Ari Mamang mah teu kudu nganjang ka Kanekes da tileuleutik tinggal jeung berinteraksi jeung "Urang Kanekes" Baduyna Sumedang nyaeta Kabuyutan Cipaku hehehe. Ngan SMP pindah ka Bandung hehehe. Ari ka Ciptagelar mah geus sering pisan sare dahar diditu panggih jeung Abah Anom ge biasa weh hehehe asa kalembur weh teu jauh beda hehehe.
Jadi inget baheula keur SMA, Aki nyarita baheula pas ulin ka Bandung Nabi Adam teh ceunah Urang Sunda atuuuh puguh Mamang harita nyeungseurikeun hahaaaaay aki-aki tujuh pulud sagawayah nyebutkeun Nabi Adam Urang Sunda hehehe dina jero hate teh tapi henteu ari ngomong mah xixixi... ceuk Aki teh tong loba tatanya heula regepkeun weh engke ge jaga kapanggih geura ceunah kitu xixixi. Harita pun aki mere sababaraha carita/ mantra titah apalkeun sing ngolotok ceunah hehehe. Kasebutna teh ceunah Elmu Punika Ati Kasumedangan hehehe. Aslina eta poho euy tepika kamari basa Maca Amanah Buyut kiriman ti Mang Hasan terus jeung MJ oge kakara inget deui xixixi. Kieu eusina "Basa Sia Kunclang kenclong nu ngagilir putih nu digilir putih teu akalna teu akeulna allah sakarung konci kuning kayu rubuh degdeg tanjeur jaya perang braja denung nu ngadeg menak di sumedang larang kaula sang prabu tajimalela nu nyangking nusa telung puluh telu bangawan sawidak lima, nya aing lalaki langit lalanang jagat wong saketi pada tijarumpalik wong sajagat pada balubar nya aing nu ngadeg dikolong langit ieu ratu galuh agung tunggal henteu aya sisihna." Ternyata sarua jeung Amanah Buyut Baduy euy hehehe berarti tah di Cluster Sumedang aya 33 Nusa jeung 65 Walungan anu ngapitna hehehe. Tah mulai kapanggih ayeuna euy 33 Nusa ieu ayana di sabudeureun Darmaraja Cipaku Sumedang anu rek dikeueum ku Pamarentah hehehe. Geheeeeel Mamang jadi mikir ieu konspirasi Gombalisasi keur ngeueum tapak lacak karuhun urang euy. Lamun nempo waktu kelahiran Adam jeung fenomena alam Tatar Sunda teh matching pisan jadi bisa jadi caritaan Aki Mamang bener hehehe. Bangkawarah tah Pamarentah teh teu ngahargaan pisan kana sajarah cagar budaya jeung arkeologi hehehe da nyakitu pan ceuk Jendral Mac Caulay wae lamun bangsa urang mun geus teu percaya diri bakal gampang mangaruhan jeung gampang ngajajahna hehehe. Tungtung-2na Jadi MERI / Ngabebek kabehna hehehe. nuhuuuuns, mang asep kabayan www.cipaku.org -----Original Message----- From: "mj" <ja...@itenas.ac.id> Sender: urangsu...@yahoogroups.com Date: Wed, 25 Sep 2013 09:02:00 To: <urangsu...@yahoogroups.com> Reply-To: urangsu...@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Nganjang ka Kanekes Harita bulan mei 2008, asup semester dua sakola es tilu di prodi ilmu seni rupa & desain itb. Keur mulai bingung rek nulis naon pikeun disertasi sanajan ari garis badagna mah geus boga, rek nulis estetika sunda tea. Pembimbing nitah mimitian survey lokasi. Nya rada ngaprak ka sababaraha kampong adat. Kari ka Baduy nu acan mah. Keur kitu si ibu tata usaha nu bageur ngabejaan, yen aya nu rek ka Baduy oge. Kabeneran harita aya msiswa s2 guru SMK seni rupa buah batu, kang Wahyu, nu tesisna rek maluruh tekstil urang kanekes. Kang Wahyu ieu aslina urang Rangkabitung deuih. Ari Rangkas ibukota kabupaten Lebak, tah Kanekes ngaran desa nu katelahna Baduy asup wilayah kabupaten Lebak. Harita Bupati Lebak, ngaran tukangna Jayabaya, dahuan kang Wahyu. Lanceukna kang Wahyu, urut pajabat di kacamatan Parongpong-lulusan STPDN, kadis perindustrian. Poe minggu harita. Jadi milu jeung kang Wahyu ka Banten kana mobilna. Poho deui mobil naon, asana avanza. Liwat toll merak. Di toll kaluar exit Balaraja, mengkol ka kenca. Nyemprung ka rangkas. Reureuh heula sapeuting di imah sepuhna kang Wahyu di Rangkas. Isukna miang ka Baduy dianteur kang Ade, kadis perindustrian Lebak, make mobil Mitsubishi triton double