeun deui lan dihimpunkeun
> ku Alloh di hiji alun-alun nu teu boga pancaniti.
> Islam diturunkeun ka dunya lain ngeun ukur ngabejaan kumaha cara pupuja,
> sesembah ka Alloh, tapi oge jang ngahadekeun cara manusa lalampah jeung
> papadana, sakumaha nu dicontohkeun ku hiji manusa Tunggal nu diciptakeun ku
> Alloh pasagi gambir dina kasampurnaana sabage manusa, nyaeta junjungan
> rosul Muhammad (mugia Alloh maparin ka anjeuna solawat-salamNa.) Saenyana
> dina diri rosul eta geus aya toladan akhlaki jang anjeun, sakabeh manusa.
> Prakprakan lampah sapopoe manusa Islam
> Saenggeusna netegkeun hate kana kaimanan, lalampah nu kudu dilakonan
> nyaeta maca syahadat, nangtungkeun sholat, puasa, zakat, jeung ngala haji
> mun wasa. Dina lalampah sapopoe jalma Islam kudu ngajihadan ngunduh elmu
> kaislaman nu moal bakal beak tungtung. Jihad didieu teh hartina, 
> “*ngalakukeun
> usaha nu keyeng*.†Sumber elmuna nyaeta, Al-Qur’an jeung Hadis-hadis.
> Elmu meunang ngapaluruh angkay-angkayan salila waktu hirup ieu, kudu
> disurupkeun kana dua hal, hiji adab ka Alloh, dua adab ka sasama jeung ka
> alam tempat manusa cicing cing cangkeling. *Manusa Islam nu nyurupkeun
> elmuna kana lalampah sapopoe bakal mawa kadamean, katentreman, kaakuran,
> kaendahan, jeung ka-AMAN-an ka papada.**
> *
>
> *Ceuk kula.*
> Saprak jaman rosul, manusa Islam geus loba pacengkadanana. Sumber elmu nu
> sarua, Al-Qur’an jeung Hadis, teu nyaruakeun panafsiran umat Islam.
> Masing-masing manusa, masing-masing ulama, masing-masing fuqoha, bisa jadi
> beda-beda pendapatna.
> Al-Qur’an eta ngandung siloka. Aya nu jelas kaharti. Aya nu hese
> kaharti, kacuali manusa nu dibere elmuNa ku Alloh. Manusa, daek teu daek
> kudu nyucruk galur mapay siloka, jang ngarerepkeun sabda Alloh. Dina
> kanyataan lain, manusa boga akal nu ngawates, boga rasa nu ngawates, boga
> mata nu ngawates. Manusa moal pasagi gambir ngahartikeun, nafsirkeun
> Al-Qur’an. Moal aya jelema pang benerna nafsirkeun Al-Qur’an lian ti
> kangjeng rosul Muhammad (mugia Alloh maparin ka anjeuna solawat-salamNa.)
> Hiji conto, manusa nu panona beunta bisa ‘ningali’ panon poe. Eta kitu
> kanyataan panon poe sakumaha nu ditingalina. Naon bener eta, panon poe teh
> kitu sakumaha nu ditingali? Jawabna pasti heunteu. Loba keneh sikluk-sikluk
> panon poe nu teu katingali.
> Komo deui nafsirkeun Al-Qur’an anu mangrupa Kalam Alloh, nyaeta Alloh
> nyalira nu Tunggal. Pangarti manusa ngeun bisa disilokakeun jiga hiji
> partikel neutron atawa nu leuwih leutik deui dibanding kaluasan alam,
> satungkebing langit, sakuliah jagat. Lamun diterjamahkeun kana fraksi
> matematika, bisa jadi
> 0,0000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000001.
> *Ngahiang Euweuh!*
>
> Maha suci Anjeun ya Alloh, kula nyaksi teu aya gusti nu dipupusti iwal ti
> Anjeun. Jeung kula tobat kalayan nyuhun pangampura.
>
> Kabeneran ukur boga Alloh. Allohu ta'ala 'alam.
>
> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> TiRiLiK
>
>
>
>
>
>
>
> 
>



-- 
=> http://www.kompasiana.com/ahsa

Kirim email ke