Hehehe. Uing jadi inget kana dongeng uing baheula, nu karek balik sakola di
Amrik. Tah eta Kang Dosen teh didongengan ku dosenna nu ngadongengkeun
pangalaman fiktip ngeunaan atikan realistik kontekstual. Kacaturkeun hiji
kulawarga nu dumuk di dayeuh. Unggal poe mun barang dahar teu weleh
deungeun kejona teu jauh ti lauk hayam. Boh digoreng, diopor, dibakakak,
jeung sajabana. Hiji mangsa ngadon liburan ka lembur. Nalika anakna keur
ulin di buruan, telenden aya sato ngaliwat, "Sato naon eta teh, Beh?" pokna
nanya. "Hayam!" jawab bapana. "Suer..., hayam nu sok dimasak ku Amih? Nu
diical di KFC, sareng McD? Ning ieu mah aya buluan? Naha ari nu na piring
mah taya buluan?" tanya anakna deui, panasaran.

Persis jiga dongeng di luhur. Najan sapopoe dahar jeung tahu-tempe, keur nu
dumuk di dayeuh mah can tangtu apaleun jiga kumaha ari tangkal jeung buah
kacang kadele.


2013/9/8 mang kabayan <dkaba...@gmail.com>

> **
>
>  [Attachment(s) <#140fb39118611c99_TopText> from mang kabayan included
> below]
>
> Dear All,
> Mohon info terlampir ini tanaman apa ya?
>
> Direbus enak juga nih bareng teh manis :).
>
> nuhuuuuns,
> mang asep kabayan
> www.cipaku.org
>  
>

Kirim email ke