Ari lengkepna eta teka-teki the kumaha mang? Sugan ari nyaho bentuk teka-teki utuh mah, urang bisa maluruh "the missing pieces".
^_^ On Sep 26, 2013 9:57 AM, "mang kabayan" <dkaba...@gmail.com> wrote: > ** > > > Salah sahiji teka teki nu aya di Kabuyutan Cipaku anu can kaharti ku > Mamang kieu, "Teangan Tapak Meri Dina Leuwi"? Ciiik susuganan kasepuhan > jeung baraya didieu apal naon hartina? > > Ari Teangan Tapak Soang di Awang-awang mah geus Kaharti hehehe artina > nyakitu eta Rasi Bintang jeung Kalender Kala Sunda nu pang kolotna sadunya > tea :). > > Tah Palebah Tapak Meri Dina Leuwi can kapikir euy :(. > > Aya deui Endog Kongkorongok hehehe pan biasa nah Hayam lin nu kongkorongok > mah ieu mah endog kongkorongok, ieu paham artina kaitanna ieu jeung Islam > yeuh. Nu Pang Ngorana tapi Pang Sampurna na, kunaon disebut Sampurna > kulantaran nyakitu malikeun deui KATAUHIDAN, Monotheismeu, "La Ilaha > Illalloh" tea euweuh deui Gusti Pangeran Iwal ti Alloh SWT. Kristen rada > menyimpang walopun Tuhanna sarua tapi Ngultuskeun Nabi ISA. Tah Islam mah > henteu Nabi Muhammad SAW henteu dikultuskeun, hade pisan tah Alloh SWT > ngamanusiakeun Nabi Muhammad SAW contona nyakitu manehna resep ka ABG > hehehe. Eta manusiawi pisan justru palebah dieu Alloh SWT Maha Kawasana > euweuh Umat Islam anu mahiwal siga Kristen nyebut Nabi Muhammad SAW anakna > Alloh SWT :). > > Tah beuki kadieu beuki loba Endog Anu Kongkorongok nyakitu generasi leuwih > ngora bisa nyiptakeun Sagala Rupa ku Kapanggihna Elmu Pangatahuan jrrd. > > Aya deui Teangan Dawegan Kolot Kalapana tah ieu ampir mirip jeung Endog > Kongkorongok artina Generasi Ngora Anu Kolot Eusina / Kolot Pangaweruhna/ > Luhur Elmuna pan ayeuna anu maju teh kitu. Tempo weh Fesbuk jijieunan > Dawegan Kalapa Kolot eta... Budak Ngora nyieun Geger Dunia pan? > > Nabi Muhammad SAW weh bisa kaasup Dawegan Kalapa Kolot hehehe umur 40 taun > ngeus ngabamblam nyaritakeun Ayat-ayat Alloh SWT pan? > > Kabelah dieu sigana bakal beuki loba Dawegan Kalapa Kolot, budak ngora anu > luhur elmuna tur kreatif bisa mendobrak dunya hehehe. > > Wallohualam bishawab :). > > nuhuuuuns, > mang asep kabayan > www.cipaku.org > >