masih aya waktu, ki. ngarubuhkeun bendungan masih bisa tanpa nyieun palid
jelema-jelema nu aya dihilireun jati gede.

komo ukur nyalonkeun jadi presiden mah. can kabeh partai nangtukeun
calonna. pdip, demokrat, nasdem, pbb, pkpi, pkb, ppp masih bisa diolo ku
urang sunda.

xixixixi


2013/9/20 Ki Hasan <khs...@gmail.com>

> **
>
>
> Asa persis pisan ieu teh isuna jeung wacana nolak waduk Jatigede. Waduk
> geus kari ngeueum karek pahibut. Ieu deui, pamilu taun hareup karek pahibut
> calon presiden urang Sunda. Aduh ieung..., milih RT ge teu kitu-kitu
> teuing.
>
>
>
> 2013/9/20 mang kabayan <dkaba...@gmail.com>
>
>> **
>>
>>
>> ** Yuuuuuu mari kita hayuuuuuuu :). Ciiik calona inventarisir heula anu
>> Nyunda: Cageur, Bageur, Bener, Singer n' Pinter saha wae?
>> nuhuuuuns,
>> mang asep kabayan
>> www.cipaku.org
>> ------------------------------
>> *From: * jaja <jtriha...@yahoo.com>
>> *Sender: * urangsu...@yahoogroups.com
>> *Date: *Fri, 20 Sep 2013 09:20:20 +0800 (SGT)
>> *To: *<urangsu...@yahoogroups.com>
>> *ReplyTo: * urangsu...@yahoogroups.com
>> *Subject: *[Urang Sunda] Calon Presiden atawa Wakil Presiden ti tatar
>> Sunda ???
>>
>>
>>
>> Wilujeng enjing para saderek.
>>
>> Simkuring 5 tahun ka pengker 2008/2009, kantos gembar gembor hoyong
>> nagangkat, jeung ngahudangkeun urang sunda kango ngemutan jeung ngarojong
>> ... tokoh2 nu pantes janteng pamimpin di nagara urang ieu.
>>
>> Tah ayeuna tos bade mayunan Pemilu 2014... tapi dugi ka ayeuna can
>> kadangeu aya calon nu mumpuni calon presiden atawa calon wakil presiden ti
>> tatar sunda. Padahal penduduk Jawa Barat peovinai pang loba jiwana aya
>> sakitar 45 juta. Jawa Timur 35 juta, jawa tengah 31 juta an. Komo mun
>> digabung jeung Banten nu aya di tatar sunda jumlahnya jadi 56 juta an (aya
>> sakitar 20 % ti penduduk Indoensia).
>>
>> Tong jauh2, nu jadi anggota DPR RI nu asli uarng sunda na mah bisa
>> diitung jari, kurang ti 40%.
>>
>> Padahal Jawa Barat + Banten magrupakeun provinsi paling strategi paling
>> deukeut ka ibu kota, pusat pamarentahan.
>>
>> Sabaliknya, nu ngajabat di departemen2 loloba namah uang seberang,
>> Sumatera, Sulawesi, komo deui ti Jawa palebah wetan mah loba pisan.
>>
>> Cing, akan2, nyai2, bapa2. ibu2 ... kumahah tah kondisi ieu rek nepi ka
>> iraha. yen tatar sunda teh iraha bisa najeur ngilu ngolah nagara ngarah
>> rahayat leuwih makmur?
>>
>> Pami aya nu ngabobotohan mah, kumaha urang ngayakeun konvensi urang
>> sunda, kango milari calin pamimpin bangsa ti tatar sunda.
>>
>> Salam ti wargi ni aya di Bogor.
>>
>> J triharja
>>
>
>
>  
>

Kirim email ke