cabin. Kang Ade loba kawawuhan urang baduy da manehna sababaraha kali, salaku kadis perindustrian lebak, mere bantuan mangrup alat tenun pikeun urang baduy khususna kampong gajeboh. Alat tenun bukan mesin, atbm jieunan kampung sejen. Mobil parkir di ciboleger, terminal mobil umum jenis elf. Turis nu rek ka baduy parkir di dinya. Ti dinya leumpang jalan 4 meteran nanjak ka ibukota kanekes, kampung kaduketug. Uing nyebut ibukota kanekes sabab kantor kepala desa di dinya. Imah kantor desa sarua we jeung imah warga, ngan leuwih gede. Kades di dinya disebut jaro. Jaro Dainah ngarana. Urang Cikadu. Jaro Dainah model pendekar jaman baheula, kumis badag, awak dedeg kekar. Uing dititah ngasongkeun surat survey ku kang Wahyu. Jaro unggek. Ngan ukur nembongkeun cenah, da Jaro teu bisa maca. Yeh..kang Wahyu ngaheureuyan uing. Harita di kantor desa keur aya urang Baduy Jero, kang Mursid, wawakil baduy jero di kantor desa. urang Cibeo. Gampang bisa dibedakeun manehna urang baduy jero, sabab bajuna bodas. Baduy luar mah hideung. Dedeg pangadeg oge raray kang Mursid kaciri beda, panona seukeut, oge teu loba omong. Kasep bodas. Mun rek aya upacara adat kawalu, cenah kang Mursid ieu minangka kamtib sabaduy. Manehna bisa apal di hiji imah baduy luar aya barang nu teu meunang aya di baduy. Urang baduy nu geus boga hp alatan sok nyaba ka luar jualan madu jrrd, sok nyimpen hp di kebon dibungkus plastik, biasana dina tangkal cenah. Da teu meunang tea. Ongkoh percumah oge mawa hp ka jero lembur da teu aya sinyal. Hehehe. Hp uing ge sarua euweuh sinyal. Harita mere oleh-oleh ka Jaro Dainah mangrupa lauk asin kopi jeung gula. Disesakeun sakeresek pikeun kampong sejen. Ti kaduketug terus leumpang ka Kampung Gajeboh, liwat kampong balingbing. Di gajeboh kang Ade ngobrol jeung urang dinya nu kungsi disumbang alat tenun tea. Harita manehna keur nyelep pibajueun baduy nu hideung tea. Di suguhan dahar. Aya warung oge di gajeboh, tapi di jero ruang keluarga teu di sisi imah. Jualan snack kopi jsb. Nya nempoan leuit, saung lisung, jsb. Wawancara ku cara ngobrol, teu Tanya-jawab formal. Ari kang Wahyu mah nya ngobrol soal tekstil/tenunan baduy, motifna, jsb. Aya gambar nu rubak, ngarana tapak kebo. Heheh. Oge motoan alat tenun tea. Geus rada sore, tiluan balik ka ciboleger. Terus ngadius ka ciranji. Ieu jalur kulon, teu liwat ka ibukota kanekes. Asup ti nangerang, make jalur ka gunung kencana. Nepi ka ciranji, ka imah mang pulung. Mang puluh ieu anak ayah artje, beh ditu ayah artje kasohor oge da sok jadi narasumber panaliti. Mang pulung sok nyaba ka jkt bdg, jeung kota sejen, jualan madu, baju baduy, bedog batu Beulah, jsb. Uing, kang wahyu mah ngendong sapeuting, sedeng kang Ade mah balik ka Rangkas. Isukna alak-ilik sabudeureun ciranji. Tiap kampong sarua mode imahna kitu. Suhunan ku kiray, dinding awi anyaman, imah panggung, rada jauh ti paimahan aya leuit ngajajar. Aya walungan paranti miceun jeung mandi. Isuk-isuk harita adat uing pan setor. Nya ka walungan. Ari pek di tempat mandi geus aya dua mojang baduy keur mandi. Bodas mulus. Jst. Moal dicaritakeun ah da era jeung asa dosa. Hehehe. Sihoreng Hawe Setiawan, balad susundaan di bandung geus lila boga kawawuhan urang baduy, mang salim. Sok ka imah kang hawe cenah jualan madu. Ngan uing teu kungsi panggih. Mang salim geus maot, tah usaha jualan maduna diteruskeun ku anakna, Yaman. Keur awal mah dibantuan mamangna, Acin. Tah basa ngaduakalikeun ka kanekes mah, ngajak kang hawe Setiawan, atep kurnia, jeung diphie kuron, turunan manado nu kungsi jadi manager si ikal andrea hirata. Supirna si andi Chinook. Nyewa mobil kijang. Nganjang nu ieu mah nepi ka baduy jero, cikertawana. Ka cikadu lembur acin jeung yaman. Ngendong mah di imah mang pulung diranji. Geus heula rek ka kelas