bubuka. karajaan sunda (saterusna urang sebut sunda wé) ngadeg sanggeus
karajaan tarumanagara bangkrut di taun 669 m. pas jaya-jayana, lemah
(hartina beda jeung kecap dina judul) kakawasaan sunda ti ujung kulon tug
nepi ka wahangan cipamali. mun ayeuna mah ngawengku tilu kapropinsian:
banten, jawa barat jeung jakarta.

tah, saperti umumna di tempat séjén, jelema nu nyicingan karajaan sunda
disebut bangsa atawa wangsa atawa urang sunda, sarua jeung aran karajaanna
(atawa nagarana). kumaha wé urang malayu, urang bugis, urang siam, urang
china jrrd. kétang loba ogé wangsa nu aranna béda jeung aran karajaan atawa
nagarana. nu paling jenius, teu aya deui iwal ti urang jawa. ngan peun ah,
ngeunaan jeniusna urang jawa mah moal dibéjérkeun di dieu. ayeuna mah urang
pokuskeun wé ka urang sunda. :D

kiwari anggap wé urang sunda téh masih sampurna. masih kénéh sarua jeung
mangsa karajaan sunda di punclut kajayanna, ratusrébuan taun ka tukang
(hahaha). jadi urang jakarta jeung urang banten masih kénéh bisa disebut
urang sunda. sabab kuring rék mapanas urang sunda ngaliwatan pangalaman
hirup di batawi jeung sabudeureunna :p

cek bps (badan pusat statistik), di indonesia, nu jadi dunungan urang sunda
kiwari, penduduk umur 15-44 taun nu geus melék aksara 98%, jadi ngan
tinggal 2% nu masih teu apal kana aksara. di jawa barat, jakarta jeung
banten leuwih pikagumbiraeun, nu melék geus leuwih ti 99%.

dumasar kana angka di luhur, cekéng mah, sakuduna bakal hésé manggihan
urang sunda kiwari, nu umur 15-44 taun, nu teu bisa maca tanda. ngan
kanyataanna geuning sabalikna. gampang pisan. kuring teu langka nyeuleu
mobil eureun persis di handapeun tanda s jeung p corét. atawa kumaha
sundelna leumpang di trotoar, meus-meus dikelaksonan ti tukang ku anu
numpak motor. atawa, geus teu anéh deui ningali runtah nu balatak persis
handapeun carangkana. atawa, masih réa panumpang krl (karéta rél listerik)
nu kaluar ti handapeun plang "asup". atawa, ah enggeus ah, mun kudu
ditataan hiji-hiji mah palias kuring teu bisa balik géh :(

padahal, urang sunda bihari mah jigana resep niténan tanda. buktina kecap
nu saharti jeung tanda teu kurang ti lima siki: ciri, simbul, tangara,
tenger, calecer, patok, jlld. jadi kunaon atuh, urang sunda téh?
ceuleupeung? poho ka kolot?

uaduq!

Kirim email ke